Ibrahim ngajarkeun Ishak supaya nyaah ka Yéhuwa sarta percaya kana jangji-jangji-Na. Waktu Ishak kira-kira umur 25 taun, Yéhuwa ménta Ibrahim ngalakukeun hiji hal nu hésé pisan. Naon éta téh?

Allah nitah Ibrahim, ’Kurbankeun anak manéh nu ngan hiji-hijina di gunung, di tanah Moria.’ Ibrahim teu ngartieun ku naon Yéhuwa nitah kitu, tapi manéhna nurut.

Isukna isuk-isuk pisan, Ibrahim mawa Ishak jeung dua palayan indit ka tanah Moria. Sanggeus tilu poé, kakara éta pagunungan téh katingali ti kajauhan. Palayan-palayanna dititah ngadagoan waktu maranéhna indit méré kurban. Ishak dititah manggul suluh nu rék dipaké ngaduruk kurban, ari Ibrahim mawa péso. Terus, Ishak nanya, ’Pa, mana domba nu rék dikurbankeun téh?’ Ibrahim ngajawab, ’Engké disadiakeun ku Yéhuwa.’

Waktu geus nepi di gunung, maranéhna nyieun altar. Geus kitu, leungeun jeung suku Ishak ditalian, terus Ishak digolérkeun dina altar.

Geus kitu, Ibrahim nyokot péso. Harita kénéh, malaikat Yéhuwa ngomong ti sawarga, ’Ibrahim, ulah maéhan éta budak! Ayeuna urang nyaho manéh boga iman ka Allah, manéh réla ngurbankeun  budak hiji-hijina.’ Terus jol aya domba jalu, tandukna nyangsang dina areuy-areuyan. Ibrahim langsung ngaleupaskeun Ishak, terus ngurbankeun éta domba.

Ti saprak éta, Yéhuwa nyebut Ibrahim sabagé sobat-Na. Hidep apal ku naon? Sabab sanajan teu ngarti, Ibrahim ngalakukeun naon waé paménta Yéhuwa.

Yéhuwa nyebutkeun jangji-Na deui ka Ibrahim, ’Urang bakal ngaberkahan manéh sarta nyieun turunan manéh jadi loba pisan.’ Hartina, Yéhuwa bakal ngaberkahan kabéh jalma nu hadé ku jalan turunan Ibrahim.

”Kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.”​—Yohanes 3:16