Pangawasa Karajaan Rum, nyaéta Kaisar Agustus, maréntahkeun kabéh urang Yahudi balik ka lembur pikeun sénsus. Jadi Yusup jeung Mariam balik ka Bétléhém, lemburna kulawarga Yusup. Basa éta, Mariam geus téréh ngajuru.

Pas nepi di Bétléhém, ngan nyésa kandang domba wungkul pikeun dicicingan. Di ditu, Mariam ngalahirkeun Yésus. Éta orok dibedong ku kaén sarta digolérkeun dina wadah parab domba.

Peuting éta di deukeut Bétléhém, sababaraha jalma keur ngajaraga domba-domba di lapang. Ujug-ujug, hiji malaikat muncul di hareupeun maranéhna, bray cahaya kamulyaan Yéhuwa ngalingkup maranéhna. Maranéhna sieuneun, tapi éta malaikat ngomong, ’Ulah sieun! Urang mawa warta hadé. Poé ieu, Mésias geus lahir di Bétléhém.’ Basa éta kénéh, bréh  malaikat nu kacida lobana muncul, nyaranyi, ’Mulyakeun Allah di sawarga, sarta tengtrem di bumi!’ Terus, para malaikat teu katingali deui. Naon nu dilakukeun ku nu ngajaraga domba?

Maranéhna badami, ’Hayu ka Bétléhém ayeuna!’ Bral maranéhna buru-buru indit, manggihan Yusup, Mariam, jeung orokna nu kakara lahir di kandang domba.

Carita ngeunaan omongan malaikat ka nu ngajaraga domba nyieun jalma-jalma tajub. Éta omongan ku Mariam disimpen dina haté, tara dipopohokeun. Nu ngajaraga domba baralik, nganuhunkeun ka Yéhuwa kana sagala nu geus ditingali jeung didéngé.

”Kami asal ti Allah. Tah ieu Kami, datang teh lantaran diutus ku Mantenna, lain datang karep sorangan.”​—Yohanes 8:42