NAON HARTINA?

Komunikasi nu hadé téh lamun Sadérék jeung budak Sadérék bisa ngungkabkeun pikiran jeung eusi haté masing-masing.

KU NAON PENTING?

Komunikasi jeung rumaja bisa jadi hésé. Basa keur leutik kénéh, sagala hal dicaritakeun ku manéhna. Tapi sanggeus rumaja, manéhna teu loba ngomong. Sadérék jadi teu nyaho naon nu dipikirkeun jeung dirasakeun ku manéhna. Ieu téh saperti budak Sadérék aya di peuntaseun walungan nu gedé. Dina kaayaan ieu, budak téh justru kudu diajak ngobrol!

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

Siap iraha waé. Sanajan tengah peuting, Sadérék kudu siap diajak ngobrol ku budak.

”Hayangna mah ngomong kieu, ’Naha kakara ayeuna rék ngobrol téh, lain ti tadi atuh!’ Tapi, maenya urang rék ngomong siga kitu padahal budak téh rék nyarita ka urang? Pan kolot téh hayang budakna cacarita.”​—Lisa.

”Hayangna mah abdi gancang saré. Tapi geus sababaraha kali, abdi bisa ngeunah ngobrol jeung budak téh sanggeus tengah peuting.”​—Herbert.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.”​—1 Korinta 10:24.

Ulah disimpangkeun. Saurang bapa ngaku, ”Sakapeung waktu barudak keur nyarita, abdi ngadéngékeun bari jeung mikirkeun hal-hal séjén. Maranéhna teu bisa dibobodo, pasti nyahoeun!”

Lamun éta pernah kaalaman ku Sadérék, pareuman TV jeung tunda handphone Sadérék. Perhatikeun bener-bener waktu budak Sadérék keur nyaritakeun kahariwanganana, sanajan éta katingalina teu sapira.

”Urang kudu ngayakinkeun budak yén parasaan manéhna téh penting keur urang. Lamun manéhna teu ngarasa kitu, manéhna moal daék nyarita deui, malah bakal ménta tulung ka batur.”​—Maranda.

”Tong émosi lamun budak urang boga cara pikir nu salah.”​—Anthony.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Darengekeun enya-enya.”​—Lukas 8:18.

Ngobrolna ulah sérius teuing. Sakapeung, budak hésé ngungkabkeun eusi haténa waktu ngobrol pahareup-hareup jeung kolotna.

”Abdi jeung budak osok ngobrol di mobil. Ceuk abdi mah, leuwih ngeunah ngobrol pagigir-gigir ti batan ngobrol pahareup-hareup.”​—Nicole.

Pas keur dahar bareng gé urang bisa ngobrol jeung budak.

”Waktu keur dahar bareng, unggal anggota kulawarga nyaritakeun pangalaman hadé jeung goréng dina poé éta. Kabiasaan ieu ngahijikeun kulawarga. Urang gé jadi yakin bakal aya nu nulungan waktu nyanghareupan masalah.”​—Robin.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita.”​—Yakobus 1:19.