”Aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur, nyieun kaaeban, ngumbar birahi, kahayang-kahayang jahat, jeung sarakah (sabab sarakah teh sarua jeung nyembah brahala).”​—KOLOSA 3:5.

1, 2. Kumaha carana Balhum nyilakakeun umat Yéhuwa?

SAURANG tukang nguseup indit ka hiji tempat rék nguseup lauk. Manéhna milih eupan, ditapelkeun kana useupna, tuluy lung dialungkeun kana cai. Manéhna sabar ngadagoan nepi ka aya lauk nu nyanggut. Useupna ditarik, beunang laukna.

2 Éta ogé cara nu dipaké pikeun ngajiret jalma-jalma. Contona, bangsa Israil téréh nepi ka Tanah Perjangjian jeung ngadegkeun kémah di Padataran Moab. Raja Moab jangji bakal méré loba duit ka Balhum lamun bisa ngutuk bangsa Israil. Ahirna, Balhum boga cara sangkan Israil jadi bangsa nu dikutuk. Manéhna mikirkeun eupanna, tuluy ngirimkeun mojang-mojang Moab pikeun ngagoda lalaki Israil.​—Bilangan 22:1-7; 31:15, 16; Wahyu 2:14.

3. Kumaha urang Israil kajiret ku eupanna Balhum?

3 Naha eupanna Balhum hasil? Enya. Rébuan lalaki Israil ”maraen awewe ka urang Moab”. Maranéhna ogé milu nyembah brahala, salah sahijina  nyembah déwa séks, nyaéta Baal di Péor. Balukarna, 24.000 urang Israil paéh di hareupeun wates Tanah Perjangjian.​—Bilangan 25:1-9.

4. Ku naon rébuan urang Israil kagoda ku lampah cabul?

4 Ku naon sakitu lobana urang Israil nu kajiret? Lantaran maranéhna ngan mikirkeun kasenangan sorangan jeung mopohokeun sagala berkah ti Yéhuwa. Sabenerna, urang Israil boga loba alesan pikeun satia ka Allah. Mantenna geus ngabébaskeun maranéhna ti pangbudakan di Mesir, ngarawat maranéhna di gurun keusik, jeung mawa maranéhna salamet nepi ka wates Tanah Perjangjian. (Ibrani 3:12) Hanjakalna, maranéhna tetep kagoda ku lampah cabul. Rasul Paulus nulis, ”Ulah nyieun kalakuan aeb kawas sabagian maranehanana, balukarna . . . maraot di jero sapoe.”​—1 Korinta 10:8.

5, 6. Urang diajar naon tina kajadian di Padataran Moab?

5 Dunya anyar téh geus di hareupeun pisan. Jadi, kaayaan urang sarua jeung bangsa Israil nu aya di hareupeun wates Tanah Perjangjian. (1 Korinta 10:11) Kiwari, dunya ieu kagégéloan kana séks leuwih-leuwih ti bangsa Moab. Umat Yéhuwa ogé bisa kapangaruhan. Justru, eupan ieu téh kojona Sétan.​—Bilangan 25:6, 14; 2 Korinta 2:11; Yudas 4.

6 Pék lenyepan, ’Naha abdi mentingkeun diri ku cara milih kasenangan nu ngan saliwat ti batan hirup bagja salawasna di dunya anyar?’ Tangtu leuwih mangpaat lamun urang taat ka pépéling Yéhuwa, ”Pahing lacur!”​—1 Korinta 6:18.

 NAON LAMPAH CABUL TÉH?

7, 8. Naon nu dimaksud lacur atawa lampah cabul téh? Ku naon ieu téh kasalahan sérius?

7 Kiwari, loba jalma teu boga kaéra, maranéhna jelas-jelas nyapirakeun hukum Allah ngeunaan séks. Dina Alkitab, lacur atawa lampah cabul téh ngahartikeun hubungan séks jeung jalma nu lain batur hirupna nu sah. Ieu ogé kaasup hubungan séks jeung batur sajinis atawa jeung sato. Hubungan séks téh kaasup ogé séks oral, séks anal, atawa nyabakan aorat batur pikeun ngarangsang napsu séks.​—Tingali Catetan Ahir 23.

8 Alkitab jelas nyebutkeun yén jalma nu terus ngalampahkeun nu cabul bakal dikaluarkeun ti sidang. (1 Korinta 6:9; Wahyu 22:15) Manéhna bakal kaleungitan harga diri jeung kapercayaan ti batur. Lampah cabul ngan ngabalukarkeun masalah, misalna haté sanubari nu kasiksa, kakandungan nu teu direncanakeun, masalah perkawinan, panyakit, malahan maot. (Baca Galata 6:7, 8.) Lamun hiji jalma mikirkeun heula balukarna, tangtu manéhna moal daék ngalampahkeun nu cabul. Tapi, lolobana mah ngan hayang muaskeun hasratna baé. Ku kituna, maranéhna ngamimitian ku pornografi, jeung ahirna ngalampahkeun nu cabul.

DIMIMITIAN KU PORNOGRAFI

9. Ku naon pornografi téh bahaya?

9 Pornografi dijieun pikeun ngarangsang napsu séksual. Kiwari, pornografi aya di mana-mana, bisa dina majalah, buku, musik, acara TV, ogé dina Internét.  Loba nu ngomong pornografi téh teu bahaya, tapi sabenerna mah bahaya pisan. Hiji jalma bisa kacanduan kana séks sarta boga hasrat nu nyimpang. Sakali manéhna nyobaan pornografi, ieu bisa ngabalukarkeun kabiasaan masturbasi, masalah perkawinan, malah nepi ka pepegatan.​—Rum 1:24-27; Epesus 4:19; tingali Catetan Ahir 24.

Sing bijaksana, ati-ati dina ngagunakeun Internét

10. Kumaha prinsip di Yakobus 1:14, 15 bisa ngabantu urang nyingkahan lampah cabul?

10 Penting pikeun paham carana lampah cabul ngajiret urang. Perhatikeun pépéling di Yakobus 1:14, 15, ”Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan. Hawa napsu anu dijujur ngabalukarkeun dosa; lamun dosa geus meujeuhna gedena, bakal ngabalukarkeun maot.” Jadi, lamun hal-hal nu cabul kapikir ku Sadérék, geura piceun. Lamun teu kahaja ningali gambar porno, geura ngabalieur! Pareuman komputer atawa ganti acara TV. Napsu nu cabul téh ulah diantep. Mun diantep, napsu éta bakal beuki kuat nepi ka hésé pisan dikadalikeunana.​—Baca Mateus 5:29, 30.

11. Lamun urang mikiran hal nu salah, kumaha Yéhuwa bisa nulungan urang?

11 Yéhuwa apal ka diri urang leuwih ti urang sorangan. Jadi, Mantenna apal urang teu sampurna. Mantenna gé apal urang bisa ngalawan napsu nu salah. Yéhuwa nyarios, ”Aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur, nyieun kaaeban, ngumbar birahi, kahayang-kahayang jahat, jeung sarakah (sabab sarakah teh sarua jeung nyembah brahala).” (Kolosa 3:5)  Sanajan éta teu gampang, Yéhuwa sabar jeung réla nulungan. (Jabur 68:20) Saurang budak ngora lalaki kajiret pornografi jeung masturbasi. Ceuk batur di sakolana, ieu téh geus jamak keur rumaja mah, tapi manéhna ngomong, ”Haté sanubari abdi jadi ruksak, abdi gé jadi kajiret ku lampah cabul.” Manéhna sadar kudu ngadalikeun napsuna. Ku bantuan Yéhuwa, manéhna bisa leupas tina kabiasaan éta. Lamun Sadérék mikiran hal-hal nu cabul, suhunkeun ka Yéhuwa ”kawasa nu maha agung” pikeun ngajaga pikiran tetep bersih.​—2 Korinta 4:7; 1 Korinta 9:27.

12. Ku naon urang kudu ’ngajaga haté’?

12 Ceuk Suléman, ”Ti sagala nu kudu dijaga, jaga haté manéh, sabab haté nu nangtukeun hirup manéh.” (Siloka 4:23, NW) ”Haté” ngamaksudkeun batin urang, nu diperhatikeun ku Yéhuwa. Naon  nu ditingali ku urang téh kuat pangaruhna. Ceuk Ayub, ”Kuring geus sumpah, jangji moal pelang-pelong ka mojang bari dilamun.” (Ayub 31:1) Urang kudu nyonto Ayub nu ngadalikeun panon jeung pikiranana. Urang bisa ngadoa saperti nu nulis jabur, ”Mugi abdi ulah dugi ka mikahayang anu taya pigunaeunana.”​—Jabur 119:37.

PILIHAN NU TEU BIJAKSANA

13. Siga kumaha babaturan nu dipilih ku Dinah?

13 Babaturan boga pangaruh nu kuat ka urang, boh nu alus boh nu goréng. Lamun milih babaturan nu nuturkeun papakon Allah, Sadérék bisa kabantu ngalakukeun nu sarua. (Siloka 13:20; baca 1 Korinta 15:33.) Kisah hirup Dinah némbongkeun pentingna milih babaturan. Dinah téh putrana Yakub, ku kituna kulawargana ngawula ka Yéhuwa. Dinah lain jalma nu cabul, tapi manéhna nyobat jeung mojang-mojang Kanaan nu teu ngawula ka Yéhuwa. Urang Kanaan boga cara pandang nu béda pisan jeung umat Allah ngeunaan séks sarta geus kasohor cabul hirupna. (Imamat 18:6-25) Waktu keur campur gaul jeung babaturanana, Dinah panggih jeung Sékem, jajaka Kanaan nu kapincut ka manéhna. Sékem téh nu ”pangutamana” dina kulawargana. Tapi, manéhna teu nyaah ka Yéhuwa.​—Kajadian 34:18, 19.

14. Naon nu kaalaman ku Dinah?

14 Sékem ngalakukeun hal nu dianggap wajar jeung teu salah. Lantaran Sékem bogoh, ”Dinah dipaksa dibawa, seug diperkosa”. (Baca Kajadian 34:1-4.) Hal jahat ieu ngamimitian runtuyan kajadian  nu mawa kanalangsaan ka Dinah jeung ka kulawargana.​—Kajadian 34:7, 25-31; Galata 6:7, 8.

15, 16. Kumaha carana urang bisa jadi jalma nu bijaksana?

15 Urang teu kudu nyieun kasalahan nu sarua siga Dinah pikeun paham yén papakon moral Yéhuwa téh alus. ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.” (Siloka 13:20) Sing boga tékad pikeun ngalampahkeun sagala nu hadé, ku kituna Sadérék teu kudu ngalaman kanyeri jeung kanalangsaan.​—Siloka 2:6-9; Jabur 1:1-3.

16 Urang bisa jadi jalma nu bijaksana ku cara diajar Firman Allah, ngadoa saacan nyieun putusan, jeung nuturkeun pituduh ti gandék nu satia jeung bijaksana. (Mateus 24:45; Yakobus 1:5) Tangtu urang kabéh sadar yén urang téh lemah jeung teu sampurna. (Yermia 17:9) Tapi, kumaha réaksi Sadérék lamun aya nu mépélingan sangkan Sadérék henteu kajiret ku lampah cabul? Bisa jadi manéhna ningali aya lalampahan Sadérék nu pibahayaeun. Naha Sadérék bakal kasinggung, atawa narimakeun kalawan rendah haté?​—2 Raja 22:18, 19.

17. Béré conto kumaha pépéling ti dulur saiman bisa ngabantu urang.

17 Contona, pék bayangkeun kajadian ieu. Di tempat gawé, hiji sadérék istri dideukeutan ku hiji lalaki, tuluy diajak indit duaan. Lalaki éta teu ngawula Yéhuwa, tapi katingalina mah bageur jeung perhatian. Aya dulur saiman nu ningali manéhna keur duduaan, sanggeus kitu mépélingan sadérék istri ieu. Kumaha réaksi manéhna? Naha manéhna  bisa ningali mangpaat ti pépéling éta, atawa sabalikna, kalah ka ngabéla diri? Manéhna mémang nyaah ka Yéhuwa jeung hayang ngalampahkeun nu bener. Tapi, lamun terus indit duaan jeung lalaki ieu, naha manéhna téh nyingkahan lampah cabul atawa ”nurut kana pikiran sorangan”?​—Siloka 22:3; 28:26; Mateus 6:13; 26:41.

DIAJAR TINA TULADAN YUSUP

18, 19. Ku naon Yusup bisa nyingkahan lampah cabul?

18 Yusup jadi badéga di Mesir basa keur ngora kénéh. Unggal poé, pamajikan dununganana ngajak manéhna ngalakukeun hubungan séks, tapi Yusup nyaho ieu téh salah. Manéhna nyaah ka Yéhuwa jeung hayang nyukakeun Mantenna. Jadi unggal digoda, Yusup nolak. Salaku badéga, manéhna teu  bisa langsung kaluar ti pagawéanana. Hiji poé, basa pamajikan dununganana maksa pikeun ngalakukeun hubungan séks, Yusup ”lumpat kaluar”.​—Baca Kajadian 39:7-12.

19 Hasilna béda pisan lamun Yusup osok ngabayangkeun hal-hal nu cabul atawa ngalamunkeun éta awéwé. Tapi, keur Yusup mah sosobatan jeung Yéhuwa téh nu pangpentingna. Yusup ngajawab, ”Sagala rupi di ieu gedong dikawasakeun ka abdi, teu aya anu diulahkeun, lintang ti ka juragan istri, geureuhana. Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.”​—Kajadian 39:8, 9.

20. Naon buktina Yéhuwa bungah kana kasatiaan Yusup?

20 Sanajan Yusup jauh ti imah jeung kulawargana, manéhna tetep satia ka Allah. Mantenna bungah ningali kasatiaan manéhna. (Siloka 27:11) Ku kituna, Yusup diberkahan ku Yéhuwa. (Kajadian 41:39-49) Mémang, teu gampang nolak lampah cabul téh. Tapi inget kekecapan ieu, ”PANGERAN asiheun ka jalma nu ngamusuh kagorengan. Mantenna nangtayungan hirup umat-Na, diluputkeun tina genggeman jalma jarahat.”​—Jabur 97:10.

21. Kumaha hiji budak ngora lalaki nyonto Yusup?

21 Unggal poé, umat Yéhuwa némbongkeun yén maranéhna ”ijid kana kajahatan” jeung ’mikaresep lampah bener’. (Amos 5:15) Boh kolot boh ngora, Sadérék bisa satia ka Yéhuwa. Hiji budak ngora lalaki digoda di sakola. Batur awéwéna daék hubungan séks jeung manéhna lamun dibantuan dina ujian matématika. Naon nu dilakukeun ku manéhna?  Manéhna nyonto Yusup, ”Abdi langsung nolak. Ku cara terus satia, abdi ngajaga martabat jeung harga diri abdi.” Lampah cabul ngahasilkeun ”kagenahan dosa anu umurna moal awet”, malahan bakal ngabalukarkeun kapeurih jeung kanyeri. (Ibrani 11:25) Tapi, kasatiaan ka Yéhuwa mah mawa kabagjaan nu langgeng.​—Siloka 10:22.

PÉK TARIMA BANTUAN TI YÉHUWA

22, 23. Kumaha Yéhuwa nulungan waktu urang kajiret dosa?

22 Sétan bakal terus ngagunakeun lampah cabul pikeun ngajiret urang. Ieu téh tangtangan nu teu gampang lantaran urang kabéh sakapeung bisa mikirkeun hal-hal nu salah. (Rum 7:21-25) Tapi, Yéhuwa paham jeung inget yén ”urang teh saukur lebu”. (Jabur 103:14) Jadi, urang Kristen kudu kumaha lamun geus kajiret dosa ngalampahkeun nu cabul? Naha teu aya deui harepan? Henteu. Lamun hiji jalma bener-bener tobat, Yéhuwa siap nulungan. Allah gé ”jembar hampura”.​—Jabur 86:5; Yakobus 5:16; baca Siloka 28:13.

23 Yéhuwa masihan ”kurnia-kurnia ka manusa” nyaéta kokolot nu merhatikeun urang. (Epesus 4:8, 12; Yakobus 5:14, 15) Kokolot disadiakeun pikeun mulihkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa.​—Siloka 15:32.

GUNAKEUN PIKIRAN

24, 25. Kumaha ngagunakeun pikiran bisa ngabantu urang nyingkahan lampah cabul?

24 Pikeun nyieun putusan nu bener, urang kudu  paham mangpaatna hukum Yéhuwa. Urang teu hayang siga budak ngora nu disebutkeun di Siloka 7:6-23. Manéhna téh ”sologoto”, atawa teu ngagunakeun pikiran. Éta sababna, manéhna kajiret eupan lampah cabul. Ngagunakeun pikiran teu ngan saukur ngagunakeun kapinteran. Tapi, urang kudu paham kana cara pikir Yéhuwa sarta ngalarapkeunana dina kahirupan. Sing inget kana kekecapan nu bijaksana ieu, ”Kudu daek diajar sabisa-bisa, ciri yen nyaah ka diri, seug ingetkeun beubeunangan diajar teh, tangtu bagja.”​—Siloka 19:8.

25 Naha Sadérék bener-bener yakin yén papakon Allah téh bener? Naha Sadérék percaya yén nuturkeunana bakal mawa kabagjaan? (Jabur 19:8-11; Yesaya 48:17, 18) Lamun Sadérék teu yakin, pék inget kana sagala kahadéan Yéhuwa ka Sadérék. ”Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN.” (Jabur 34:9) Beuki inget kana kahadéan Yéhuwa, Sadérék beuki nyaah ka Mantenna. Pikaresep nu dipikaresep ku Yéhuwa, sarta pikaijid nu dipikaijid ku Mantenna. Eusian pikiran Sadérék ku hal-hal nu hadé, bener, murni, jeung kaajén. (Pilipi 4:8, 9) Ku kituna, urang bisa saperti Yusup nu meunang hikmat ti Yéhuwa.​—Yesaya 64:8.

26. Naon nu bakal dibahas saterusna?

26 Teu sual Sadérék léngoh kénéh atawa geus nikah, Yéhuwa hoyong Sadérék hirup bagja. Dua pasal saterusna ngabahas hal-hal nu bisa ngabantu perkawinan urang bagja.