Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 1

Mangpaatna Kadali Diri

Mangpaatna Kadali Diri

NAON KADALI DIRI TÉH?

Jalma nu boga kadali diri bisa

  • sabar ngadagoan

  • nahan diri

  • ngaréngsékeun pagawéan nu teu pikaresepeun

  • miheulakeun kapentingan batur

KU NAON PENTING?

Budak nu boga kadali diri bisa nolak godaan pikeun ngalakukeun nu goréng sanajan éta katingalina pikaresepeun. Sabalikna, budak nu teu boga kadali diri bisa jadi jalma nu

  • gedé ambek jeung kasar

  • babari déprési

  • kacanduan roko atawa nyalahgunakeun alkohol jeung narkoba

  • milih dahareun nu teu séhat

Numutkeun hiji panalungtikan, jalma nu keur leutikna boga kadali diri, engkéna jarang boga masalah kaséhatan jeung kauangan. Manéhna ogé leuwih taat hukum. Tina panalungtikan éta, Propésor Angela Duckworth ti University of Pennsylvania nyimpulkeun yén kadali diri téh sipat nu alus pisan.

KUMAHA CARA NGAJARKEUNANA?

Waktu ngomong henteu, kudu tetep henteu.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Lamun enya sebut enya, lamun henteu sebut henteu.”​—Mateus 5:37, Sunda Formal (SF).

Budak leutik bisa waé ngadat supaya kahayangna digugu ku kolotna, malah di hareupeun loba jalma. Lamun kolotna ngéléhan, budak bakal nyaho yén ngadat téh carana ngarobah jawaban kolot nu tadina henteu jadi enya.

Sabalikna, lamun kolot tetep pengkuh, budak bakal diajar hal penting dina kahirupan, nyaéta urang teu bisa meunangkeun sagala nu dipikahayang. Dr. David Walsh nulis, ”Sabenerna, jalma nu bisa ngadalikeun diri téh malah leuwih bagja. Urang teu nyaah ka budak lamun ngajarkeun yén sagala kahayangna bakal kacumponan.” *

Lamun ti ayeuna Sadérék ngomong henteu ka budak, engké manéhna bakal bisa nolak godaan, misalna waktu digoda maké narkoba, diajak hubungan séks saacan kawin, atawa ngalakukeun hal-hal goréng séjénna.

Bantu budak sangkan ngarti yén sagala tindakan manéhna bakal aya hasilna, boh hadé boh goréng.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.”​—Galata 6:7.

Budak Sadérék kudu ngarti unggal tindakan téh aya hasilna. Lamun manéhna teu ngadalikeun diri, balukarna goréng. Misalna, lamun budak Sadérék babari ambek, manéhna bakal dijauhan ku babaturanana. Sabalikna, lamun manéhna bisa nahan diri waktu aya nu pikakeuheuleun atawa sabar teu motong omongan batur, manéhna bakal dipikaresep. Béré nyaho budak yén hasilna alus lamun manéhna bisa ngadalikeun diri.

Ajar budak miheulakeun nu penting.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Bisa milih-milih mana anu hade.”​—Pilipi 1:10, SF.

Ngadalikeun diri lain ngan saukur teu ngalakukeun nu goréng, tapi ogé ngalakukeun nu penting sanajan éta teu pikaresepeun. Ajar budak pikeun nangtukeun hal-hal nu paling penting, tuluy titah manéhna pikeun miheulakeun hal éta. Contona, budak kudu ngagawékeun PR heula saacan ulin.

Béré tuladan nu hadé.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Kami teh mere tuladan, supaya maraneh oge milampah sakumaha anu ku Kami dipilampah ka maraneh.”​—Yohanes 13:15.

Budak bakal ningali tindakan Sadérék waktu nyanghareupan kaayaan nu teu nyenangkeun atawa ngajéngkélkeun. Béré conto yén hasilna leuwih alus lamun urang ngadalikeun diri. Misalna, waktu budak nyieun kasalahan, naha Sadérék langsung ambek atawa tetep sabar?

^ par. 20 Tina buku No: Why Kids—of All Ages—Need to Hear It and Ways Parents Can Say It.