BAGIAN 9
Sakulawarga Ibadah ka Yéhuwa
”Sembah Mantenna, anu ngajadikeun langit, bumi.”
Dina brosur ieu, Sadérék geus diajar yén Kitab Suci boga prinsip-prinsip nu bisa ngabantu Sadérék jeung kulawarga. Yéhuwa miharep Sadérék bagja. Mantenna jangji lamun Sadérék ngutamakeun ibadah ka Mantenna, ”sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin”. (Mateus 6:33) Mantenna hayang pisan Sadérék jadi sobat-Na. Jadi, gunakeun sakabéh kasempetan nu aya pikeun ngaraket ka Allah. Ieu hak istiméwa nu panggedéna pikeun urang.
1 KUATKEUN HUBUNGAN SADÉRÉK JEUNG YÉHUWA
PITUDUH KITAB SUCI: ”Kami baris jadi Rama maraneh, maraneh baris diaku anak ku Kami, anak lalaki, anak awewe, kitu timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa.” (2 Korinta 6:18) Allah miharep Sadérék jadi sobat-Na. Salah sahiji cara jadi sobat-Na nyaéta ngadoa. Yéhuwa miharep Sadérék ”neneda saban waktu”. (1 Tesalonika 5:17) Mantenna paduli pisan kana naon nu dipikirkeun jeung nu dihariwangkeun ku Sadérék. (Pilipi 4:6) Waktu Sadérék ngadoa jeung kulawarga, maranéhna bakal ningali yén Sadérék téh ngandelkeun Allah.
Salian ti ngadoa ka Allah, Sadérék ogé perlu ngadéngékeun Mantenna. Kumaha carana? Carana nyaéta diajar Kitab Suci jeung bacaan-bacaan nu dumasar kana Kitab Suci. (Jabur 1:1, 2) Lenyepan naon nu dibaca ku Sadérék. (Jabur 77:12, 13) Sadérék ogé perlu rutin datang ka pasamoan Kristen.
Cara séjénna pikeun nguatkeun sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa nyaéta nyaritakeun ngeunaan Yéhuwa ka nu lian. Beuki sering Sadérék nyarita, beuki raket Sadérék ka Mantenna.
CARA NERAPKEUN:
Sadiakeun waktu pikeun maca Kitab Suci jeung ngadoa unggal poé
Sadérék sakulawarga perlu ngutamakeun kagiatan rohani ti batan hiburan jeung pelesir
2 IBADAH KULAWARGA NU NYENANGKEUN
PITUDUH KITAB SUCI: ”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.” (Yakobus 4:8) Sadérék perlu boga jadwal pikeun ibadah kulawarga sarta rutin ngajalankeunana. * (Kajadian 18:19) Tapi lain éta waé, unggal anggota kulawarga kudu dalit jeung Yéhuwa. Sadérék perlu nguatkeun hubungan kulawarga Sadérék jeung Yéhuwa ku cara nyaritakeun Mantenna waktu ”keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur digawe”. (Pamindo 6:6, 7) Sadérék perlu boga tékad saperti Yosua nu ngomong kieu, ”Bapa sakulawarga mah rek ngabakti ka PANGERAN.”
CARA NERAPKEUN:
Perlu rutin ngabahas naon nu dibutuhkeun jeung ngabahas masalah nu keur disanghareupan ku unggal anggota kulawarga
^ par. 13 Unggal kulawarga Saksi-Saksi Yéhuwa biasana nyadiakeun waktu unggal minggu pikeun ngabahas hal-hal rohani dina kaayaan nu nyenangkeun.