TINGALI

Loba Teuing Ngomong: Ulah ngarasa Sadérék kudu nerangkeun sagalana. Yésus maké pananya pikeun ngabantu jalma-jalma ngagunakeun panalarna sangkan bisa nyieun kasimpulan nu bener. (Mat 17:24-27) Ku ayana pananya, palajaran Alkitab jadi leuwih nyenangkeun tur Sadérék bisa paham kana pamikiran jeung kapercayaan nu diajar Alkitab. (be-IN 253 ¶2-3) Sanggeusna nanya, Sadérék perlu sabar nungguan jawabanana. Lamun jawabanana salah, ti batan langsung méré nyaho jawaban nu bener, béré pananya séjén sangkan manéhna bisa nyieun kasimpulan nu bener. (be-IN 238 ¶2-3) Ulah gancang teuing ngomongna sangkan hal-hal anyar nu diajarkeun bisa kaharti ku manéhna.—be-IN 230 ¶4.

Nerangkeunana Pabaliut: Ulah ngabudalkeun sagala nu dipikanyaho ku Sadérék. (Yoh 16:12) Jelaskeun wé poko-poko utama dina paragrapna. (be-IN 226 ¶4–227 ¶1) Poko-poko utamana bakal teu jelas lamun loba teuing rincian nu diterangkeun. (be-IN 235 ¶3) Lamun nu diajar Alkitab geus paham poko utamana, teruskeun ka paragrap saterusna.

Ngan Saukur Méré Nyaho: Tujuan urang lain ngan saukur méré nyaho, tapi sangkan bahanna nepi kana haté. (Luk 24:32) Gunakeun kawasa Firman Allah ku cara maca jeung ngajelaskeun ayat koncina. (2Kor 10:4; Ibr 4:12; be-IN 144 ¶1-3) Paké ibarat nu saderhana. (be-IN 245 ¶2-4) Pikirkeun ogé kapercayaan jeung tangtangan palajar Alkitab, terus luyu-keun bahanna jeung kabutuhan manéhna. Tanya-keun ka manéhna: ”Kumaha parasaan Sadérék terang hal ieu?” ”Tina palajaran ieu, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa?” ”Naon mangpaatna lamun ngalarapkeun naséhat ieu?”—be-IN 238 ¶4-6; 259 ¶1.