1 YÉHUWA

Nami Allah téh Yéhuwa, nu boga harti ”Mantenna Nu Ngawujudkeun”. Yéhuwa téh Allah Nu Mahakawasa, Mantenna nu nyiptakeun sagalana. Mantenna kagungan kawasa pikeun ngalaksanakeun sagala kahoyong-Na.

Dina basa Ibrani, nami Allah ditulis maké opat aksara. Dina basa Sunda ditarjamahkeun jadi YHWH. Nami Allah aya ampir 7.000 kali dina naskah asli kitab-kitab Ibrani. Jalma-jalma di sakuliah dunya béda-béda dina ngucapkeun nami Yéhuwa gumantung kana basana.

Psl. 1, par. 15

2 KITAB SUCI TÉH ”WAHYU TI ALLAH”

Pangarang Kitab Suci téh Allah, tapi Mantenna ngagunakeun manusa pikeun nuliskeun Kitab Suci. Ieu sarua jeung bos nu nitah sekertarisna nulis surat nu eusina téh pikiran bosna. Allah ngagunakeun roh suci ku loba cara pikeun ngabingbing nu narulis Kitab Suci sangkan nuliskeun pikirana-Na. Misalna, liwat titingalian atawa impian.

Psl. 2, par. 5

3 PRINSIP

Ieu téh pangajaran Kitab Suci nu ngajelaskeun bebeneran dasar. Contona, prinsip ”pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade” ngajarkeun yén urang bisa kapangaruhan ku babaturan urang, boh ka nu goréng boh ka nu hadé. (1 Korinta 15:33) Sarta, prinsip ”naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna” ngajarkeun yén urang teu bisa nyingkahan balukar tina kalakuan urang.​—Galata 6:7.

Psl. 2, par. 12

  4 NUBUAT

Ieu téh warta ti Allah. Éta bisa mangrupa rincian ngeunaan kahoyong Allah, papakon ahlak, paréntah, atawa panghakiman. Éta ogé bisa mangrupa ramalan ngeunaan mangsa pikahareupeun. Aya loba nubuat dina Kitab Suci nu geus kajadian.

Psl. 2, par. 12

5 NUBUAT NGEUNAAN MÉSIAS

Loba nubuat Kitab Suci ngeunaan Mésias kabuktian dina diri Yésus. Tingali kotak ” Nubuat Ngeunaan Mésias”.

Psl. 2, par. 17, catetan handap

6 TUJUAN YÉHUWA PIKEUN BUMI

Yéhuwa nyiptakeun bumi pikeun jadi pirdaus nu dicicingan ku jalma-jalma nu mikanyaah Mantenna. Tujuan Allah teu barobah. Moal lila deui, Allah bakal nyingkirkeun kajahatan sarta masihan hirup langgeng ka umat-Na.

Psl. 3, par. 1

7 SÉTAN SI IBLIS

Sétan téh malaikat nu ngamimitian barontak ngalawan Allah. Manéhna disebut Sétan, nu hartina ”Tukang Ngalawan”, lantaran manéhna ngalawan Yéhuwa. Manéhna ogé disebut Iblis, nu hartina ”Tukang Pitnah”. Manéhna dibéré sebutan kitu téh lantaran manéhna nyebarkeun pitnah ngeunaan Allah jeung nipu jalma-jalma.

Psl. 3, par. 4

  8 MALAIKAT

Yéhuwa nyiptakeun malaikat lila saacan Mantenna nyiptakeun bumi. Maranéhna diciptakeun pikeun hirup di sawarga. Aya leuwih ti ratusan juta malaikat. (Daniel 7:10) Maranéhna baroga ngaran jeung sipat nu béda-béda. Malaikat nu saratia jeung rendah haté nolak disembah ku manusa. Maranéhna boga jabatan sarta pagawéan nu béda-béda. Contona, aya nu ngalayanan di hareupeun tahta Yéhuwa, nepikeun firman-Na, ngajaga sarta ngabingbing hamba-hamba Yéhuwa di bumi, ngalaksanakeun panghakiman Yéhuwa, sarta ngadukung kagiatan pangwawaran. (Jabur 34:8; Wahyu 14:6; 22:8, 9) Dina mangsa pikahareupeun, maranéhna bakal ngabaturan Yésus dina perang Armagédon.​—Wahyu 16:14, 16; 19:14, 15.

Psl. 3, par. 5; Psl. 10, par. 1

9 DOSA

Sagala nu dipikirkeun, dirasakeun jeung dilakukeun nu papalingpang jeung Yéhuwa sarta kahoyong-Na, disebutna dosa. Lantaran dosa bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Allah, Mantenna masihan hukum jeung prinsip sangkan urang ulah ngahaja ngalakukeun dosa. Mimitina, sakabéh ciptaan Yéhuwa téh sampurna. Tapi, waktu Adam jeung Hawa teu taat ka Yéhuwa, maranéhna dosa terus jadi teu sampurna. Ahirna maranéhna ngolotan, terus maot. Lantaran ngawarisan dosa ti Adam, urang ogé ngolotan terus maot.

Psl. 3, par. 7; Psl. 5, par. 3

10 ARMAGÉDON

Ieu téh perang Allah pikeun ngamusnakeun dunya Sétan jeung sagala kajahatan.

Psl. 3, par. 13; Psl. 8, par. 18

 11 KARAJAAN ALLAH

Karajaan Allah téh pamaréntahan nu diadegkeun ku Yéhuwa di sawarga. Yésus Kristus nu jadi Rajana. Dina mangsa pikahareupeun, Yéhuwa bakal ngagunakeun éta Karajaan pikeun ngaleungitkeun sagala kajahatan. Karajaan Allah bakal maréntah bumi.

Psl. 3, par. 14

12 YÉSUS KRISTUS

Allah nyiptakeun Yésus saacan nyiptakeun nu séjénna. Yéhuwa ngutus Yésus ka bumi pikeun pupus demi umat manusa. Sanggeusna Yésus pupus, Yéhuwa ngahirupkeun deui anjeunna. Ayeuna, Yésus maréntah di sawarga sabagé Raja Karajaan Allah.

Psl. 4, par. 2

13 NUBUAT NGEUNAAN 70 MINGGU

Kitab Suci nganubuatkeun, atawa ngaramalkeun, waktu datangna Mésias. Éta bakal kajadian dina ahir période waktu nu disebut 69 minggu, nu diitung ti taun 455 SM nepi ka taun 29 M.

Ti mana urang nyaho yén ahir période éta téh taun 29 M? Période 69 minggu téh diitung ti taun 455 SM, waktu Néhémia nepi di Yérusalém terus mulai ngawangun kota. (Daniel 9:25, NW; Nehemia 2:1, 5-8) Urang apal yén kecap ”salosin” téh hartina 12 siki, kitu ogé kecap ”saminggu” maksudna 7 poé. Minggu dina nubuat ieu lain pikeun 7 poé, tapi minggu pikeun 7 taun. Éta téh luyu jeung aturan nubuat yén ”sapoena satauneun”. (Bilangan 14:34; Yeheskel 4:6) Jadi, unggal minggu téh lilana 7 taun. Ku kituna, 69 minggu téh lilana 483 taun (69 x 7). Lamun urang ngitung 483 taun ti taun 455 SM, hasilna téh taun 29 M. Éta téh taun dibaptisna Yésus sarta jadi Mésias!​—Lukas 3:1, 2, 21, 22.

 Nubuat nu sarua neruskan ramalan ngeunaan minggu séjénna, nu lilana 7 taun. Dina période waktu éta, nyaéta taun 33 M, Mésias bakal dipaéhan. Sarta, dina awal taun 36 M, warta hadé ngeunaan Karajaan Allah bakal diwawarkeun ka sakabéh bangsa, teu ngan ka urang Yahudi wungkul.​—Daniel 9:24-27, NW.

Psl. 4, par. 7

 14 PANGAJARAN PALSU TRITUNGGAL

Kitab Suci ngajarkeun yén Yéhuwa téh Nu Nyipta. Mantenna nyiptakeun Yésus saacan nyiptakeun nu séjénna. (Kolosa 1:15, 16) Yésus mah lain Allah Nu Mahakawasa. Anjeunna teu pernah nganggap diri sarua jeung Allah. Malahan anjeunna ngomong, ”Rama mah leuwih agung ti batan Kami.” (Yohanes 14:28; 1 Korinta 15:28) Tapi, sababaraha agama ngajarkeun yén Allah téh tilu pribadi nu ngajadi hiji nyaéta Bapa, Putra, jeung roh suci nu sok disebut Tritunggal. Kecap ”Tritunggal” teu aya dina Kitab Suci. Éta téh pangajaran palsu.

Roh suci téh lain pribadi, tapi tanaga Allah nu teu katingali, nyaéta kakuatan nu dipaké pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na. Contona, urang Kristen nu mimiti bisa ”kacalikan ku Roh Suci”, jeung Yéhuwa gé nyabda, ”Roh Kami rek dikucurkeun ka unggal jalma.”​—Rasul 2:1-4, 17.

Psl. 4, par. 12; Psl. 15, par. 17

15 SALIB

Urang Kristen sajati teu maké salib dina ibadah ka Allah. Naon sababna?

  1. Di jaman baheula, salib dipaké pikeun nyembah ka alam jeung upacara séks urang kapir. Salila 300 taun sanggeusna Yésus pupus, urang Kristen henteu ngagunakeun salib dina ibadahna. Salib dijadikeun lambang Kakristenan ku Kaisar Rum nu ngaranna Konstantin. Tujuanana sangkan Kakristenan beuki kasohor. Tapi, salib euweuh patalina jeung Yésus Kristus. Hiji kamus (New Catholic Encyclopedia) ngajelaskeun, ”Salib téh geus aya dina kabudayaan pra-Kristen jeung non-Kristen.”

  2. Kecap Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”salib” boga harti ”tihang”, ”kaso”, atawa  ”tatangkalan”. Hiji Kitab Suci (The Companion Bible) ngajelaskeun, ”Dina Kitab Perjangjian Anyar basa Yunani, teu pernah nyirikeun aya dua kaso nu digunakeun.” Yésus pupus dina hiji tihang.

  3.   

Psl. 5, par. 12

16 PANGÉLING-NGÉLING

Yésus maréntahkeun murid-muridna pikeun miéling pupusna. Maranéhna ngarayakeunana unggal taun dina tanggal 14 Nisan, sarua jeung tanggal urang Israil ngarayakeun Paska. Roti jeung anggur, nu ngalambangkeun salira jeung getih Yésus, diiderkeun ka hadirin acara Pangéling-ngéling. Jalma-jalma nu bakal maréntah jeung Yésus di sawarga ngadahar éta roti jeung nginum anggurna. Jalma-jalma nu boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi ngahargaan acara Pangéling-ngéling, maranéhna datang tapi teu ngadahar roti jeung teu nginum anggurna.

Psl. 5, par. 21

17 JIWA

Kecap Ibrani jeung Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”jiwa” dipaké pikeun ngajelaskeun (1) jalma, (2) sato, atawa (3) kahirupan jalma atawa sato. Éta sababna Kitab Suci basa Sunda sering maké kecap ”jalma”, ”sato”, atawa ”nyawa” pikeun narjamahkeun kecap ”jiwa”. Ieu sababaraha contona:

  • Jalma. ”Pamili Yakub teh kabehna tujuh puluh jiwa.” (Kajadian 46:27) Kecap ”jiwa” dina ayat ieu ngamaksudkeun jalma, nyaéta sakabéh kulawarga Yakub.

  • Sato. ”Allah ngandika, ’Di cai sing pinuh ku rupa-rupa  sasatoan [jiwa] nu harirup, ari awang-awang sing pinuh ku rupa-rupa manuk.’ Allah ngandika, ’Di darat sing aya rupa-rupa sasatoan [jiwa], sato piaraan, sato leuweung, nu galede, nu laleutik.’ Seug bae jadi.”​—Kajadian 1:20, 24.

  • Kahirupan jalma atawa sato. Ceuk Yésus, ”Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.” (Yohanes 15:13) Rasul Paulus ogé ngomong, ”Ka nu jaradi pamingpin kudu narurut, jalankeun sagala aturanana. Aranjeunna teu kendat-kendat nalingakeun kasalametan jiwa aranjeun.”​—Ibrani 13:17.

    Conto séjénna, lamun hiji jalma ngalakukeun hiji hal ”terus jeung nyawa”, atawa sakuat jiwana, éta hartina manéhna réla jeung sabisa-bisa ngalakukeunana. (Mateus 22:37; Pamindo 6:5) Jalma nu geus maot atawa mayit maksudna téh jiwa nu geus maot.​—Bilangan 6:6, 7; Hagai 2:13.

Psl. 6, par. 5; Psl. 15, par. 17

18 ROH

Kecap Ibrani jeung Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”roh” maksudna bisa béda-béda. Kecap roh biasana ngamaksudkeun sagala nu teu katingali ku manusa, saperti angin atawa napas manusa jeung sato. Kecap ieu ogé bisa ngamaksudkeun mahluk roh jeung roh suci, nyaéta tanaga Allah. Kitab Suci teu ngajarkeun aya bagian dina diri manusa nu tetep hirup sanggeusna maot.​—Jabur 104:29; Mateus 12:43; Lukas 11:13.

Psl. 6, par. 5; Psl. 15, par. 17

19 GÉHÉNA

Dina Kitab Suci basa Sunda, kecap Yunani ”Géhéna” ditarjamahkeun jadi ”naraka”. Géhéna téh ngaran lebak  deukeut Yérusalém, tempat ngaduruk runtah. Euweuh bukti yén di jaman Yésus aya sato atawa jalma nu disiksa atawa diduruk hirup-hirup di éta lebak. Jadi, Géhéna henteu ngalambangkeun tempat jalma-jalma nu geus maraot diduruk jeung disiksa salanggengna. Waktu Yésus nyebutkeun aya jalma-jalma nu dibalangkeun ka Géhéna, maksudna téh jalma-jalma éta binasa salanggengna.​—Mateus 5:22; 10:28.

Psl. 7, par. 20

20 DOA BAPA KAMI

Ieu téh doa nu diajarkeun ku Yésus ka murid-muridna. Yésus ngajar urang pikeun ngadoakeun:

  • ”Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun”

    Urang ngadoa sangkan nami Yéhuwa dibersihkeun ti sakabéh pitnah. Ku kituna, saha waé nu aya di sawarga jeung di bumi bakal ngahormat jeung ngamulyakeun nami Allah.

  • ”Karajaan Ama mugi rawuh”

    Urang ngadoa sangkan pamaréntahan Allah ngabinasakeun dunya Sétan nu jahat, maréntah bumi, jeung ngarobah bumi jadi pirdaus.

  • ”Pangersa Ama mugi laksana di dunya”

    Urang ngadoa sangkan tujuan Allah pikeun bumi laksana. Jadi, manusa nu taat jeung sampurna bisa hirup salanggengna di Pirdaus, saperti nu dipiharep Yéhuwa waktu nyiptakeun manusa.

Psl. 8, par. 2

21 TEBUSAN

Yéhuwa nyadiakeun tebusan pikeun nyalametkeun manusa tina dosa jeung maot. Tebusan téh harga nu kudu dibayar pikeun nebus kahirupan sampurna nu dileungitkeun ku Adam, manusa nu mimiti, sarta pikeun mulihkeun  deui hubungan manusa jeung Yéhuwa nu geus ruksak. Yésus diutus ku Allah ka bumi pikeun ngorbankeun nyawana demi sakabéh manusa nu dosa. Ku kituna, sakabéh manusa boga kasempetan pikeun hirup langgeng tur sampurna.

Psl. 8, par. 21; Psl. 9, par. 13

22 NAON SABABNA TAUN 1914 TÉH PENTING?

Nubuat di Daniel pasal 4 ngajelaskeun yén Allah ngadegkeun Karajaana-Na taun 1914.

Nubuat: Yéhuwa masihan impian ka Raja Nébukadnésar ngeunaan hiji tangkal gedé nu dituar. Tunggulna ditalian ku ranté beusi jeung tambaga sangkan teu tumuwuh salila ”tujuh taun”, atawa ”tujuh mangsa” mun dina basa aslina. Sanggeusna, kakara tangkal éta bisa tumuwuh deui.​—Daniel 4:1, 10-16.

Arti éta nubuat pikeun urang: Tangkal ngalambangkeun pamaréntahan Allah. Geus mangtaun-taun Yéhuwa ngagunakeun raja di Yérusalém pikeun maréntah bangsa Israil. (1 Babad 29:23) Lantaran teu saratia, maranéhna teu ngarajaan deui. ”Tujuh mangsa” dimimitian waktu Yérusalém diancurkeun taun 607 SM. (2 Raja 25:1, 8-10; Yeheskel 21:25-27) Waktu Yésus ngomong, ”Yerusalem bakal diidek-idek ku jelema-jelema anu anutna lain ka Allah, nepi ka waktu pikeun maranehna anu ditangtukeun ku Pangeran beak”, anjeunna téh keur nyaritakeun ”tujuh mangsa”. (Lukas 21:24) Jadi, ”tujuh mangsa” masih lumangsung waktu Yésus aya di bumi. Yéhuwa jangji bakal ngalantik hiji Raja dina ahir ”tujuh mangsa”. Pamaréntahan Yésus, Raja nu anyar, bakal mawa berkah nu langgeng ka umat Allah di sakuliah bumi.​—Lukas 1:30-33.

Lilana ”tujuh mangsa”: ”Tujuh mangsa” téh lilana 2.520 taun. Lamun urang ngitung 2.520 taun ti taun 607 SM, tungtungna téh taun 1914. Éta téh waktu  Yéhuwa ngalantik Yésus, Sang Mésias, jadi Raja Karajaan Allah di sawarga.

Ti mana urang meunang angka 2.520? Kitab Suci nyebutkeun yén tilu satengah taun, atawa mangsa, sarua jeung 1.260 poé. (Wahyu 12:6, 14) ”Tujuh mangsa” téh dua kalieunana, nyaéta 2.520 poé. Jadi, luyu jeung aturan nubuat ”sapoena satauneun”, 2.520 poé téh sarua jeung 2.520 taun.​—Bilangan 14:34; Yeheskel 4:6.

Psl. 8, par. 23

23 MIKAIL SANG KAPALA MALAIKAT

Kitab Suci ngan nyebutkeun hiji kapala malaikat, ngaranna téh Mikail.​—Daniel 12:1; Yudas 9.

Mikail téh Pamingpin pasukan malaikat Allah nu satia. Wahyu 12:7 nyebutkeun, ”Mikail jeung para malaikatna merangan naga jeung para malaikatna.” Kitab Wahyu nyebutkeun yén Pamingpin pasukan Allah téh Yésus, jadi Mikail téh ngaran séjénna Yésus.​—Wahyu 19:14-16.

Psl. 9, par. 4

24 AHIR JAMAN

Istilah ieu ngamaksudkeun période waktu lumangsungna kajadian-kajadian penting di bumi saacanna Karajaan Allah ngabinasakeun dunya Sétan. Dina nubuat Kitab Suci, istilah ”ahir jaman” jeung ”pisumpingeunana Putra Manusa” ngamaksudkeun période waktu nu sarua. (Mateus 24:3, 27, 37) ”Ahir jaman” téh dimimitian waktu Karajaan Allah ngadeg di sawarga taun 1914 nepi ka waktuna dunya Sétan dibinasakeun di Armagédon.​—2 Timoteus 3:1; 2 Petrus 3:3.

Psl. 9, par. 5

 25 PIHUDANGEUNANA NU MAOT

Waktu Yéhuwa ngahirupkeun deui jalma nu geus maot, éta disebut pihudangeunana nu maot. Dina Kitab Suci, aya salapan kisah pihudangeunana nu maot. Élias, Élisa, Yésus, Pétrus, jeung Paulus bisa ngahirupkeun deui nu maot. Mujijat ieu bisa dilakukeun lantaran kawasa ti Allah. Yéhuwa jangji bakal ngahirupkeun deui ”boh nu bageur, boh nu jahat” pikeun hirup di bumi. (Rasul 24:15) Kitab Suci ogé nyebutkeun yén aya nu bakal dihirupkeun deui ka sawarga, nyaéta jalma-jalma nu geus dipilih ku Allah pikeun hirup di sawarga jeung Yésus.​—Yohanes 5:28, 29; 11:25; Pilipi 3:11; Wahyu 20:5, 6.

Psl. 9, par. 13

26 SPIRITISME

Spiritisme téh kabiasaan goréng pikeun tatanya ka roh-roh jahat boh langsung boh ngagunakeun paranormal atawa dukun. Jalma-Jalma nu ngalakukeunana percaya kana pangajaran palsu yén nu maot aya nu jadi jurig. Roh-roh jahat ogé mangaruhan jalma-jalma sangkan teu taat ka Allah. Élmu nujum, élmu ramal, élmu gaib, sihir, jeung tahayul téh kaasup spiritisme. Loba buku, majalah, horoskop, film, poster jeung musik nu ngalantarankeun sihir, roh-roh jahat, jeung élmu gaib dipikaresep jeung dianggap teu bahaya. Loba kabiasaan nguburkeun, saperti méré sasajén, ngayakeun upacara keur nu maot, jeung ritual séjénna, aya patalina jeung roh-roh jahat. Jalma-jalma gé sok maké narkoba waktu nyoba kakuatan roh-roh jahat.​—Galata 5:20; Wahyu 21:8.

Psl. 10, par. 10; Psl. 16, par. 4

 27 KADAULATAN YÉHUWA

Yéhuwa téh Allah Nu Mahakawasa, jeung nu nyiptakeun jagat raya. (Wahyu 15:3) Éta sababna Mantenna téh Nu Kagungan sagalana tur nu daulat, atawa nu kagungan wewenang pikeun maréntah ciptaana-Na. (Jabur 24:1; Yesaya 40:21-23; Wahyu 4:11) Mantenna ngadamel hukum-hukum pikeun sakabéh ciptaana-Na. Yéhuwa kagungan wewenang pikeun ngalantik saha waé jadi pangawasa. Urang ngadukung kadaulatan Allah lamun urang nyaah jeung taat ka Mantenna.​—1 Babad 29:11.

Psl. 11, par. 10

28 NGAGUGURKEUN KANDUNGAN

Nu disebut ngagugurkeun kandungan téh nyaéta ngahaja maéhan orok nu aya dina kandungan. Éta téh lain dilantarankeun ku kacilakaan, strés, panyakit, atawa awak indungna nu lemah. Ti mimiti aya dina jero kandungan gé orok téh lain ngan getih dina awak indungna, tapi geus ngajadi jalma.

Psl. 13, par. 5

29 TRANSFUSI GETIH

Ieu téh prosedur kaséhatan pikeun ngasupkeun getih atawa salah sahiji tina opat komponén utama getih ti hiji jalma ka jalma séjén, atawa ngasupkeun getih nu geus disimpen saacanna. Opat komponén utama getih téh nyaéta plasma, sél getih beureum, sél getih bodas, jeung trombosit.

Psl. 13, par. 13

 30 DISIPLIN

Dina Kitab Suci basa Sunda, kecap ”disiplin” sok ditarjamahkeun jadi ”papatah”, ”piwuruk”, atawa ”pépéling”. Disiplin teu ngan saukur hukuman. Waktu urang didisiplin, urang dibéré naséhat, diajar, jeung dipapatahan. Yéhuwa teu pernah kasar atawa kejem waktu ngadisiplin. (Siloka 4:1, 2) Yéhuwa jadi conto nu alus pikeun kolot. Disiplin ti Yéhuwa téh mawa mangpaat, matak resep ka nu narimana. (Siloka 12:1) Yéhuwa nyaah ka umat-Na jeung ngalatih maranéhna. Mantenna masihan pituduh pikeun ngoméan cara pikir nu salah supaya cara pikir jeung kalakuan maranéhna nyenangkeun Mantenna. Jadi, lamun kolot méré disiplin, kolot perlu ngabantu barudakna paham alesanana perlu taat. Éta ogé hartina ngajar barudakna sangkan nyaah ka Yéhuwa, ka Firman-Na, sarta paham kana prinsip-prinsip-Na.

Psl. 14, par. 13

31 ROH-ROH JAHAT

Maranéhna téh mahluk-mahluk roh nu teu katingali, jahat, jeung kuat pisan. Roh-roh jahat téh nyaéta malaikat-malaikat jahat. Maranéhna jadi jahat lantaran ngahaja teu taat ka Allah, ngajadikeun dirina musuh Allah. (Kajadian 6:2; Yudas 6) Maranéhna ngahiji jeung Sétan barontak ngalawan Yéhuwa.​—Pamindo 32:17; Lukas 8:30; Rasul 16:16; Yakobus 2:19.

Psl. 16, par. 4