Di Késaréa, aya kapala pasukan Rum nu ngaranna Kornélius. Sanajan lain urang Yahudi, Kornélius dihormat ku urang Yahudi. Manéhna sok nulungan nu butuh jeung nu miskin. Kornélius ogé percaya ka Yéhuwa sarta rajin ngadoa. Hiji poé, malaikat muncul jeung ngomong, ’Doa manéh geus katarima ku Allah. Ayeuna, kirim sababaraha jalma ka Yopa, téangan nu ngaranna Pétrus. Ménta Pétrus ka dieu.’ Kornélius langsung nitah tilu lalaki ka Yopa, nu jauhna kira-kira 50 kilométer di kidul.

Harita di Yopa, Pétrus meunang titingalian. Manéhna ningali sato-sato nu haram keur urang Yahudi, terus aya sora nitah manéhna ngadahar éta. Pétrus nolak, ’Saumur-umur, abdi tara ngadahar sato haram.’ Ceuk éta sora, ’Nu ku Allah geus dihalalkeun, ulah disebut haram.’ Pétrus ogé dibéré nyaho, ’Aya tilu lalaki di hareupeun panto, keur néangan manéh. Jung ditu, milu ka maranéhna.’ Pétrus mukakeun panto sarta nanyakeun ku naon maranéhna aya di ditu. Ceuk maranéhna, ’Abdi sadaya diutus ku Kornélius, pajabat Rum. Bapa dipénta datang ka  Késaréa.’ Pétrus ngondang maranéhna mondok di imahna. Isukanana, Pétrus milu jeung maranéhna ka Késaréa. Sababaraha dulur saiman ti Yopa ogé marilu.

Pas panggih jeung Pétrus, brek Kornélius sujud. Tapi ceuk Pétrus, ’Geura nangtung! Urang gé ngan manusa. Allah ngutus urang ka dieu sanajan urang Yahudi teu meunang asup ka imah nu lain Yahudi. Ku naon ménta urang datang ka dieu?’

Kornélius nyarita, ’Opat poé kamari, abdi ngadoa. Terus, malaikat nitah abdi ngirim jalma-jalma ka Bapa. Mugia Bapa bisa ngajarkeun Firman Yéhuwa.’ Ceuk Pétrus, ’Ayeuna urang nyaho, Allah teu pilih kasih. Allah narima saha waé nu hayang ibadah ka Mantenna.’ Pétrus ngajarkeun loba hal ngeunaan Yésus. Terus, Kornélius jeung saeusi imahna narima roh suci sarta dibaptis.

”Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.” —Rasul 10:35