Di tanah Us, aya saurang lalaki nu nyembah Yéhuwa, ngaranna Ayub. Ayub téh jalma nu beunghar jeung loba kulawargana. Ayub bageur sarta osok nulungan nu miskin, randa, jeung budak yatim pahatu. Tapi, naha enya lantaran geus hirup bener, Ayub teu pernah boga masalah?

Ayub teu nyaho yén Sétan si Iblis merhatikeun manéhna. Yéhuwa ngomong ka Sétan, ’Manéh nyaho hamba Urang si Ayub? Teu aya nu siga manéhna di sakuliah bumi. Manéhna nurut jeung bageur.’ Sétan ngajawab, ’Nya tangtu Ayub nurut. Ku Anjeun sakitu disalindungan sarta dijaga. Tanah sarta ingon-ingonna sakitu lobana. Coba cabut sagala pangabogana, manéhna moal nyembah Anjeun deui.’ Ceuk Yéhuwa, ’Heug, manéh meunang nguji Ayub. Tapi, ulah dipaéhan.’ Ku naon Yéhuwa ngidinan Sétan nguji Ayub? Yéhuwa percaya yén Ayub moal gagal.

Sétan nguji Ayub ku loba bahla. Mimitina, Sétan ngirim urang Syéba pikeun maok sapi jeung kaldé Ayub. Terus, kabéh domba Ayub paéh kaduruk ku seuneu. Gorombolan urang Kasdim maok onta-ontana. Pagawé-pagawé nu ngurus sasatoan gé dipaéhan. Sanggeus kitu, musibat panghébatna datang. Kabéh anak Ayub maot katinggang imahna nu ambrug basa keur pésta. Ayub nalangsa pisan. Tapi, manéhna tetep satia ka Yéhuwa.

Sétan hayang Ayub leuwih sangsara deui, jadi Sétan nyieun sakabéh awak Ayub borok. Nyerina mani teu kira-kira. Ayub teu ngarti ku naon manéhna meunang musibat siga kieu. Tapi, Ayub tetep satia ka Yéhuwa. Mantenna bungah ningali ieu.

Terus, Sétan ngirim tilu lalaki pikeun nguji Ayub. Maranéhna ngomong, ’Pasti aya dosa nu disumputkeun ku manéh. Allah téh keur ngahukum manéh.’ Ceuk Ayub, ’Teu, urang mah teu salah.’ Tapi, Ayub jadi mikir Yéhuwa nu nyababkeun kabéh bahla ieu. Ayub ngomong yén Yéhuwa téh teu adil.

Budak ngora nu ngaranna Élihu ti tatadi geus sabar ngadéngékeun maranéhna. Ahirna, Élihu ngomong, ’Maranéh téh salah. Kaagungan Yéhuwa moal bisa kaharti ku urang. Mantenna moal ngalakukeun hal nu jahat. Allah ningali sagala hal sarta nulungan jalma-jalma.’

Terus, Yéhuwa ngomong ka Ayub, ’Mémang manéh geus aya basa Urang nyieun jagat raya? Ku naon ceuk manéh Urang teu adil? Naha manéh nyaho nu sabenerna?’ Ayub ngaku salah bari ngomong, ’Hampura, Gusti. Abdi salah. Abdi tos ngadangu ngeunaan Gusti, tapi ayeuna mah abdi bener-bener terang ka Gusti. Teu aya nu mustahil keur Gusti mah.’

Sanggeus musibatna liwat, Yéhuwa nyageurkeun Ayub sarta ngaberkahan Ayub jauh leuwih loba ti saacanna. Ayub hirup bagja sarta panjang umurna. Ayub diberkahan sabab manéhna tetep satia ka Yéhuwa sanajan keur hésé. Naha hidep bakal nyonto Ayub, tetep satia ka Yéhuwa dina sagala kaayaan?

”Dulur-dulur geus ngadarenge carita Ayub anu sabar tumarima, ahirna ku Pangeran diganjar.”​—Yakobus 5:11