NAON HARTINA?

Kolot méré tuladan lamun ngajalankeun naon nu diajarkeun ka budakna. Misalna, Sadérék teu bisa ngarepkeun budak jadi jalma jujur lamun Sadérék sok ngomong, ”Béjakeun keur euweuh” waktu aya tamu datang ka imah.

”Urang teu bisa ngarepkeun budak ngalampahkeun hiji hal lamun urang sorangan teu ngalampahkeun éta. Budak téh siga busa nu nyerep kabéh omongan jeung lalampahan kolot. Manéhna sok protés lamun urang teu ngajalankeun naon nu diajarkeun ka manéhna.”​—David.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Aranjeun ngawurukan ’Ulah maling’—ari aranjeun sok maling, tara?”​—Rum 2:21.

KU NAON PENTING?

Nu paling loba mangaruhan budak leutik jeung rumaja téh kolotna, lain jalma séjén atawa babaturanana. Ieu hartina, Sadérék nu paling bisa ngabingbing budak ku cara nu bener, asal Sadérék ngalampahkeun naon nu diajarkeun ka budak.

”Bisa jadi urang geus capé ngabéjaan budak jeung katingalina teu dibandungan ku manéhna. Tapi mun sakali wé urang teu ngalakukeun naon nu diajarkeun, manéhna pasti protés. Budak téh siga nu teu merhatikeun, padahal merhatikeun pisan sagala lalampahan urang.”​—Nicole.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Budi pangarti anu asal ti sawarga . . . tara munapek.”​—Yakobus 3:17, Sunda Formal.

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

Pariksa cara hirup Sadérék. Sadérék resep lalajo naon? Naha Sadérék bageur ka batur hirup jeung budak? Siga kumaha babaturan Sadérék? Naha Sadérék osok mikirkeun batur? Intina, lamun Sadérék hayang budak jadi bageur, naha Sadérék geus jadi jalma bageur?

”Abdi jeung salaki moal nungtut budak ngalampahkeun naon nu teu dilampahkeun ku urang duaan.”​—Christine.

Ménta hampura waktu nyieun kasalahan. Budak gé apal yén Sadérék téh teu sampurna. Jadi, ku cara ngomong ”Hampura nya” waktu nyieun kasalahan, boh ka batur hirup boh ka budak, Sadérék ngajarkeun kajujuran jeung karendahan haté.

”Lamun urang nyieun kasalahan, budak kudu nyaho yén urang ngaku salah jeung ménta hampura. Lamun henteu, engké manéhna diajar pikeun nyumputkeun kasalahan.”​—Robin.

”Pangaruh kolot téh gedé pisan. Cara panghadéna pikeun ngajar budak téh ku tuladan lantaran éta katingali unggal waktu. Ieu ibarat buku palajaran nu terus muka, nu iraha waé gé bisa ditingali ku budak.”​—Wendell.