Yéhuwa milih Yérmia jadi nabi keur urang Yuda. Yérmia diutus pikeun nguarkeun warta jeung ngingetan rahayat supaya eureun ngalakukeun hal goréng. Yérmia ngomong, ’Tapi Gusti, abdi ngora kénéh, teu terang carana ngomong ka jalma-jalma.’ Ceuk Yéhuwa, ’Tong sieun. Ku Urang pasti dibantu. Urang bakal méré nyaho naon nu kudu diomongkeun.’

Yéhuwa nitah Yérmia ngumpulkeun para pajabat, meupeuskeun kendi taneuh, jeung nepikeun, ’Yérusalém rék diremukkeun siga ieu kendi.’ Pas Yérmia ngalakukeun hal-hal éta, para pajabat ambek pisan! Imam nu ngaranna Pashur neunggeul Yérmia. Leungeun jeung suku Yérmia dipasung, manéhna nepi ka teu bisa gerak sapeupeuting. Isukanana, Pashur ngaleupaskeun Yérmia. Yérmia mikir, ’Urang geus teu kuat, moal nguarkeun warta deui.’ Tapi, naha enya Yérmia bener-bener nyerah? Henteu! Sanggeus mikirkeun deui, Yérmia ngomong, ’Warta Yéhuwa mani panas di jero haté, siga seuneu. Urang teu bisa eureun nguarkeunana.’ Jadi, Yérmia terus ngingetan jalma-jalma.

Mangtaun-taun sanggeusna, aya raja anyar di Yuda. Para imam jeung nabi palsu ngéwa kana warta Yérmia. Ceuk maranéhna ka para pamingpin, ’Ieu jalma kuduna dipaéhan.’ Ceuk Yérmia, ’Mun maéhan urang, maranéh maéhan jalma nu teu salah, sabab nu ditepikeun ku urang téh warta Yéhuwa.’ Ceuk para pamingpin, ’Ieu jalma ulah dipaéhan.’

Yérmia terus nguarkeun warta. Para pamingpin jadi ambek pisan.  Maranéhna ménta ka raja supaya Yérmia dipaéhan. Raja ngidinan maranéhna ngalakukeun naon waé ka Yérmia. Jadi, Yérmia ditéwak jeung diasupkeun ka jero sumur nu pinuh ku leutak, diculkeun sina paéh. Lalaunan Yérmia tilelep.

Terus, Ébéd Mélék nu digawé di karaton ngomong ka raja, ’Para pamingpin ngasupkeun Yérmia ka jero sumur. Mun diantep, Yérmia bisa paéh.’ Raja nitah Ébéd Mélék mawa sababaraha lalaki pikeun narik Yérmia ti sumur. Naha urang hayang nyonto Yérmia? Teu aya nu bisa ngeureunkeun manéhna nguarkeun warta.

”Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema lantaran anut ka Kami. Tapi sing saha anu tagen nepi ka ahir bakal disalametkeun.”​—Mateus 10:22