Sanggeus Banjir Gedé, barudak jeung minantu-minantu Nuh boga loba anak. Turunanana beuki loba sarta malalencar ka sakuliah bumi, luyu jeung paréntah Yéhuwa.

Tapi, sababaraha kulawarga teu nurut ka Yéhuwa. Maranéhna ngomong, ’Hayu urang nyieun hiji kota supaya teu papencar. Urang nyieun munara anu puncakna nepi ka langit. Engké urang bakal kamashur.’

 Yéhuwa teu resep kana hal éta, jadi Mantenna ngagagalkeun rencana maranéhna. Hidep apal, kumaha carana? Yéhuwa nyieun jalma-jalma ngomong béda-béda basa. Jadi, maranéhna silih teu ngarti. Maranéhna teu bisa neruskeun ngawangun éta kota deui. Kotana disebut Babul, hartina ”Kacow”. Jalma-jalma jadi malalencar ka sakuliah bumi. Tapi, angger wé maranéhna ngalakukeun hal-hal nu goréng. Naha aya nu nyaah kénéh ka Yéhuwa? Urang bakal ningali di palajaran saterusna.

”Saha-saha anu ngagulkeun diri sorangan bakal dikahandapkeun, saha-saha anu ngahandapkeun diri sorangan bakal dijungjung.”​—Lukas 18:14