Perjalanan Paulus nu katilu anggeusan di Yérusalém. Di ditu, Paulus ditéwak jeung dipanjara. Hiji peuting dina titingalian, Yésus méré nyaho Paulus, ’Manéh bakal indit ka Rum pikeun nguarkeun warta.’ Terus, ti Yérusalém Paulus dibawa ka Késaréa. Di ditu, Paulus dipanjara salila dua taun. Basa dipariksa ku Gupernur Féstus, Paulus ménta, ’Keun sina abdi dipariksa ku Kaisar di Rum.’ Ceuk Féstus, ’Paménta manéh dikabulkeun.’ Paulus dibawa balayar ka Rum. Aya dua dulur saiman nu milu, nyaéta Lukas jeung Aristarkus.

Di laut, kapal digubag-gabig ku topan gedé salila sababaraha poé. Kabéh nyangka bakal paéh. Tapi Paulus ngomong, ’Dina impian, hiji malaikat ngomong ka urang, ”Ulah sieun, Paulus. Manéh pasti nepi di Rum. Saurang gé moal aya anu paéh.” Jadi, sing tarabah! Moal aya nu paéh.’

Topan ngamuk salila 14 poé. Ahirna katingali aya daratan, éta téh Pulo Malta. Ujug-ujug kapal ngagasruk, digubag-gabig ku ombak nepi ka amburadul. Tapi, 276 jalma kabéh salamet nepi ka darat. Aya nu ngarojay, aya nu tarumpak papan-papan kapal nepi ka darat. Urang Malta mani balageur, nyieun durukan supaya maranéhna teu katirisan.

Tilu bulan sanggeusna, para prajurit mawa Paulus ka Rum maké kapal séjén. Pas nepi, dulur-dulur manggihan Paulus. Paulus bungah jeung ngarasa dikuatkeun. Paulus muji sukur ka Yéhuwa. Sanajan saurang tahanan, Paulus meunang cicing di imah séwaan nu dijaga ku prajurit. Paulus cicing di dinya salila dua taun. Jalma-jalma daratang, Paulus ngajar maranéhna ngeunaan Karajaan Allah jeung Yésus. Paulus ogé nulis surat ka sidang-sidang di Asia Leutik jeung Yudéa. Yéhuwa bener-bener ngagunakeun Paulus pikeun nyebarkeun warta hadé ka loba bangsa.

”Dina sagala hal sim kuring sabatur-batur nembongkeun yen jadi abdi-abdi Allah, ku jalan sabar tawekal dina kasusah, dina karerepet, dina kasukeran.”​—2 Korinta 6:4