Waktu di Yériho, mata-mata Israil mondok di imah awéwé nu ngaranna Rahab. Raja Yériho nyahoeun, terus ngirim prajurit-prajuritna ka imah Rahab. Jadi, Rahab nyumputkeun mata-mata di para imahna, terus nyasabkeun prajurit ka jalan nu séjén. Ceuk Rahab ka mata-mata, ’Abdi bakal nulungan aranjeun, sabab Yéhuwa téh nyarengan aranjeun. Aranjeun bakal nalukkeun ieu tanah. Abdi hoyong aranjeun jangji nyalametkeun kulawarga abdi.’

Ceuk mata-mata, ’Urang jangji saeusi imah Nyai moal cilaka. Beungkeutkeun tali beureum dina jandéla supaya kulawarga Nyai salamet.’

Terus, Rahab nurunkeun mata-mata tina jandéla, diulur ku tali tambang. Maranéhna nyumput tilu poé di gunung, terus balik ka Yosua. Sanggeus kitu, bangsa Israil meuntasan Walungan Yordan jeung siap-siap ngarebut tanah éta. Yériho  téh kota nu mimiti ditalukkeun. Yéhuwa nitah maranéhna ngurilingan Yériho salila genep poé, sapoé sakuriling. Dina poé ka tujuh, éta kota dikurilingan tujuh kali. Terus, imam-imam nariup tarompét, ari prajurit-prajurit surak satarik-tarikna. Brug témbok-témbok kota rarubuh! Tapi, imah Rahab nu aya dina témbok kota mah tetep weweg. Rahab jeung kulawargana salamet sabab Rahab percaya ka Yéhuwa.

”Kitu deui Rahab . . . dibenerkeun ku Allah da aya lampahna, nyumputkeun mata-mata urang Israil jeung ngihtiaran nepi ka eta mata-mata salamet baralik make jalan sejen.”​—Yakobus 2:25