1-3. Urang kabéh jadi tawanan naon? Kumaha carana Yéhuwa ngabébaskeun urang?

BAYANGKEUN Sadérék dipanjara padahal teu ngalakukeun kajahatan. Sadérék teu boga kasempetan pikeun dibébaskeun. Sadérék teu boga harepan. Sadérék teu bisa nanaon. Tapi, waktu Sadérék ngarasa putus asa, aya jalma nu boga kawasa ngajangjikeun bakal nulungan jeung ngabébaskeun Sadérék! Kumaha parasaan Sadérék?

2 Urang kabéh jadi tawanan maot. Rék kumaha-kumaha ogé, urang teu bisa bébas. Tapi, Yéhuwa kagungan kawasa pikeun ngabébaskeun urang tina maot. Mantenna jangji yén ”musuh anu pangpandeurina ditalukkeun nya eta maot”.​—1 Korinta 15:26.

3 Bayangkeun kumaha rasana lamun Sadérék teu sieun deui kana maot! Yéhuwa bakal ngaleungitkeun maot. Tapi, lain éta wungkul. Mantenna ogé bakal ngahirupkeun deui jalma-jalma nu maraot. Pikirkeun mangpaatna pikeun Sadérék. Mantenna jangji yén ”anu maraotna parantos lami” gé bakal dihirupkeun deui. (Yesaya 26:19) Dina Kitab Suci, éta disebut pihudangeunana nu maot.

WAKTU JALMA NU DIPIKANYAAH MAOT

4. (a) Naon nu bisa ngalilipur urang waktu kulawarga atawa sobat urang maot? (b) Saha sababaraha sobat Yésus?

4 Waktu aya kulawarga atawa sobat nu maot, urang  ngarasa geus teu kuat nandangan kasedih jeung kanyeri nu kacida. Urang ngarasa teu aya nu bisa nulungan urang. Teu aya nu bisa dilakonan ku urang sangkan manéhna hirup deui. Tapi, Kitab Suci méré urang panglilipur. (Baca 2 Korinta 1:3, 4.) Yéhuwa jeung Yésus hoyong pisan ngahirupkeun deui jalma-jalma nu geus maraot. Contona, waktu Yésus hirup di bumi, anjeunna sering nganjangan Lasarus, Marta, jeung Maria. Anjeunna sosobatan jeung maranéhna. Kitab Suci nyebutkeun, ”Yesus nyaaheun ka Marta, ka Maria, jeung ka Lasarus.” Tapi dina hiji waktu, Lasarus maot.​—Yohanes 11:3-5.

5, 6. (a) Naon nu dilakukeun ku Yésus waktu ningali kulawarga Lasarus jeung nu séjénna saredih? (b) Naon sababna nyaho parasaan Yésus bisa ngalipur haté urang?

5 Yésus indit rék ngalilipur Marta jeung Maria. Waktu ngadéngé Yésus datang, Marta nyampeurkeun Yésus. Manéhna kacida gumbirana, terus ngomong, ”Upami waktos eta Gusti aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!” Ceuk Marta mah Yésus téh telat datangna. Yésus ogé ningali Maria ceurik. Ningali kasedih maranéhna, Yésus milu nalangsa terus ceurik. (Yohanes 11:21, 33, 35) Éta némbongkeun yén Yésus téh bisa ngarasakeun kasedih urang waktu ditinggal maot ku nu dipikanyaah.

6 Urang kalipur lantaran nyaho yén Yésus ngarasakeun kasedih urang. Sakumaha Yésus, Yéhuwa ogé ngarasa sedih. (Yohanes 14:9) Yéhuwa kagungan kawasa sarta moal lila deui Mantenna bakal ngaleungitkeun maot salalawasna.

’LASARUS! GEURA KALUAR!’

7, 8. Naon sababna Marta embungeun kuburan Lasarus dibuka, tapi naon nu dilakukeun ku Yésus?

7 Waktu Yésus nepi di kuburan Lasarus, lawang  kuburanana ditutupan ku batu gedé. Yésus maréntahkeun, ”Singkirkeun batuna!” Tapi, Marta embungeun lantaran Lasarus geus dikubur opat poé. (Yohanes 11:39) Marta teu nyahoeun naon nu bakal dilakukeun ku Yésus ka Lasarus.

Bayangkeun kumaha bungahna kulawarga jeung babaturan Lasarus waktu manéhna dihirupkeun deui!​—Yohanes 11:38-44

8 Yésus ngageroan Lasarus, ’Geura kaluar!’ Naon nu ditingali ku Marta jeung Maria téh matak pihéraneun. ”Kurunyung, Lasarus nu geus maot teh kaluar, suku jeung leungeunna kabungkus keneh ku boeh.” (Yohanes 11:43, 44) Lasarus hirup deui! Gabrug Lasarus téh dirangkul, ditatangkeup ku kulawarga ogé babaturanana. Ayeuna, maranéhna bisa ngumpul sarta ngobrol deui jeung Lasarus. Asa hésé dipercaya! Yésus ngahirupkeun deui Lasarus.

”NYAI, KAMI NITAH: HUDANG!”

9, 10. (a) Saha nu méré kawasa ka Yésus pikeun ngahirupkeun deui nu maot? (b) Kisah-kisah pihudangeunana nu maot méré harepan naon pikeun urang?

9 Naha Yésus ngahirupkeun deui téh ku kawasana sorangan? Henteu. Saacanna ngahirupkeun deui Lasarus, Yésus ngadoa ka Yéhuwa. Terus Yéhuwa masihan kawasa pikeun ngahirupkeun deui Lasarus. (Baca Yohanes 11:41, 42.) Lasarus lain hiji-hijina jalma nu dihirupkeun deui. Kitab Suci nyebutkeun aya budak awéwé umur 12 taun nu gering parna. Bapana nu ngaranna Yairus, bari putus asa nyampeurkeun Yésus, ménta sangkan budakna nu ngan hiji-hijina dicageurkeun. Teu lila, aya sababaraha jalma nyampeurkeun terus ngomong, ”Tuang putra teh parantos teu aya, teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.” Tapi, Yésus ngomong ka Yairus, ”Ulah sieun, sing percaya bae.” Terus Yésus  indit ka imah Yairus. Sanggeus deukeut, Yésus merhatikeun jalma-jalma keur careurik, tuluy Yésus ngomong, ”Ulah careurik, budak teh lain maot, keur sare!” Waktu ngadéngé omongan Yésus, indung bapana haréraneun. Terus Yésus maréntahkeun sangkan jalma-jalma kalaluar. Yésus jeung kolot budak éta asup ka kamar. Yésus nyampeurkeun éta budak, terus nyekel leungeunna tuluy ngomong, ”Nyai, Kami nitah: hudang!” Kacida gumbirana éta kolot waktu ningali budakna hudang deui terus leumpang. Yésus ngahirupkeun deui éta budak. (Markus 5:22-24, 35-42; Lukas 8:49-56) Unggal ningali éta budak, kolotna bakal inget kana naon nu geus dipidamel Yéhuwa ku jalan Yésus. *

10 Jalma-jalma nu dihirupkeun deui ku Yésus ahirna maot deui. Sanajan kitu, kisah-kisah éta méré urang harepan sajati. Yéhuwa hoyong sarta bakal ngahirupkeun deui nu maot.

PALAJARAN TINA KISAH PIHUDANGEUNANA NU MAOT

Rasul Pétrus ngahirupkeun deui awéwé Kristen nu ngaranna Dorkas.​—Rasul 9:36-42

Élias ngahirupkeun deui anakna randa.​—1 Raja 17:17-24

11. Naon nu diajarkeun Pandita 9:5 ngeunaan Lasarus?

11 Kitab Suci jelas pisan ngajarkeun yén ”ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon”. Éta nu kaalaman ku Lasarus. (Pandita 9:5) Saperti nu diajarkeun ku Yésus, Lasarus téh siga nu keur saré. (Yohanes 11:11) Waktu maot, Lasarus ”teu nyaho naon-naon”.

12. Naon buktina yén Lasarus téh dihirupkeun deui?

 12 Loba jalma nu ningali basa Yésus ngahirupkeun deui Lasarus. Malahan mah musuh-musuh Yésus gé nyahoeun mujijat éta. Dihirupkeunana deui Lasarus téh jadi bukti yén pihudangeunana nu maot téh bener-bener nyata. (Yohanes 11:47) Loba jalma nu ngadatangan Lasarus gé jadi percaya yén Yésus téh diutus ku Allah. Musuh-musuh Yésus teu resepeun, jadi maranéhna ngarencanakeun rék maéhan Yésus jeung Lasarus.​—Yohanes 11:53; 12:9-11.

13. Naon sababna urang percaya yén Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui nu maot?

13 Yésus nyebutkeun ”anu paraeh” bakal dihirupkeun deui. (Yohanes 5:28) Jadi, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui nu maraot nu aya dina émutana-Na. Éta hartina Yéhuwa kudu émut kana sagala hal ngeunaan jalma nu bakal dihirupkeun deui. Naha Yéhuwa bisa? Yéhuwa bisa nyebutkeun ngaran béntang-béntang nu jumlahna miliaran. (Baca Yesaya 40:26.) Lamun Yéhuwa émut ngaran béntang-béntang pasti Mantenna gé bisa émut kana sagala hal ngeunaan jalma nu bakal dihirupkeun deui. Yéhuwa téh nu nyiptakeun jagat raya, jadi Mantenna pasti kagungan kawasa pikeun ngahirupkeun deui nu maot.

14, 15. Omongan nabi Ayub ngajarkeun naon ngeunaan pihudangeunana nu maot?

14 Nabi Ayub percaya kana pihudangeunana nu maot. Manéhna nanya, ”Na tiasa jalmi nu parantos maot hirup deui?” Terus manéhna ngomong ka Yéhuwa, ”Supados samangsa-mangsa digentraan bisa enggal ngawangsul, tangtos ieu mahluk kagungan teh ku Gusti baris kamanah.” Ayub nyaho yén Yéhuwa  téh keur ngarep-ngarep waktuna pikeun ngahirupkeun deui nu maot.​—Ayub 14:13-15.

15 Kumaha parasaan Sadérék ngeunaan harepan pihudangeunana nu maot? Sadérék bisa waé nanya, ’Kulawarga jeung babaturan kuring kumaha? Naha bisa dihirupkeun deui?’ Nyaho yén Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui nu maot, kacida ngalilipurna. Kitab Suci ngajelaskeun di mana sarta saha nu bakal dihirupkeun deui.

MARANÉHNA ”BAKAL NGADARENGE SOARA ANJEUNNA, TULUY KALALUAR”

16. Kumaha kaayaan bumi dina mangsa pikahareupeun waktu jalma-jalma dihirupkeun deui?

16 Di jaman baheula, jalma-jalma nu dihirupkeun deui ngarumpul jeung kulawarga ogé babaturanana di bumi. Kitu ogé dina mangsa pikahareupeun. Tapi, kaayaanana leuwih alus, teu siga ayeuna. Naon sababna? Jalma-jalma nu dihirupkeun deui di bumi bakal boga harepan hirup langgeng, moal maot deui. Moal aya deui perang, kajahatan jeung panyakit.

17. Saha waé nu bakal dihirupkeun deui?

17 Saha nu bakal dihirupkeun deui? Yésus nyebutkeun yén ”anu paraeh bakal ngadarenge soara Anjeunna, tuluy kalaluar ti jero kuburna”. (Yohanes 5:28, 29) Wahyu 20:13 ogé méré nyaho urang, ”Laut nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Maot jeung alam maot nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana.” Jadi, miliaran jalma bakal dihirupkeun deui. Rasul Paulus nyebutkeun ”boh nu bageur [bener], boh nu jahat [teu bener]” bakal dihirupkeun deui. (Baca Rasul 24:15.) Naon hartina?

Di Pirdaus, nu maraot bakal dihirupkeun deui sarta ngumpul jeung jalma-jalma nu dipikanyaah

18. Saha jalma-jalma ”nu bener” nu bakal dihirupkeun deui?

 18 Jalma-jalma ”nu bener” téh nyaéta hamba-hamba Yéhuwa nu satia nu hirup saacanna Yésus hirup di bumi. Contona, Enoh (Nuh), Ibrahim, Sarah, Musa, Rut, jeung Éster. Maranéhna bakal hirup deui di bumi. Kisah ngeunaan sababaraha di antara maranéhna disebutkeun dina kitab Ibrani pasal 11. Jalma-jalma ”nu  bener” ogé kaasup hamba-hamba Yéhuwa nu maraot di jaman urang. Maranéhna ogé bakal dihirupkeun deui.

19. Saha jalma-jalma ”nu teu bener” téh? Maranéhna bakal dibéré kasempetan naon?

19 Jalma-jalma ”nu teu bener” téh nyaéta miliaran jalma nu teu boga kasempetan pikeun kenal ka Yéhuwa. Sanajan maranéhna geus maot, Yéhuwa teu mopohokeun maranéhna. Maranéhna bakal dihirupkeun deui jeung dibéré kasempetan pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa sarta ngabakti ka Mantenna.

20. Naon sababna aya jalma-jalma nu teu dihirupkeun deui?

20 Naha éta hartina sakabéh jalma bakal dihirupkeun deui? Henteu. Yésus nyebutkeun yén aya jalma-jalma nu moal bakal dihirupkeun deui. (Lukas 12:5) Saha nu bakal mutuskeun? Yéhuwa sabagé Hakim pangagungna masihan wewenang ka Yésus pikeun jadi ”hakim sakumna manusa, boh anu harirup keneh boh anu parantos maraot”. (Rasul 10:42) Jalma-jalma nu jarahat jeung embung barobah moal bakal dihirupkeun deui.​—Tingali Catetan Ahir 19.

DIHIRUPKEUN DEUI KA SAWARGA

21, 22. (a) Naon hartina dihirupkeun deui ka sawarga? (b) Saha nu mimiti dihirupkeun deui ka sawarga?

21 Kitab Suci nyebutkeun yén aya jalma-jalma nu bakal hirup di sawarga. Maranéhna dihirupkeun deui lain jadi manusa, tapi jadi mahluk roh nu hirup di sawarga.

22 Yésus téh nu mimiti dihirupkeun deui ka sawarga. (Yohanes 3:13) Anjeunna dihirupkeun deui tilu poé sanggeusna maot. (Jabur 16:10; Rasul 13:34, 35) Rasul Pétrus ngajelaskeun, ”Anjeunna mungguhing  badaniah ditelasan, tapi dihirupkeun deui dina kaayaan roh.” (1 Petrus 3:18) Yésus dihirupkeun deui lain dina wujud manusa, tapi jadi mahluk roh nu perkasa! (1 Korinta 15:3-6) Kitab Suci nyebutkeun yén lain Yésus wungkul nu bakal dihirupkeun deui ka sawarga.

23, 24. Saha kumpulan ”anu ngan saeutik” téh, sarta sabaraha jumlahna?

23 Saacanna maot, Yésus méré nyaho murid-muridna, ”Ayeuna Kami rek ka ditu nyadiakeun pitempateun maraneh.” (Yohanes 14:2) Éta hartina sababaraha murid Yésus gé bakal hirup jeung anjeunna di sawarga. Sabaraha jumlahna? Yésus nyebut maranéhna kumpulan ”anu ngan saeutik”. (Lukas 12:32) Rasul Yohanes ningali téténjoan yén Yésus ”aya di Gunung Sion [sawarga], jeung 144.000 jelema”.​—Wahyu 14:1.

24 Iraha ka-144.000 urang Kristen téh bakal hirup di sawarga? Kitab Suci méré nyaho yén éta téh bakal kajadian sanggeus Kristus jadi raja di sawarga, nyaéta di jaman urang ayeuna. (1 Korinta 15:23) Lolobana ti 144.000 téh geus hirup di sawarga. Nu séjénna masih kénéh hirup di bumi. Waktu maot, maranéhna bakal langsung dihirupkeun deui ka sawarga. Tapi, lolobana manusa mah bakal dihirupkeun deui di bumi Pirdaus.

25. Naon nu bakal dibahas di pasal saterusna?

25 Moal lila deui, Yéhuwa bakal ngabébaskeun manusa tina maot, sarta maot moal aya-aya deui pikeun salalanggengna! (Baca Yesaya 25:8.) Tapi, naon nu bakal dipigawé ku jalma-jalma nu hirup di sawarga? Kitab Suci ngajelaskeun yén maranéhna bakal maréntah jeung Yésus dina Karajaan Allah. Urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan éta Karajaan di pasal saterusna.

^ par. 9 Dina Kitab Suci aya kisah-kisah séjénna ngeunaan pihudangeunana nu maot, boh nu kolot boh nu ngora, boh awéwé boh lalaki, boh bangsa Israil boh bangsa séjénna. Éta bisa dibaca di 1 Raja 17:17-24; 2 Raja 4:32-37; 13:20, 21; Mateus 28:5-7; Lukas 7:11-17; 8:40-56; Rasul 9:36-42; 20:7-12.