”Kudu ngupayakeun maneh sangkan kamanah ku Pangeran.”—EPESUS 5:10.

1. Kumaha carana sangkan ibadah urang kamanah ku Allah? Ku naon ieu téh teu gampang?

CEUK Yésus, ”Umat anu tulen ibadah teh, nya eta anu nyembah ka Rama kalawan roh jeung kayaktian. Kudu kitu, ngabakti nurutkeun pangersa Allah mah.” (Yohanes 4:23, SF; 6:44) Urang sadaya ”kudu ngupayakeun maneh sangkan kamanah ku Pangeran”. (Epesus 5:10) Ieu téh teu gampang. Sétan terus ngupayakeun pikeun nyasabkeun urang. Manéhna hayang urang ngalakukeun hal nu teu kamanah ku Yéhuwa.—Wahyu 12:9.

2. Aya kajadian naon di Gunung Sinai?

2 Kumaha carana Sétan nyasabkeun urang? Salah sahiji carana, manéhna nyieun urang bingung dina ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah. Perhatikeun naon nu kaalaman bangsa Israil waktu keur cicing di deukeut Gunung Sinai. Harita, Musa keur di gunung, ari bangsa Israil keur ngadagoan Musa balik. Tapi, maranéhna teu sabar jeung nitah Harun nyieun aallahan mangrupa patung sapi emas. Maranéhna ngayakeun pésta, ngarigel, jeung sujud ka éta brahala. Maranéhna percaya yén sujud ka éta patung sarua  jeung nyembah ka Yéhuwa. Sanajan maranéhna nyebut ieu téh ’pesta ngagungkeun PANGERAN’, dina pandangan Yéhuwa éta mah salah. Éta sarua jeung nyembah brahala, balukarna loba nu diparaéhan. (Budalan 32:1-6, 10, 28) Naon palajaranana? Ulah daék dibobodo. ”Usahakeun supaya . . . tetep beresih” jeung sing nurut kana pituduh Yéhuwa ngeunaan nu bener jeung nu salah.—Yesaya 52:11; Yeheskel 44:23; Galata 5:9.

3, 4. Ku naon penting mariksa asal-usul ti sababaraha hari raya nu umum?

3 Waktu Yésus di bumi, anjeunna ngalatih para rasul pikeun ngajungjung ibadah nu bersih. Sanggeus anjeunna maot, para rasul terus ngajarkeun prinsip-prinsip Yéhuwa ka murid-murid nu anyar. Tapi sanggeus para rasul maot, guru-guru palsu ngajarkeun pamikiran nu salah sarta kabiasaan jeung hari raya kapir ka sidang Kristen. Maranéhna ogé ngaganti ngaran kabiasaan kapir ieu sangkan diaku jadi pangajaran Kristen. (2 Tesalonika 2:7, 10; 2 Yohanes 6, 7) Kiwari, loba hari raya kapir ieu masih kénéh dirayakeun, jeung ngagul-ngagulkeun pangajaran palsu sarta roh-roh jahat. *Wahyu 18:2-4, 23.

4 Di sakuliah dunya, hari raya téh hal nu penting pikeun loba jalma. Tapi, salila diajar cara pikir Yéhuwa, Sadérék bisa jadi sadar perlu nyaluyukeun cara pikir ngeunaan sababaraha hari raya. Mémang ieu teu  gampang, tapi Sadérék bisa ngandelkeun pitulung Yéhuwa. Hayu urang pariksa asal-usul ti sababaraha hari raya nu umum sangkan bisa leuwih paham parasaan Yéhuwa ngeunaan hal-hal éta.

ASAL-USUL NATAL

5. Naon buktina Yésus lahirna lain dina tanggal 25 Désémber?

5 Di loba nagri, Natal téh dirayakeun unggal tanggal 25 Désémber. Loba jalma percaya ieu téh poé lahirna Yésus. Alkitab teu nyebutkeun poé jeung bulanna Yésus lahir, tapi aya katerangan yén Yésus lahirna lain di bulan Désémber. Lukas nulis yén basa Yésus lahir di Bétléhém, ”Di hiji tegalan . . . aya anu keur ngajaraga domba ingon-ingonna.” (Lukas 2:8-11) Dina bulan Désémber mah Bétléhém téh keur tiris-tirisna, aya hujan jeung salju. Tangtu para pangangon jeung domba-dombana moal aya di tegalan peuting-peuting. Ti dieu, urang bisa nyaho yén Yésus lahir waktu hawana teu pati tiris. Bukti tina Alkitab jeung sajarah némbongkeun yén Yésus dilahirkeun antara bulan Séptémber jeung Oktober.

6, 7. (a) Ti mana asalna Natal? (b) Naon sakuduna alesan urang méré kado?

6 Jadi, ti mana asalna Natal? Ti hari raya kapir, saperti hari raya Saturnalia. Urang Rum ngarayakeunana pikeun Saturnus, déwa pertanian. The Encyclopedia Americana nyebutkeun, ”Saturnalia, hari raya bangsa Rum nu dirayakeun di tengah bulan Désémber, jadi conto pikeun loba kabiasaan pésta-pésta dina Natal. Misalna, tina hari raya ieu, ayeuna aya pésta gedé-gedéan, patukeur-tukeur kado, jeung  kabiasaan nyundut lilin.” Salian ti éta, ulang taun Mitra, déwa panonpoé bangsa Pérsia, dirayakeun tanggal 25 Désémber.

7 Tapi ayeuna, loba jalma nu ngarayakeun Natal teu mikirkeun asal-usulna nu kapir. Maranéhna ngadagoan poé Natal pikeun ngumpul jeung kulawarga, dahar babarengan, jeung patukeur-tukeur kado. Tangtu, urang nyaah ka kulawarga jeung sobat, Yéhuwa ogé hoyong umat-Na béréhan. Dua Korinta 9:7  nyebutkeun, ”Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.” Yéhuwa teu hoyong urang béréhan ngan dina acara husus wungkul. Umat Yéhuwa mah béréhan sarta resep kumpul bareng jeung kulawarga tur sobat iraha waé, bari teu miharep balesan. Ieu lantaran maranéhna kageuing ku kanyaah.—Lukas 14:12-14.

Asal-usul hari raya bisa ngabantu urang nyaho mana nu kudu disingkahan

8. Naha ahli nujum méré kado ka Yésus nu kakara dilahirkeun? Jelaskeun.

8 Pikeun ngadukung kabiasaan patukeur-tukeur kado waktu Natal, loba nu ngomong yén tilu priya bijaksana mawa hadiah pikeun Yésus nu kakara dilahirkeun dina kandang. Mémang bener aya priya-priya nu nganjangan Yésus jeung méré hadiah. Di jaman Alkitab, geus umum lamun méré hadiah ka jalma penting. (1 Raja 10:1, 2, 10, 13) Tapi, Alkitab nyebutkeun yén maranéhna téh ahli nujum nu ngalakukeun élmu gaib jeung teu ngawula Yéhuwa. Maranéhna ogé henteu nganjangan Yésus basa anjeunna orok kénéh dina hiji kandang, tapi waktu Yésus disebut ”murangkalih” jeung aya dina ”hiji pondok”.—Mateus 2:1, 2, 11.

PANDANGAN ALKITAB NGEUNAAN ULANG TAUN

9. Ulang taun saha nu dicatet dina Alkitab?

9 Lahirna orok téh mawa kabagjaan. (Jabur 127:3) Tapi, lain hartina urang kudu ngarayakeun ulang taun. Pék pikirkeun hal ieu, ngan aya dua acara ulang taun nu dicatet dina Alkitab. Nu kahiji, ulang taun Piraon di Mesir. Nu kadua, ulang taun Raja Hérodés Antipas. (Baca Kajadian 40:20-22; Markus 6:21-29.)  Maranéhna lain umat Yéhuwa. Justru, Alkitab teu nyebutkeun hiji-hiji acan umat Yéhuwa nu ngarayakeun ulang taun.

10. Kumaha pandangan urang Kristen nu mimiti ngeunaan ulang taun?

10 The World Book Encyclopedia nyebutkeun yén urang Kristen nu mimiti mah ”nganggap ngarayakeun ulang taun téh kabiasaan kapir”. Kabiasaan éta asalna ti agama palsu. Contona, urang Yunani kuno percaya yén unggal jalma ditangtayungan ku hiji roh nu hadir dina poé lahirna. Maranéhna yakin yén éta roh aya patalina jeung déwa nu poé lahirna sarua jeung éta jalma. Salian ti pangajaran kapir, ulang taun gé aya patalina jeung élmu nujum sarta ramalan béntang.

11. Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan sikep béréhan?

11 Loba jalma nganggap poé ulang taunna téh istiméwa, jadi maranéhna ngarasa kudu diperhatikeun jeung dipikanyaah. Tapi, urang mah némbongkeun kanyaah ka kulawarga jeung sobat iraha waé, lain dina poé husus wungkul. Yéhuwa hoyong urang jadi jalma bageur jeung béréhan unggal waktu. (Baca Rasul 20:35.) Urang gé nganuhunkeun ka Mantenna pikeun sagala kurnia kahirupan unggal poé, lain dina poé ulang taun wungkul.—Jabur 8:4, 5; 36:10.

Urang Kristen sajati béréhan ka batur lantaran nyaah ka maranéhna

12. Ku naon poéan ajal leuwih hadé ti batan poéan wedal?

12 Ceuk Pandita 7:1, ”Mending oge ngaran seungit ti batan seuseungitan anu marahal. Poean ajal leuwih hade ti batan poean wedal.” Ku naon poéan ajal leuwih hadé ti batan poéan wedal? Basa kakara  dilahirkeun, urang can ngalampahkeun nanaon, boh nu hadé boh nu goréng. Tapi, urang nyieun ”ngaran seungit” ku cara ngagunakeun hirup urang pikeun ngawula Yéhuwa jeung hadé ka batur. Ku lantaran éta, urang bakal diinget ku Yéhuwa sanajan geus maot. (Ayub 14:14, 15) Hamba Yéhuwa moal ngarayakeun ulang taun manéhna sorangan atawa ulang taun Yésus. Malahan, Yésus maréntahkeun  urang pikeun ngarayakeun Pangéling-ngéling pupusna anjeunna.—Lukas 22:17-20; Ibrani 1:3, 4.

ASAL-USUL PASKA

13, 14. Paska (Easter) aya patalina jeung naon?

13 Loba nu percaya yén Paska (Easter) téh pikeun ngarayakeun dihirupkeunana Yésus. Tapi sabenerna, hari raya ieu aya patalina jeung Eostre, déwi caang jeung usum semi nu disembah ku bangsa Anglo-Saxon nu kapir. The Dictionary of Mythology ogé nyebutkeun yén manéhna téh déwi kasuburan. Sababaraha kabiasaan Paska aya patalina jeung déwi ieu. Misalna, Encyclopædia Britannica nyebutkeun yén endog ”geus umum dianggap sabagé lambang hirup nu anyar jeung dihudangkeunana jalma nu maot”. Kelenci ogé geus umum jadi lambang kasuburan dina ibadah kapir. Jadi jelas yén Paska teu aya patalina jeung dihirupkeunana Yésus.

14 Naha Yéhuwa resep ningali jalma nu nyampurkeun kabiasaan kapir jeung kajadian dihirupkeunana deui putra-Na? Tangtu henteu. (2 Korinta 6:17, 18) Justru, Yéhuwa teu pernah maréntahkeun poé dihirupkeunana Yésus pikeun dirayakeun.

ASAL-USUL DIRAYAKEUNANA TAUN ANYAR

15. Naon asal-usul dirayakeunana Taun Anyar?

15 Sanajan unggal nagri boga kabiasaan nu béda-béda, lolobana jalma osok teu saré sapeupeuting dina tanggal 31 Désémber pikeun ”ningal liwatna taun nu heubeul”. Peuting éta biasana loba nu marabok, rarucah, patukeur-tukeur kado, jeung nyieun ikrar keur taun nu anyar. Kabiasaan ieu jelas aya patalina jeung  pésta kapir. Kabiasaan séjénna nyaéta nyundut kembang api pikeun ngusir roh-roh jahat. World Book Encyclopedia taun 1966, Jilid 14, kaca 237, nyebutkeun, ”Di Rum kuno, poé mimiti unggal taunna téh dihususkeun pikeun Janus, déwa gapura jeung panto sarta déwa awal jeung ahir. . . . Taun anyar dianggap sabagé poé suci ku garéja dina taun 487 M basa poé éta ditetepkeun sabagé Hari Raya Sunat. Tadina mah teu meunang aya pésta dina poé éta lantaran ieu kabiasaanana urang kapir. Tapi, lila-lila mah meunang.”

HAJAT KAWINAN NU KAMANAH KU ALLAH

16, 17. Naon nu kudu diinget waktu ngarencanakeun hajat kawinan?

16 Hajat kawinan téh acara nu matak ngabungahkeun. Di sakuliah dunya, kabiasaan hajat téh béda-béda. Biasana, jalma teu apal kana asal-usulna nu bisa waé tina kabiasaan kapir. Tapi, pasangan Kristen tangtu bakal ngarencanakeun hajatan nu luyu jeung kahoyong Yéhuwa. Maranéhna bisa nyieun putusan nu hadé lamun mariksa asal-usul kabiasaan hajat kawinan.—Markus 10:6-9.

17 Sababaraha kabiasaan hajat kawinan dianggap bisa mawa alus-milik ka pangantén anyar. (Yesaya 65:11) Contona, di sababaraha tempat aya kabiasaan nyawér béas atawa nu sajabana ka pangantén. Jalma-jalma yakin yén kabiasaan ieu bisa mawa kabagjaan, umur panjang, méré turunan, jeung nyalindungan pangantén ti nu jahat. Tapi, urang Kristen nyingkahan sagala kabiasaan nu aya patalina jeung ibadah palsu.—Baca 2 Korinta 6:14-18.

18. Naon waé prinsip Alkitab ngeunaan hajat kawinan?

 18 Pasangan Kristen tangtu hayang hajat kawinanana jadi acara nu ngabagjakeun, sopan, sarta mawa kabungah ka sakabéh tamu. Anu nepikeun kekecapan keur pangantén gé moal nyaritakeun hal-hal nu bisa ngérakeun pangantén jeung nu séjénna, sarta moal museurkeun perhatian kana kabeungharan pangantén atawa hal-hal nu aya patalina jeung roh dunya. (Lukas 6:31; 10:27; 1 Korinta 2:12) Hajat kawinan Kristen gé moal mamérkeun harta banda ”anu diugung-ugung ku jelema”. (1 Yohanes 2:16) Engké waktu nginget deui hajat kawinan Sadérék, éta tangtu jadi pangalaman nu éndah.—Tingali Catetan Ahir 28.

ASAL-USUL KABIASAAN BERSULANG (TOAST)

19, 20. Naon asal-usulna bersulang?

19 Kabiasaan séjén nu umum dina hajat kawinan téh nyaéta bersulang. Waktu bersulang, saurang jalma bakal ngucapkeun harepanana bari nu séjén ngangkat gelasna. Kumaha sakuduna pandangan urang Kristen kana hal éta?

20 Buku International Handbook on Alcohol and Culture ngajelaskeun yén bisa jadi bersulang téh kabiasaan kapir pikeun ”nyanggakeun inuman suci ka déwa-déwa”. Éta ”ngalambangkeun harepan atawa doa singget, ’sing panjang umur!’ atawa ’sing séhat!’” Di jaman baheula, jalma-jalma ngangkat gelasna pikeun ménta berkah ti para déwa. Tapi, lain kitu carana Yéhuwa masihan berkah.—Yohanes 14:6; 16:23.

 ”PANGERAN ASIHEUN KA JALMA NU NGAMUSUH KAGORENGAN”

21. Hari raya atawa kabiasaan naon deui nu kudu disingkahan?

21 Waktu Sadérék keur mikirkeun rék milu atawa henteu hiji hari raya atawa kabiasaan, pikirkeun sikep jeung tingkah laku naon nu ditémbongkeun. Contona, dina sababaraha hari raya atawa pawéy aya igel-igelan nu érotis, mabok-mabokan, malahan kalakuan nu cabul. Nu séjénna deui némbongkeun cara hirup jalma nu homo jeung lésbi atawa sumanget nasionalisme. Lamun urang milu ngarayakeunana, naha urang sarua jeung Yéhuwa nu ngamusuh kagoréngan?—Jabur 1:1, 2; 97:10; 119:37.

22. Waktu mutuskeun rék milu hiji hari raya atawa kabiasaan, prinsip naon nu bisa ngabantu?

22 Sing ati-ati jeung singkahan hari raya tur kabiasaan nu teu ngamulyakeun Allah. Rasul Paulus nulis, ”Boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah.” (1 Korinta 10:31; tingali Catetan Ahir 29.) Mémang, teu kabéh hari raya tur kabiasaan aya patalina jeung lampah cabul, agama palsu, atawa nasionalisme. Lamun hiji kagiatan teu ngalanggar prinsip Alkitab, urang bisa nyieun putusan pribadi rék milu atawa henteu. Urang ogé kudu mikirkeun pangaruh putusan urang ka batur.

MULYAKEUN YÉHUWA DINA UCAP JEUNG LAMPAH

23, 24. Kumaha carana ngajelaskeun putusan urang ka anggota kulawarga nu lain Saksi?

23 Sadérék bisa jadi geus teu miluan hari raya tur kabiasaan nu teu ngamulyakeun Yéhuwa. Tapi, bisa jadi aya anggota kulawarga nu ngarasa Sadérék teu nyaah ka maranéhna atawa teu daék babarengan deui. Keur  maranéhna, hari raya téh waktu keur kumpul kulawarga. Jadi, Sadérék kudu kumaha? Aya loba cara pikeun ngayakinkeun maranéhna yén Sadérék nyaah jeung nganggap maranéhna penting. (Siloka 11:25; Pandita 3:12, 13) Sadérék bisa ngajak maranéhna ririungan dina kasempetan séjén.

24 Lamun baraya Sadérék hayang nyaho ku naon Sadérék teu miluan ngarayakeun hari raya, Sadérék bisa nalungtik ti publikasi jeung jw.org pikeun ngajelaskeun ka maranéhna. Ulah nunjukkeun yén Sadérék hayang meunang sorangan atawa maksakeun pamikiran Sadérék. Jelaskeun ka kulawarga yén Sadérék geus mikirkeun loba hal saacan nyieun putusan. Tetep tenang, ”kecapna sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat”.—Kolosa 4:6.

25, 26. Kumaha kolot bisa mantuan barudakna pikeun ngajénan papakon Yéhuwa?

25 Urang masing-masing kudu bener-bener paham alesan urang teu milu ngarayakeun hiji hari raya jeung kabiasaanana. (Ibrani 5:14) Tujuan urang nyaéta nyenangkeun Yéhuwa. Sabagé kolot, urang kudu ngabantu barudak paham jeung ngajénan prinsip-prinsip Alkitab. Lamun Yéhuwa nyata pikeun barudak, maranéhna bakal kageuing pikeun nyenangkeun Mantenna.—Yesaya 48:17, 18; 1 Petrus 3:15.

26 Yéhuwa bungah ningali urang satékah polah ngupayakeun ibadah nu bersih jeung hirup jujur. (Yohanes 4:23, SF) Tapi, loba jalma mikir yén urang teu bisa bener-bener jujur di dunya nu pinuh ku jalma nu teu jujur. Naha éta téh bener? Hayu urang bahas dina pasal saterusna.

^ par. 3 Pikeun katerangan nu leuwih rinci ngeunaan hari raya, mangga tingali Indeks Publikasi Menara Pengawal, Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa, jeung jw.org.