Kira-kira dina bulan April taun 30 M, Yésus indit ka Yérusalém. Loba jalma datang ka ditu pikeun ngayakeun pésta Paska. Salah sahiji acarana nyaéta ngurbankeun sato di bait. Aya nu geus mawa satona, aya nu meuli pas di Yérusalém.

Pas nepi di bait, Yésus ningali loba jalma keur jualan sasatoan. Maranéhna kalah ka néangan duit di imah Yéhuwa! Ningali éta, Yésus ambek pisan. Yésus nyieun pecut tina tali, terus nyabetan domba jeung sapi sina kaluar ti bait. Méja-méja tukang nalukeuran duit dibalik-balikkeun, duitna maruragan kana taneuh. Ari ka nu daragang japati, Yésus  ngomong, ’Bawaan ka luar! Imah Bapa urang ulah dijadikeun tempat jual-beuli!’

Jalma-jalma di bait mani olohok ningali Yésus. Murid-muridna jadi inget kana ramalan ngeunaan Mésias, ’Kacintaan abdi ka bait Yéhuwa lir seuneu ngagedur dina jero haté.’

Terus dina taun 33 M, sakali deui Yésus ngusir nu jualan di bait. Yésus moal ngidinan saha waé ngahina imah Bapana.

”Moal bisa maraneh ngawula ka Allah ongkoh, ngawula kana duit ongkoh.”​—Lukas 16:13