Yonatan téh putra cikalna Raja Saul. Manéhna prajurit nu wani. Daud ngomong yén Yonatan leuwih gancang ti heulang tur leuwih kuat ti singa. Hiji poé, Yonatan ningali prajurit-prajurit Pélisti aya di luhur gunung. Manéhna ngomong ka palayan nu mawakeun pakarang perangna, ’Urang serang mun geus aya tanda ti Yéhuwa. Mun Pélisti nitah urang nyampeurkeun, kakara urang serang.’ Seug urang Pélisti ngagorowok, ’Dieu manéh, urang tarung!’ Yonatan jeung palayanna nyampeurkeun, terus ngéléhkeun 20 prajurit Pélisti.

Sabenerna, Yonatan bisa jadi raja gaganti Saul sabab manéhna téh putra cikal Saul. Tapi, manéhna nyaho yén nu dipilih ku Yéhuwa téh Daud. Yonatan teu sirik, malah manéhna  nyobat jeung Daud. Maranéhna jangji bakal silih jaga jeung silih satia. Sabagé tanda sosobatan, Yonatan méré jubah, pedang, gondéwa, jeung beubeurna ka Daud.

Waktu Daud keur nyumput ti Saul, Yonatan nyampeurkeun Daud jeung ngomong, ’Ulah sieun, sing wani. Yéhuwa geus milih manéh jadi raja. Bapa urang ogé nyaho kana hal éta.’ Naha hidep hayang boga sobat siga Yonatan?

Sababaraha kali Yonatan naruhkeun nyawana demi nulungan sobatna ieu. Manéhna nyaho yén Raja Saul hayang maéhan Daud. Jadi, Yonatan ngomong ka bapana, ’Bapa bakal dosa mun maéhan Daud. Daud teu salah.’ Saul jadi ngamuk ka Yonatan.

Sababaraha taun sanggeusna, Saul jeung Yonatan maot dina perang. Terus, Daud néangan anakna Yonatan, nyaéta Mépibosét. Sanggeus kapanggih, Daud ngomong, ’Bapa manéh téh sobat urang. Ayeuna, urang bakal ngarawat manéh. Manéh bisa cicing di karaton sarta ngariung dahar jeung urang.’ Daud teu mopohokeun sobatna, Yonatan.

”Maraneh sing silih pikanyaah, saperti Kami nyaah ka maraneh. Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.”​—Yohanes 15:12, 13