Basa keur ngumpul jeung para rasul di kamar loténg, Yésus ngomong, ’Peuting ieu maranéh bakal ninggalkeun urang.’ Ceuk Pétrus, ’Henteu! Sanajan nu séjén ninggalkeun, abdi mah moal!’ Tapi ceuk Yésus, ’Saacan hayam kongkorongok, manéh bakal geus tilu kali ngomong teu wawuh ka urang.’

Waktu Yésus dibawa ka imah Kayapas, loba rasul geus kalalabur. Tapi, aya dua nu nuturkeun bareng jeung jalma réa. Salah sahijina Pétrus. Pétrus asup ka palataran imah Kayapas, milu ngariung di deukeut seuneu. Hiji palayan awéwé ningali Pétrus, terus ngomong, ’Manéh sok bareng jeung Yésus!’

Ceuk Pétrus, ’Lain urang! Ngomong naon manéh téh, teu ngarti!’ Pétrus indit ka gerbang. Tapi palayan séjénna ningali Pétrus, terus ngagorowok, ’Ieu baturna Yésus!’ Ceuk Pétrus, ’Wawuh gé henteu urang mah!’ Hiji lalaki ogé ngomong, ’Manéh pasti baturna. Kaciri logat manéh ti Galiléa, siga Yésus.’ Tapi Pétrus sumpah, ’Urang teu wawuh ka éta jelema!’

Harita kénéh, hayam kongkorongok. Pétrus ningali, Yésus keur neuteup manéhna. Pétrus jadi inget kana omongan Yésus. Pétrus kaluar, ceurik nalangsa kabina-bina.

Terus, Yésus dibawa ku anggota-anggota Mahkamah Agama, atawa Sanhédrin, ka imah Kayapas jang dipariksa. Sabenerna, maranéhna geus nyieun putusan rék maéhan Yésus. Ayeuna ngan keur néang-néang alesan wungkul, tapi teu manggihan hiji-hiji acan kasalahan Yésus. Ahirna Kayapas nanya ka Yésus, ’Manéh téh Putra Allah?’ Ceuk Yésus, ’Enya.’ Kayapas ngomong, ’Teu perlu bukti deui! Geus jelas éta téh ngahina Allah!’ Mahkamah satuju, ’Jalma ieu kudu dipaéhan.’  Maranéhna nampiling Yésus, nyariduhan, nutupan panonna, sarta nareunggeulan bari ngomong, ’Mun manéh nabi, cik sebutkeun saha nu neunggeul manéh!’

Waktu geus beurang, Yésus dibawa ka tempat Mahkamah Agama, terus ditanya, ’Manéh téh Putra Allah?’ Jawab Yésus, ’Kitu ceuk anjeun.’ Yésus dianggap geus ngahina Allah, terus dibawa ka karaton Pontius Pilatus, gupernur Rum. Kumaha deui saterusna? Hayu urang tingali.

”Eta mangsa teh geus datang, maraneh bakal dipaburencaykeun, marulang ka tempat masing-masing, Kami pada naringgalkeun. Tapi sanajan kitu ge Kami moal nyorangan, sabab aya Rama anu nyarengan.”​—Yohanes 16:32