Musa jeung Harun nepikeun pesen Allah ka Piraon, ’Lamun manéh masih teu ngidinan umat Urang indit, Mesir bakal pinuh ku seungseureudan.’ Seungseureudan téh ngamaksudkeun laleur gedé nu osok ngégél. Breg gorombolan seungseureudan nyerbu imah-imah urang Mesir, boh nu beunghar boh nu miskin. Tanah Mesir pinuh ku seungseureudan. Tapi, di tanah Gosén tempat urang Israil tinggal mah teu aya. Ti hukuman kaopat, hukumanana ngan narajang ka urang Mesir. Piraon ngomong, ’Pangméntakeun ka Yéhuwa supaya nyingkirkeun kabéh seungseureudan. Engké bangsa manéh meunang indit!’ Tapi, waktu Yéhuwa geus ngaleungitkeun seungseureudan, Piraon robah pikiran. Naha Piraon teu kapok-kapok?

Yéhuwa ngomong, ’Lamun Piraon tetep teu ngidinan, kabéh sato bangsa Mesir bakal garering jeung paraéh.’ Isukanana, kabéh sato paraéh, tapi nu urang Israil mah henteu. Tapi angger wé, Piraon teu kapok.

Terus, Yéhuwa nitah Musa balik deui ka Piraon jeung ngawurkeun lebu ka awang-awang. Éta lebu nyebar ka sakuliah Mesir ngajadi bisul di awak urang Mesir jeung sasatoanana, terus barucat. Sanajan geus kitu, urang Israil tetep teu meunang indit.

Yéhuwa ngutus Musa deui mawa pesen, ’Manéh rék keukeuh teu ngidinan umat Urang indit? Isukan bakal turun hujan és nu kacida hébatna.’ Isukanana, breg turun hujan és, guludug, jeung kilat. Éta téh angin ribut nu panghébatna di Mesir. Kabéh tatangkalan jeung pepelakan raruksak, tapi di Gosén mah henteu. Piraon ngomong, ’Ménta Yéhuwa sina ngeureunkeun ieu kabéh! Engké maranéh bisa indit.’ Tapi sanggeus hujan és eureun, Piraon robah pikiran deui.

Terus Musa ngomong, ’Ayeuna nu teu diruksak ku hujan és, bakal diruksak ku simeut.’ Jutaan simeut nyarégétan nepi ka teu aya sésa. Piraon ngomong, ’Ménta Yéhuwa pangnyingkirkeun kabéh simeut.’ Terus, kabéh simeut disingkirkeun. Tapi, Piraon tetep teu ngidinan indit.

Yéhuwa nitah Musa, ’Jungjungkeun leungeun ka langit.’ Reup sakuliah Mesir mani poék mongkléng salila tilu poé. Bangsa Mesir teu bisa ningali nanaon. Ari di tempat urang Israil mah tetep caang.

Piraon ngomong ka Musa, ’Jung arindit, tapi sasatoan tinggalkeun.’ Musa ngajawab, ’Sasatoan kudu dibawa, pan keur kurban ka Allah.’ Piraon ambek pisan. Manéhna ngagorowok, ’Nyingkah manéh! Mun kadeuleu deui, urang paéhan!’

”Umat Kami bakal narenjo deui bedana nasib anu tumiba ka jalma-jalma anu harade kalakuan jeung ka nu jarahat, ka nu ngabarakti ka Kami jeung ka nu henteu.”​Malaki 3:18