Urang Parisi ngalakukeun sagala hal ngarah dipuji ku batur. Maranéhna ngalakukeun hal nu hadé sarta ngadoa di tempat-tempat umum ambéh katingali ku batur. Urang Parisi ngadoana mani panjang jeung bulak-balik éta waé nu diucapkeunana. Ngadoana téh di imah-imah ibadah jeung di pépéngkolan supaya kadéngé ku batur. Jadi, jalma-jalma reuwas pas Yésus ngomong, ’Ulah ngadoa siga urang Parisi. Disangkana mun doana panjang téh Allah resep, padahal mah henteu. Ulah pamér, sina manéh jeung Yéhuwa wungkul nu nyaho. Ulah ngucapkeun kekecapan nu bulak-balik sarua. Yéhuwa mah hoyong maranéh ngadoa ti jero haté.

’Jadi kieu sakuduna ngadoa téh, ”Nun Ama di sawarga. Mugi nami Ama nu suci dimulyakeun. Karajaan Ama  mugi datang. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.”’ Yésus ogé méré nyaho yén maranéhna kudu doa ménta kadaharan keur sapoé, ménta dosa-dosana dihampura, sarta ngadoakeun batur.

Ceuk Yésus, ’Terus ngadoa. Ménta sagala nu hadé ka Yéhuwa, Bapa maranéh. Kolot mah hayang méré nu hadé ka anakna. Naha aya nu anakna ménta roti kalah ka dibéré batu? Atawa nu anakna ménta lauk kalah ka dibéré oray?’

Yésus ngajelaskeun maksudna, ’Lamun maranéh nyaho nu hadé keur anak maranéh, komo deui Yéhuwa, Bapa maranéh. Mantenna tangtu masihan roh suci ka maranéh. Jadi, kudu terus ménta.’ Naha hidep nurut kana pangajaran Yésus? Naon waé nu didoakeun ku hidep?

”Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu dibuka pantona.”​—Mateus 7:7