Musa jangji ka Piraon moal datang deui. Tapi saacan indit, manéhna ngomong, ’Tengah peuting, unggal anak cikal di Mesir bakal paraéh, ti anak raja nepi ka anak palayan.’

Yéhuwa nitah urang Israil nyieun kadaharan istiméwa. Ceuk Yéhuwa, ’Peuncit domba atawa embé jalu nu umurna sataun. Ulaskeun getihna kana panto. Panggang dagingna, terus dahar jeung roti nu teu diragian. Daharna kudu rurusuhan, geus dibaju jeung disendal. Peuting ieu Urang bakal ngabébaskeun manéh.’ Hidep bisa bayangkeun kumaha parasaan urang Israil?

Peutingna, malaikat Yéhuwa ngider ka imah-imah di Mesir. Nu pantona teu ditandaan ku getih, anak cikalna dipaéhan. Tapi, nu aya tandana mah diliwat. Kabéh anak cikal urang Mesir paéh, boh nu beunghar boh nu miskin. Tapi, anak urang Israil mah saurang gé teu aya nu paéh.

Anak lalaki Piraon gé paéh. Piraon teu tahan deui. Manéhna langsung ngomong ka Musa jeung Harun, ’Jung arindit ditu! Jig ibadah ka Allah manéh! Bawa kabéh sato manéh!’

Basa éta téh keur bulan purnama. Bangsa Israil budal ti Mesir.  Maranéhna nyieun barisan nuturkeun kulawarga jeung kaomna masing-masing. Aya 600.000 urang Israil, can kaasup awéwé jeung barudak leutik. Loba jalma ti bangsa séjén gé marilu, hayang nyembah Yéhuwa. Ahirna, bangsa Israil bébas!

Supaya inget cara Yéhuwa nyalametkeun, maranéhna kudu nyieun kadaharan istiméwa saban taun. Ieu téh disebut Paska.

”Maneh kudu nyaksian kakawasaan Kami, sangkan Kami kamashur ka sakuliah jagat. Ku sabab kitu maneh rek dibere keneh hirup.”​—Budalan 9:16