”Tali tilu rara kapan hese dipegatkeunana.”​—PANDITA 4:12.

1, 2. (a) Naon nu dipiharep ku pasangan nu kakara nikah? (b) Pananya-pananya naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

BAYANGKEUN pasangan pangantén. Maranéhna ngimpikeun kahirupan nu éndah sanggeus nikah. Maranéhna gé ngarepkeun yén perkawinanana bakal bagja jeung langgeng.

2 Tapi, loba perkawinan nu mimitina lancar gé teu saterusna kitu. Sangkan perkawinan awét jeung bagja, salaki pamajikan butuh bingbingan Allah. Jadi, hayu urang bahas jawaban Alkitab pikeun pananya-pananya ieu: Naon kauntunganana nikah? Lamun Sadérék hayang nikah, kumaha carana milih batur hirup nu cocog? Kumaha carana jadi salaki atawa pamajikan nu hadé? Sarta, naon nu bisa ngalanggengkeun perkawinan?​—Baca Siloka 3:5, 6.

NAHA ABDI KUDU NIKAH?

3. Ceuk Sadérék, naha saurang jalma kudu nikah supaya bagja? Jelaskeun.

3 Ceuk sababaraha jalma, urang moal bisa bagja lamun teu nikah. Éta téh teu bener. Yésus ngomong yén léléngohan bisa jadi berkah. (Mateus 19:11, 12)  Rasul Paulus gé nyebutkeun sababaraha kauntungan léléngohan. (1 Korinta 7:32-38) Jadi, Sadérék nu mutuskeun naha rék nikah atawa henteu. Ulah nepi ka kapaksa nikah lantaran diojok-ojok ku babaturan, kulawarga, atawa tradisi.

4. Naon waé kauntunganana perkawinan nu luyu jeung prinsip Yéhuwa?

4 Alkitab nyebutkeun yén nikah téh kurnia ti Allah sarta aya sababaraha kauntunganana. Yéhuwa nyarios ka manusa nu mimiti, Adam, ”Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan.” (Kajadian 2:18) Yéhuwa nyiptakeun Hawa pikeun jadi pamajikan Adam. Maranéhna jadi kulawarga nu mimiti. Lamun salaki pamajikan boga anak, perkawinan bisa nyadiakeun lingkungan nu hadé pikeun ngagedékeun anak. Tapi, nikah téh lain keur boga anak wungkul.​—Jabur 127:3; Epesus 6:1-4.

5, 6. Kumaha perkawinan bisa jadi ”tali tilu rara”?

5 Raja Suléman nulis, ”Digawe duaan leuwih hade ti batan sorangan, leuwih babari hasil. Mun anu saurang labuh tangtu ditulungan ku anu saurang deui, dihudangkeun. Coba mun sorangan mah ana labuh teh cilaka temen, da euweuh anu pinulunganeun. . . . Tali tilu rara kapan hese dipegatkeunana.”​—Pandita 4:9-12.

6 Dina perkawinan nu bagja, salaki pamajikan bakal jadi sobat nu pangdalitna. Maranéhna bisa silih bantu, silih lilipur, jeung silih jaga. Cinta bisa nguatkeun perkawinan, tapi perkawinan bisa  leuwih kuat deui lamun salaki pamajikan nyembah Yéhuwa. Ku kituna, perkawinan maranéhna bisa siga ”tali tilu rara”, atawa tilu tali nu dijalin jadi hiji. Tilu tali leuwih kuat ti batan dua tali. Kitu ogé, perkawinan jadi leuwih kuat lamun Yéhuwa dilibetkeun.

7, 8. Paulus méré naséhat naon ngeunaan perkawinan?

7 Sanggeus nikah, salaki pamajikan bisa muaskeun hasrat séks nu wajar. (Siloka 5:18) Tapi, lamun hiji jalma nikah pikeun muaskeun hasrat éta wungkul, manéhna bisa asal pilih batur hirup. Éta sababna Alkitab méré naséhat yén saurang jalma kudu ”geus cukup umur” lamun rék nikah, atawa geus ngaliwatan mangsa rumaja, waktu hasrat séksual keur kuat-kuatna. (1 Korinta 7:36, NW) Leuwih alus ngadagoan mangsa éta liwat heula supaya manéhna jadi leuwih caang pikir jeung bisa nyieun putusan nu leuwih hadé.​—1 Korinta 7:9; Yakobus 1:15.

8 Lamun Sadérék hayang nikah, sing asup akal jeung sadar yén unggal perkawinan téh boga masalahna sorangan. Paulus ngomong yén ”kawin teh loba karepot”. (1 Korinta 7:28) Perkawinan nu suksés gé pasti nyanghareupan masalah. Jadi lamun Sadérék mutuskeun rék nikah, sing bijaksana dina milih batur hirup.

NIKAH JEUNG SAHA?

9, 10. Naon balukarna lamun nikah jeung jalma nu teu nyembah Yéhuwa?

9 Ieu prinsip Alkitab nu kudu diinget waktu milih batur hirup, ”Kade ulah bareng baranggawe  [”Ulah maké kai pasangan sacara teu saimbang”, NW] jeung anu henteu palercaya ka Allah.” (2 Korinta 6:14) Ibarat ieu asalna tina pakakas tani. Dua sato nu gedéna atawa kakuatanana béda pisan moal dipakékeun kai pasangan pikeun ngagarap lahan. Duanana bakal kasiksa. Kitu ogé, perkawinan di antara jalma nu ngawula Yéhuwa jeung nu henteu biasana ngabalukarkeun loba masalah. Éta sababna Alkitab méré naséhat sangkan nikah jeung ”urang Kristen keneh”.​—1 Korinta 7:39.

10 Sakapeung, aya urang Kristen nu ngarasa mendingan nikah jeung nu teu ngawula Yéhuwa ti batan léléngohan. Tapi, lamun urang teu ngabandungan pépéling Alkitab, biasana ngahasilkeun kanyeri jeung kasedih. Sabagé umat Yéhuwa, ngawula ka Mantenna téh nu pangpentingna. Kumaha parasaan Sadérék lamun teu bisa ngobrolkeun hal ieu jeung batur hirup Sadérék? Loba nu mutuskeun pikeun tetep léngoh ti batan nikah jeung jalma nu teu nyaah sarta teu ngawula Yéhuwa.​—Baca Jabur 32:8.

11. Kumaha carana milih batur hirup nu cocog?

11 Tapi, lain hartina saha waé nu ngawula Yéhuwa bisa jadi batur hirup nu cocog keur Sadérék. Lamun Sadérék hayang nikah, téangan nu dipikaresep jeung nu bisa akur jeung Sadérék. Sing sabar nepi ka Sadérék manggih jalma nu boga cita-cita jeung tujuan nu sarua sarta nu miheulakeun pangawulaan ka Yéhuwa. Sadiakeun waktu pikeun maca jeung ngalenyepan naséhat pikeun perkawinan nu aya dina publikasi ti gandék nu satia.​—Baca Jabur 119:105.

12. Naon palajaran tina kabiasaan perkawinan nu aya dina Alkitab?

 12 Dina sababaraha kabudayaan, geus jamak lamun kolot ngajodokeun anakna, sabab kolot dianggap nyaho nu pangalusna keur anakna. Ieu ogé kabiasaan nu umum dina jaman Alkitab. Jadi lamun kulawarga Sadérék boga kabiasaan ieu, Alkitab méré nyaho sipat-sipat naon waé nu kudu ditingali ku kolot ti calon minantu. Contona, basa Ibrahim néangan pamajikan keur Ishak, manéhna teu ningali harta atawa status sosialna, tapi ningali kanyaahna ka Yéhuwa.​—Kajadian 24:3, 67; tingali Catetan Ahir 25.

 KUMAHA CARANA NYIAPKEUN DIRI?

13-15. (a) Kumaha saurang lalaki bisa nyiapkeun diri jadi salaki nu hadé? (b) Kumaha saurang awéwé bisa nyiapkeun diri jadi pamajikan nu binangkit?

13 Lamun Sadérék mikirkeun rék nikah, Sadérék kudu nyiapkeun diri. Sanajan Sadérék geus ngarasa siap, hayu urang bahas saperti kumaha nu siap nikah téh. Bisa jadi aya hal nu teu kapikiran ku Sadérék.

Sadiakeun waktu pikeun maca jeung ngalenyepan naséhat Firman Allah ngeunaan perkawinan

14 Alkitab nyebutkeun yén salaki jeung pamajikan téh masing-masing boga tanggung jawab dina kulawarga. Jadi, nu kudu disiapkeun ku lalaki jeung awéwé téh béda. Lalaki nu hayang nikah kudu mikirkeun naha manéhna siap jadi kapala kulawarga. Yéhuwa miharep sangkan salaki merhatikeun kabutuhan matéri sarta émosi pamajikan jeung anakna. Nu pangpentingna, salaki kudu siap mingpin kulawargana dina ibadah ka Allah. Ceuk Alkitab, jalma nu teu merhatikeun kulawargana téh ”leuwih jahat ti batan anu teu boga iman”. (1 Timoteus 5:8) Jadi, lamun Sadérék mikirkeun rék nikah, pék lenyepan prinsip Alkitab ieu, ”Memeh nyieun imah atawa rek imah-imah, uruskeun heula rajakaya, sangkan reugreug, aya keur tatali hurip.” Maksudna, saacan nikah, pastikeun yén Sadérék bisa nyumponan tanggung jawab sabagé salaki nu dipiharep Yéhuwa.​—Siloka 24:27.

15 Awéwé nu hayang nikah kudu mikirkeun naha manéhna siap narima tanggung jawab sabagé pamajikan, atawa bisa jadi sabagé indung. Alkitab  nyebutkeun cara-cara pamajikan nu binangkit ngurus salaki jeung anakna. (Siloka 31:10-31) Kiwari, loba lalaki jeung awéwé ngan mikirkeun naon nu bisa ditarima ti batur hirupna. Tapi, Yéhuwa hoyong urang mikirkeun naon nu bisa dibikeun ka batur hirup.

16, 17. Naon nu kudu dilenyepan saacan Sadérék nikah?

16 Saacan Sadérék nikah, lenyepan naon waé nu dipiharep Yéhuwa ti salaki jeung pamajikan. Jadi kapala kulawarga lain hartina meunang nganiaya, boh sacara fisik boh sacara émosi. Kapala kulawarga nu hadé mah bakal nyonto Yésus nu nyaahan jeung bageur. (Epesus 5:23) Awéwé ogé kudu mikirkeun carana ngarojong putusan salakina sarta sabilulungan jeung salakina. (Rum 7:2) Manéhna kudu ngalenyepan naha manéhna réla tunduk ka salaki nu teu sampurna. Lamun henteu, bisa jadi manéhna milih pikeun teu nikah heula.

17 Salaki jeung pamajikan kudu leuwih ngutamakeun kabagjaan batur hirupna ti batan dirina sorangan. (Baca Pilipi 2:4.) Paulus nulis, ”Unggal salaki kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan, unggal pamajikan kudu hormat ka salaki.” (Epesus 5:21-33) Rék salaki rék pamajikan perlu ngarasa dipikanyaah jeung diajénan. Tapi sangkan perkawinan suksés, salaki kudu bisa ngarasa diajénan ku pamajikanana, sarta pamajikan kudu bisa ngarasa dipikanyaah ku salakina.

18. Ku naon pasangan nu keur bobogohan kudu ati-ati?

18 Bobogohan téh mangsa nu nyenangkeun pikeun  silih pikawanoh. Ieu ogé mangsa pikeun ningali kaayaan sacara jujur jeung asup akal naha maranéhna rék nikah atawa henteu. Lalaki jeung awéwé nu keur bobogohan bisa diajar komunikasi jeung silih ngarti kana parasaan masing-masing. Beuki raket hubunganana, beuki hayang terus deudeukeutan. Ieu téh wajar, tapi saacan resmi nikah, maranéhna kudu ngadalikeun parasaan éta sangkan teu kajiret ku lampah cabul. Cinta sajati bakal ngageuing maranéhna pikeun ngadalikeun diri sarta  henteu ngalakukeun hal-hal nu bisa ngaruksak hubungan maranéhna sarta sosobatan maranéhna jeung Yéhuwa.​—1 Tesalonika 4:6.

Lalaki jeung awéwé nu keur bobogohan bisa diajar komunikasi

CARANA SUPAYA PERKAWINAN LANGGENG

19, 20. Kumaha pandangan urang Kristen kana perkawinan?

19 Loba buku jeung film nyaritakeun pasangan nu ahirna nikah jeung katingali bagja. Kanyataanana, nikah téh kakara mimitina. Yéhuwa miharep sangkan perkawinan langgeng.​—Kajadian 2:24.

20 Kiwari, loba jalma boga pandangan nu béda jeung Yéhuwa. Maranéhna gancang nikah, gancang ogé pepegatan. Aya nu mikir yén maranéhna bisa ninggalkeun batur hirupna sarta pepegatan lamun muncul masalah. Tapi, inget kana ibarat Alkitab ngeunaan tali tilu rara nu kajalin kuat. Tali saperti kitu moal gampang pegat sanajan dibetot kumaha ogé. Ku bantuan Yéhuwa, perkawinan bisa langgeng. Ceuk Yésus, ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”​—Mateus 19:6.

21. Kumaha sangkan perkawinan tetep bagja?

21 Urang kabéh boga kaleuwihan jeung kakurangan. Merhatikeun kakurangan mah gampang, komo deui ti batur hirup. Tapi lamun kitu, urang moal bagja. Sabalikna, lamun urang merhatikeun sipat-sipat hadé batur hirup, perkawinan bakal bagja. Naha ieu bisa dilampahkeun sanajan batur hirup urang teu sampurna? Tangtu! Yéhuwa apal yén urang téh teu sampurna, tapi Mantenna merhatikeun sipat-sipat hadé urang. Bayangkeun lamun Mantenna teu kitu! Ceuk nu nulis jabur, ”Upami  dosa abdi-abdi ku Gusti tetep diemutan, saha anu tiasa luput tina hukumanana?” (Jabur 130:3) Salaki pamajikan bisa nyonto Yéhuwa ku cara merhatikeun kahadéan batur hirup sarta hampuraan.​—Baca Kolosa 3:13.

22, 23. Kumaha Ibrahim jeung Sarah jadi tuladan pikeun salaki pamajikan?

22 Dina lumangsungna waktu, perkawinan bisa  beuki kuat. Perkawinan Ibrahim jeung Sarah langgeng tur bagja. Waktu Yéhuwa nitah Ibrahim pikeun ninggalkeun imahna di kota Ur, bisa jadi umur Sarah geus leuwih ti 60 taun. Bayangkeun sakumaha beuratna Sarah kudu ninggalkeun imahna nu genah tuluy matuh di kémah-kémah. Tapi, Sarah téh sobat sarta batur pakumaha nu hadé, manéhna ogé ngajénan pisan ka salakina. Ku kituna, manéhna ngarojong putusan Ibrahim sangkan hasil.​—Kajadian 18:12; 1 Petrus 3:6.

23 Tangtu perkawinan nu bagja téh lain hartina salaki pamajikan kudu sarua terus pamikiranana. Sakali waktu, Ibrahim teu satuju jeung Sarah. Tapi, Yéhuwa nyarios ka Ibrahim, ”Pamenta Sarah turutkeun bae.” Ibrahim nurut, sarta hasilna alus. (Kajadian 21:9-13) Lamun sakapeung Sadérék teu sapamikiran jeung batur hirup, ulah sedih. Nu penting mah Sadérék duaan tetep silih pikanyaah jeung silih ajénan waktu béda pamikiran.

Ti mimiti nikah, tuturkeun Firman Allah

24. Kumaha sangkan perkawinan urang ngamulyakeun Yéhuwa?

24 Di sidang Kristen, aya rébuan pasangan nu perkawinanana bagja. Lamun Sadérék hayang nikah, inget yén milih batur hirup téh salah sahiji putusan nu pangpentingna. Ieu bakal mangaruhan hirup Sadérék saterusna, jadi pék tuturkeun bingbingan Yéhuwa. Ku kituna, Sadérék bisa bijaksana dina milih batur hirup, bisa nyiapkeun diri pikeun nikah, sarta ngawangun perkawinan nu kuat jeung silih asih, nu ngamulyakeun Yéhuwa.