LOBA jalma ayeuna ngaraku boga iman. Tapi, nabi Isa ngajarkeun yén ngan saeutik jalma nu boga iman nu sajati. Saur anjeunna, ”Heug arasup teh ka lawang nu leutik; sabab loba jelema nu geus marilih asup ka lawang anu rubak tur jalanna gede, eta mah brasna kana picilakaeun. Sabab sanajan leutik lawangna sarta heurin jalanna, tapi ahirna matak bagja jamuga; ngan nya kitu, nu milih jalan ieu mah ngan saeutik.”​—Mateus 7:13, 14, Sunda Formal.

Kumaha jalma-jalma ayeuna némbongkeun yén maranéhna boga iman nu sajati? ”Maraneh baris nyaho ka maranehna tina tingkah lakuna,” saur Isa. ”Tangkal alus buahanana tangtu alus, tangkal goreng buahanana tangtu goreng.” (Mateus 7:16, 17) Jadi, iman nu sajati ”buahanana tangtu alus” sarta ngamotivasi jalma-jalma pikeun némbongkeun sipat-sipat nu saléh. Kumaha maranéhna némbongkeunana?

Ngagunakeun Kawasa ku Cara nu Bener

Jalma nu boga iman nu sajati ngagunakeun kawasa jeung wewenangna pikeun ngajénan Allah sarta pikeun méré mangpaat ka batur. Nabi Isa ngajarkeun, ”Lamun hayang jadi nu punjul kudu daek ngawula ka nu sejen.” (Markus 10:43) Jalma nu boga iman moal kejem ka nu saimah atawa nu henteu saimah jeung manéhna. Maranéhna nyaah ka pamajikan, ngajénan, sarta nyumponan pangabutuhna. Kitab Suci nyarioskeun, ”Salaki-salaki sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar.” (Kolosa 3:19) ”Salaki, kudu bageur ka pamajikan, kudu daek ngaraskeun, kawantu awewe teh kaom lemah. Ajenan, da pamajikan jeung aranjeun teh samilik reujeung, bakal dipaparin kanugrahaan hirup anu sajati ti Allah. Tah kudu kitu, supaya ari aranjeun neneda ka Allah ulah aya anu matak jadi halangan.”​—1 Petrus 3:7.

Kitu ogé, pamajikan nu boga iman nu sajati ”kudu hormat ka salaki”. (Epesus 5:33) Pamajikan kudu ”nyaah ka salaki jeung anak”. (Titus 2:4) Indung jeung bapa nu boga iman nu sajati, nyadiakeun waktu keur barudak sarta ngajarkeun hukum tur prinsip Allah ka maranéhna. Di imah, di pagawéan, sarta di mana waé, maranéhna sopan ogé ngajénan ka batur. Maranéhna tumut kana naséhat Kitab Suci, ”Kudu paheula-heula ngajenan.”​—Rum 12:10, Sunda Formal.

Hamba-hamba Allah ngajalankeun paréntah Kitab Suci, ”Ulah beunang ku pangruruba [sogokan].” (Budalan 23:8) Maranéhna teu pernah nyalahgunakeun kalungguhanana pikeun kapentingan sorangan. Sabalikna, maranéhna néangan kasempetan pikeun nulungan batur, hususna nu ngabutuhkeun. Maranéhna tumut kana naséhat, ”Ulah poho kana nyieun kahadean jeung silih pikanyaah. Lampah kitu teh kurban-kurban anu kacida sapukna jeung manah Allah.” (Ibrani 13:16) Ku kituna, maranéhna ngarasakeun benerna cariosan nabi Isa, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”​—Rasul 20:35.

Nyonto Kaadilan Allah

Jalma-jalma nu ariman réla taat kana hukum Allah, maranéhna ngarasa yén ”parentah-parentah-Na taya anu matak  teu pikadugaeun”. (1 Yohanes 5:3) Maranéhna nyaho yén ”hukum PANGERAN sampurna . . . Papakon PANGERAN saestu, matak bagja nu mituhu. Parentah PANGERAN teh adil, matak lantip budi akal”.​—Jabur 19:8, 9.

Iman nu sajati ogé ngajurung maranéhna pikeun teu goréng sangka ka batur. Maranéhna moal nganggap hiji sélér bangsa, nagara, atawa kaayaan sosial leuwih punjul tibatan nu lianna, tapi sabalikna, maranéhna nyonto Allah. ”Mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.”​—Rasul 10:34, 35.

Iman nu sajati ngajurung jalma pikeun ”ngalampahkeun anu bener [atawa, jujur]”. (Ibrani 13:18) Jalma nu boga iman moal ngagosip pikeun ngagogoréng batur sarta mitenah batur. Nabi Daud ngajelaskeun ngeunaan jalma nu kamanah ku Allah nyaéta ”jalma nu tara mitenah, ka batur tara hasud, tara ngagogoreng tatangga”.​—Jabur 15:3.

Némbongkeun Hikmah Allah

Kapercayaan jalma nu boga iman sajati dumasarna ngan kana Kitab Suci. Maranéhna percaya yén ”Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener”. (2 Timoteus 3:16) Waktu campur gaul jeung batur, maranéhna némbongkeun ”kabijaksanaan [hikmah] nu ti sawarga” nu ”estuning pangmulus-mulusna, resep rapih, amis budi, sareseh, karunyaan, buahna teh harade kabeh”. (Yakobus 3:17) Maranéhna nyingkahan spiritisme jeung tradisi nu teu kamanah ku Allah sarta ”ati-ati ka allah-allah palsu”.​—1 Yohanes 5:21.

Némbongkeun Kaasih nu Sajati

Saur nabi Musa, ”Masing nyaah ka PANGERAN Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta sing sakuat-kuat.” (Pamindo 6:5) Jalma nu boga iman némbongkeun kaasih nu saperti kitu ka Allah. Maranéhna ngajénan jenengan Allah, Yéhuwa. Maranéhna ’ngamulyakeun PANGERAN’ sarta ’nyambat jenengana-Na’ kalawan iman. (Jabur 105:1) Hamba-hamba Allah ogé tumut kana paréntah-Na, ”Kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.” (Imamat 19:18) Maranéhna nolak katelengesan sarta ngupayakeun sangkan ”akur jeung saha bae”. (Rum 12:18) Ku lantaran ”moal tatahar perang deui”, maranéhna ibarat jalma nu ”ngarobah pedangna jadi wuluku, tumbakna dijieun arit”. (Yesaya 2:4) Hasilna, maranéhna jadi bagian tina duduluran internasional lantaran ”silih pikanyaah”. (Yohanes 13:35) Naha Sadérék uninga aya jalmi-jalmi nu sapertos kitu kiwari?