Bayangkeun Sadérék hirup di Galiléa dina jaman Yésus. Sadérék indit ka Yérusalém pikeun miluan Pésta Saung Daun. Kota téh mani heurin ku jelema-jelema nu rék ibadah ka Yéhuwa. Maranéhna daratang ti tempat-tempat nu jauh. Sadérék hayang méré kurban ka Yéhuwa. Bari mawa embé, Sadérék pasedek-sedek jeung jalma-jalma ti jalan nepi ka bait. Sanggeus nepi di bait, loba jalma keur ngantri rék ngalurban ogé. Ahirna, ayeuna giliran Sadérék méré embé ka para imam. Tapi ujug-ujug, Sadérék inget yén aya dulur saiman nu nyeri haté ka Sadérék. Bisa waé, manéhna aya di deukeut bait atawa di kota. Yésus ngajelaskeun naon nu kudu dilakukeun ku Sadérék. (Baca Mateus 5:24.) Kumaha Sadérék jeung manéhna bisa ngupayakeun karukunan saperti naséhat Yésus? Dina unggal daptar, tandaan jawaban nu bener.

SADÉRÉK SAKUDUNA . . .

  • kakara nyampeurkeun manéhna lamun Sadérék ngarasa geus nganyerikeun haté manéhna

  • méré nyaho yén manéhna téh gampang kasinggung atawa ngan néang-néang kasalahan Sadérék

  • sabar ngadéngékeun manéhna ngungkabkeun eusi haténa, jeung sanajan teu pati paham, Sadérék ménta hampura lantaran geus nganyerikeun haténa atawa lantaran teu ngahaja ngalakukeun kasalahan éta

DULUR SAIMAN ÉTA SAKUDUNA . . .

  • néang dukungan ti dulur saiman di sidang ku cara nyaritakeun yén Sadérék boga salah

  • ngontrog Sadérék, nyebutkeun hiji-hiji kasalahan Sadérék, jeung ménta Sadérék ngaku salah

  • ningali karendahan haté jeung kawani Sadérék pikeun nyampeurkeun manéhna, sarta iklas ngahampura

Ayeuna, urang teu perlu ngurbankeun sato deui. Tapi, naon nu diajarkeun ku Yésus ngeunaan patalina antara karukunan jeung ibadah nu ditarima ku Allah?