Ayeuna, 70 taun geus liwat ti saprak urang Israil baralik ka Yérusalém. Tapi, masih aya nu cicing di wilayah-wilayah Karajaan Pérsia. Salah sahijina nyaéta Imam Ésra nu ngajarkeun Hukum Yéhuwa. Ésra ngadéngé yén jalma-jalma di Yérusalém ngalanggar Hukum. Ésra hayang mantuan maranéhna. Raja Artahsasta ti Pérsia ngomong, ’Manéh geus dibéré hikmat ku Allah, jadi bisa ngajarkeun Hukum. Geura indit, bawa jalma-jalma nu hayang marilu.’ Ésra jeung kabéh jalma nu rék ka Yérusalém ngarumpul, terus ngadoa supaya Yéhuwa nyalindungan di perjalanan nu jauh. Terus, maranéhna indit.

Sanggeus opat bulan, maranéhna nepi di Yérusalém. Ceuk para pamingpin ka Ésra, ’Bangsa Israil ninggalkeun Yéhuwa, maranéhna malah karawin jeung awéwé-awéwé nu nyembah déwa-déwa.’ Naon tindakan Ésra? Di hareupeun jalma-jalma, brek Ésra sujud jeung ngadoa, ’Yéhuwa, Gusti geus masihan loba berkah, tapi abdi sadaya tetep ngalakukeun dosa.’ Rahayat kaduhung, tapi masih kénéh ngalakukeun hal-hal nu salah. Jadi, Ésra milih para pamingpin jeung hakim-hakim pikeun nguruskeun masalah ieu. Salila tilu bulan, jalma-jalma nu teu nyembah Yéhuwa diusiran.

Dua belas taun geus liwat. Ahirna, témbok-témbok Yérusalém bérés diwangun deui. Ésra ngumpulkeun rahayat di alun-alun kota, terus macakeun Hukum Allah. Pas éta kitab dibuka, jung jalma-jalma narangtung. Waktu Ésra muji Yéhuwa, jalma-jalma miluan naradahkeun leungeun. Terus, Ésra maca jeung ngajelaskeun Hukum. Jalma-jalma merhatikeun jeung ngaku yén maranéhna geus ninggalkeun Yéhuwa. Maranéhna careurik. Isukanana, Ésra macakeun leuwih loba Hukum. Rahayat sadar kudu ngayakeun Pésta Saung Daun. Jadi, maranéhna langsung nyiapkeun pésta.

 Salila tujuh poé pésta, jalma-jalma ngarasa bungah jeung nganuhunkeun ka Yéhuwa sabab geus masihan panén nu loba. Ti jaman Yosua, kakara harita aya Pésta Saung Daun nu sakitu gedéna. Sanggeus pésta, jalma-jalma ngarumpul jeung ngadoa, ’Yéhuwa, abdi sadaya tos disalametkeun ti pangbudakan, dipasihan dahar di gurun, sarta dipasihan nagri nu éndah. Tapi, abdi teterusan teu satia. Nabi-nabi nu diutus Gusti teu didéngékeun. Gusti sabar jeung tetep nyumponan jangji ka Ibrahim. Abdi jangji bakal nurut ka Gusti.’ Éta jangji ditulis di hareupeun para pamingpin, urang Léwi, jeung imam-imam, terus disahkeun.

”Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!”​—Lukas 11:28