1-3. Pananya naon nu sering ditanyakeun ngeunaan nu maot, jeung kumaha jawaban ti sababaraha agama?

AYA jangji dina Kitab Suci yén dina mangsa pikahareupeun ”paeh . . . moal aya-aya deui”. (Wahyu 21:4) Di Pasal 5, urang geus ngabahas yén tebusan téh méré harepan hirup langgeng. Tapi, ayeuna jalma-jalma masih kénéh maraot. (Pandita 9:5) Jadi, bisa waé urang tatanya, kumaha kaayaan urang waktu urang maot?

2 Jawaban tina éta pananya penting pisan, komo deui lamun jalma nu dipikaasih ku urang maot. Urang bisa waé tatanya: ’Ari nu maot téh aya di mana ayeuna? Manéhna bisa ningali urang? Bisa nulungan urang? Urang bisa panggih deui teu jeung manéhna?’

3 Agama-agama méré jawaban nu béda-béda. Aya nu ngajarkeun lamun jelemana bageur, bakal hirup di sawarga. Tapi lamun jahat, bakal disiksa di naraka. Nu séjénna ngajarkeun yén nu maot bakal dikumpulkeun deui jeung moyang-moyangna di alam roh. Aya ogé nu ngajarkeun yén sanggeusna diadilan, nu maot bakal dilahirkeun deui jadi manusa, malahan mah bisa waé jadi sato.

4. Pamikiran nu sarua naon nu diajarkeun ku kalolobaan agama?

4 Sanajan méré jawaban nu béda-béda, tapi kalolobaan agama boga pamikiran nu sarua. Maranéhna ngajarkeun yén aya bagian tina diri manusa nu tetep hirup sanajan geus maot. Naha pangajaran éta téh bener?

 KUMAHA KAAYAAN NU MAOT?

5, 6. Kumaha kaayaan urang waktu urang maot?

5 Yéhuwa terang kaayaan nu maot. Mantenna masihan terang yén waktu maot, jalma teu boga deui kahirupan. Maot téh sabalikna tina hirup. Jadi waktu jalma maot, sagala parasaan jeung pikiranana ogé moal aya deui. * Waktu urang maot, urang moal bisa ningali, ngadéngé, jeung mikir-mikir acan.

6 Raja Suléman nulis yén ”nu paeh mah teu nyaho naon-naon”. Nu maot mah teu boga kanyaah atawa kangéwa, jeung ”moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter”. (Baca Pandita 9:5, 6, 10.) Di Jabur 146:4, Kitab Suci ogé nyebutkeun yén waktu jalma maot, ”sagala pamaksudanana” musna.

PANGAJARAN YÉSUS NGEUNAAN NU MAOT

Yéhuwa nyiptakeun manusa pikeun hirup langgeng di bumi

7. Naon nu diajarkeun ku Yésus ngeunaan kaayaan nu maot?

7 Waktu Lasarus maot, Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Sobat urang, Lasarus keur sare.” Tapi, maksudna téh Lasarus lain keur reureuh. Yésus terus ngajelaskeun, ”Geus maot Lasarus teh.” (Yohanes 11:11-14) Yésus ngaibaratkeun jalma nu maot saperti jalma nu keur saré. Yésus teu nyaritakeun lamun Lasarus aya di sawarga atawa dikumpulkeun deui jeung kulawargana nu geus maot. Anjeunna ogé teu nyaritakeun yén Lasarus disiksa di naraka atawa dilahirkeun deui jadi manusa séjén atawa sato. Henteu, Lasarus kawas jalma nu keur saré tibra. Dina kajadian séjénna, Yésus ogé ngaibaratkeun jalma nu maot saperti jalma nu saré  tibra. Waktu Yésus ngahirupkeun deui budakna Yairus, anjeunna ngomong kieu, ”Budak teh lain maot, keur sare!”​—Lukas 8:52.

8. Ti mana urang nyaho yén Allah teu nyiptakeun urang sangkan maot?

8 Naha Allah nyiptakeun Adam jeung Hawa sangkan maranéhna maraot? Henteu! Yéhuwa nyiptakeun maranéhna sangkan hirup langgeng jeung boga kaséhatan nu sampurna. Maranéhna dibéré kahayang pikeun hirup langgeng. (Pandita 3:11, NW) Euweuh kolot nu miharep budakna ngolotan terus maot, kitu ogé Yéhuwa. Tapi, lamun urang diciptakeun pikeun hirup langgeng, ku naon urang maot?

 NAON SABABNA URANG MAOT?

9. Naon sababna paréntah Yéhuwa ka Adam jeung Hawa téh asup akal?

9 Di taman Éden, Yéhuwa masihan paréntah ka Adam, ”Bubuahan tangkal nu mana bae di ieu taman, meunang didahar, kajaba ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng. Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh.” (Kajadian 2:9, 16, 17) Éta lain paréntah nu hésé. Yéhuwa ogé kagungan hak pikeun netepkeun hadé goréngna keur Adam jeung Hawa. Lamun maranéhna taat, éta hartina maranéhna ngahargaan wewenang Allah ogé nunjukkeun rasa sukurna ka Allah.

10, 11. (a) Kumaha Sétan nipu Adam jeung Hawa? (b) Naon sababna kasalahan Adam jeung Hawa teu bisa dihampura?

10 Adam jeung Hawa milih teu taat ka Allah. Sétan ngagoda Hawa, ”Na enya saur Allah, anjeun teu meunang ngadahar bubuahan nu aya di ieu taman?” Hawa ngajawab, ”Bubuahan di ieu taman, ti tangkal mana bae oge meunang didahar, kajaba ti tangkal anu di tengah-tengah taman. Geus dielingan ku Allah yen teu meunang didahar, dicabak ge ulah, sabab mun ngadahar eta tangtu paeh.”​—Kajadian 3:1-3.

11 Terus Sétan némbalan, ”Teu kitu. Hamo matak paeh. Allah sasauran kitu teh pedah uninga, yen upama aranjeun ngadahar eta buah kapinteran, aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng.” (Kajadian 3:4-6) Sétan mangaruhan Hawa sangkan boga pamikiran yén manéhna bisa mutuskeun sorangan nu hadé jeung nu goréng. Sétan ogé ngabohong yén Hawa moal maot lamun teu taat ka Allah. Jadi, Hawa ngadahar éta buah terus dibikeun ka salakina.  Adam jeung Hawa nyaho yén maranéhna teu meunang ngadahar éta buah. Waktu ngadahar éta buah, maranéhna ngahaja teu taat kana paréntah Allah nu jelas jeung asup akal. Éta ogé némbongkeun yén maranéhna teu hormat ka Bapana nu sipat asih. Kasalahan maranéhna teu bisa dihampura!

12. Naon sababna Adam jeung Hawa teu taat ka Yéhuwa téh nguciwakeun pisan?

12 Kacida nguciwakeunana waktu kolot urang nu mimiti teu hormat ka Nu Nyipta maranéhna! Kumaha parasaan Sadérék lamun budak nu digedékeun ku Sadérék barontak jeung teu nurut ka Sadérék? Pasti Sadérék nyeri haté!

Adam asalna tina taneuh, manéhna balik deui ngajadi taneuh

13. Naon hartina ”balik deui ngajadi taneuh”?

13 Waktu Adam jeung Hawa teu taat ka Allah, maranéhna kaleungitan harepan hirup langgeng. Yéhuwa masihan terang Adam, ”Ku sabab maneh dijieun teh tina taneuh, nya kudu balik deui ngajadi taneuh.” (Baca Kajadian 3:19.) Éta hartina Adam bakal balik deui ka asal, jadi taneuh. (Kajadian 2:7) Sanggeus Adam dosa, manéhna maot jeung teu aya deui.

14. Naon sababna urang maot?

14 Lamun taat ka Allah, Adam jeung Hawa bakal terus hirup nepi ka ayeuna. Tapi lantaran teu taat, maranéhna dosa terus maot. Dosa téh ibarat panyakit nu diwariskeun  ka urang ti kolot urang nu mimiti. Jadi, waktu lahir urang geus kawaris dosa, nu balukarna maot. (Rum 5:12) Éta téh lain tujuan Allah pikeun manusa. Allah teu pernah miharep manusa maot. Kitab Suci nyebutkeun yén maot téh ”musuh”.​—1 Korinta 15:26.

BEBENERAN NGABÉBASKEUN URANG

15. Kumaha bebeneran ngeunaan nu maot ngabébaskeun urang?

15 Bebeneran ngeunaan nu maot ngabébaskeun urang tina loba pangajaran nu kaliru. Kitab Suci ngajarkeun yén nu maot teu bisa ngarasa sedih atawa nyeri. Manéhna teu bisa ngomong ka urang, urang gé teu bisa ngobrol jeung manéhna. Manéhna teu bisa nulungan urang, urang gé teu bisa nulungan manéhna. Manéhna teu bisa nyilakakeun urang, jadi urang teu kudu sieun ka manéhna. Tapi, loba agama ngajarkeun yén nu maot masih kénéh hirup di alam séjén, jeung urang bisa nulungan manéhna lamun mayar ka pamingpin agama atawa ka dukun. Lantaran urang geus nyaho bebeneran ngeunaan nu maot, urang teu bisa dibobodo.

16. Kabohongan naon nu diajarkeun ku loba agama ngeunaan nu maot?

16 Sétan ngagunakeun agama palsu pikeun ngajarkeun kabohongan yén nu maot téh masih kénéh hirup. Misalna, maranéhna ngajarkeun yén lamun jalma maot, rohna atawa jiwana masih kénéh hirup. Naha agama Sadérék ngajarkeun hal éta, atawa ngajarkeun bebeneran Kitab Suci ngeunaan nu maot? Sétan ngabohongan jalma-jalma sangkan pajauh jeung Allah.

17. Naon sababna pangajaran ngeunaan naraka téh mitnah Yéhuwa?

17 Loba agama ngajarkeun pangajaran nu kaliru. Misalna, maranéhna ngajarkeun yén jalma nu jahat  bakal disiksa di naraka. Éta pangajaran téh mitnah Yéhuwa. Mantenna moal bakal nyiksa jalma-jalma ku cara kitu! (Baca 1 Yohanes 4:8.) Kumaha parasaan Sadérék lamun ningali aya bapa nu ngahukum budakna ku cara ngaduruk leungeun budakna? Bisa waé ceuk pamikir Sadérék manéhna téh jalma nu jahat. Sadérék teu hayang kenal ka manéhna. Sétan hayang urang boga parasaan saperti kitu ka Yéhuwa!

18. Naon sababna urang teu perlu sieun ka nu maot?

18 Sababaraha agama ngajarkeun yén jalma nu maot téh ngajadi roh. Maranéhna ngajarkeun yén urang kudu hormat, malahan mah sieun ka nu maot, lantaran nu maot bisa jadi sobat nu bisa nulungan atawa musuh nu nyilakakeun. Loba jalma percaya kana kabohongan éta. Lantaran sieun ka nu maot, maranéhna leuwih ngahormat ka nu maot ti batan ka Yéhuwa. Padahal mah nu maot teu bisa ngarasakeun nanaon, jadi teu perlu dipikasieun. Yéhuwa téh Nu Nyipta urang. Mantenna Allah nu sajati, nu kudu disembah ku urang.​—Wahyu 4:11.

19. Naon mangpaatna nyaho bebeneran ngeunaan nu maot?

19 Waktu urang nyaho bebeneran ngeunaan nu maot, urang dibébaskeun tina pangajaran-pangajaran palsu. Bebeneran ogé bisa ngabantu urang paham kana jangji Yéhuwa pikeun kahirupan ogé mangsa pikahareupeun urang.

20. Naon nu bakal dibahas di pasal saterusna?

20 Rébuan taun katukang, hamba Allah nu ngaranna Ayub pernah nanya, ”Na tiasa jalmi nu parantos maot hirup deui?” (Ayub 14:14) Naha enya nu maot bisa hirup deui? Jangji Allah nu aya dina Kitab Suci kacida ngabungahkeunana. Éta bakal dibahas di pasal saterusna.

^ par. 5 Loba jalma percaya yén sanggeusna maot, aya jiwa atawa roh nu tetep hirup. Pikeun katerangan nu leuwih loba, tingali Catetan Ahir 17 jeung 18.