Nu Ditulis ku Matius 27:1-66

  • Isa diserahkeun ka Pilatus (1, 2)

  • Yudas gantung diri (3-10)

  • Isa di hareupeun Pilatus (11-26)

  • Diléléwé ku jalma réa (27-31)

  • Dipakukeun dina tihang di Golgota (32-44)

  • Isa maot (45-56)

  • Isa dimakamkeun (57-61)

  • Makamna dijaga (62-66)

27  Sanggeus bray panonpoé, kabéh imam kapala jeung pamingpin bangsa éta badami nyusun rencana pikeun maéhan Isa.  Isa leungeunna ditalian tuluy dibawa pikeun diserahkeun ka Gubernur Pilatus.  Yudas, nu ngahianat ka Isa, nyaho Isa meunang hukuman pati. Manéhna kaduhung tuluy mulangkeun 30 duit pérak ka imam-imam kapala jeung para pamingpin.  Ceuk manéhna, ”Urang geus dosa, ngahianat ka jalma* nu teu salah.” Maranéhna ngajawab, ”Éta mah urusan manéh, lain urusan urang!”  Jadi, duit pérakna dialungkeun ka jero bait ku manéhna, tuluy manéhna indit jeung gantung diri.  Tapi éta duit pérak dipulungan ku imam-imam kapala. Ceuk maranéhna, ”Duit ieu teu meunang ditunda di tempat nyimpen duit di bait, sabab ieu téh duit getih.”  Sanggeus barempug, éta duit dibeulikeun tanahna tukang nyieun garabah jang dijadikeun kuburan keur urang asing.  Éta sababna nepi ka kiwari, tanah éta disebut Tanah Getih.  Ku kituna, naon nu disebutkeun liwat Nabi Yérémia jadi kanyataan, ”Maranéhna nyokot 30 duit pérak. Éta téh harga nu ditetepkeun ku sababaraha putra Israél keur jalma éta. 10  Ku maranéhna duitna dibeulikeun tanahna tukang nyieun garabah, sakumaha nu diparéntahkeun Yéhuwa ka urang.” 11  Waktu Isa nangtung di hareupeun gubernur, manéhna ditanya ku gubernur, ”Bener manéh téh Raja Urang Yahudi?” Ceuk Isa, ”Bener, sakumaha omongan Bapa.” 12  Tapi, basa dituduh ku imam-imam kapala jeung para pamingpin mah manéhna teu ngajawab. 13  Pilatus ngomong, ”Teu kadéngé tuduhan ka manéh téh sakitu lobana?” 14  Tapi manéhna teu ngajawab saeutik-eutik acan. Jadi, gubernur héraneun pisan. 15  Unggal parayaan Paskah, biasana gubernur ngabébaskeun saurang tahanan, saha waé nu dipénta ku rahayat. 16  Harita, aya tahanan nu kasohor jahat pisan, ngaranna Barabas. 17  Jadi, waktu jalma réa karumpul, Pilatus nanya, ”Maranéh hayang urang ngabébaskeun saha, Barabas atawa Isa nu disebut Al-Masih?” 18  Pilatus apal Isa diserahkeun téh lantaran maranéhna sirik ka Isa. 19  Salian ti éta, basa manéhna diuk di korsi pangadilan, aya pesen ti pamajikanana, kieu, ”Kadé, ulah pipilueun kana urusan jelema bener éta, sabab tadi peuting urang meni kasiksa ngimpi manéhna.” 20  Tapi, imam-imam kapala jeung para pamingpin ngayakinkeun jalma réa sangkan ménta Barabas dibébaskeun, tapi Isa dihukum pati. 21  Ku kituna, gubernur nanya, ”Ti antara dua jalma ieu, maranéh hayang urang ngabébaskeun saha?” Jawabna, ”Barabas.” 22  Pilatus nanya ka maranéhna, ”Jadi, Isa nu disebut Al-Masih kudu dikumahakeun?” Ceuk kabéhanana, ”Paéhan dina tihang!” 23  Manéhna nanya, ”Ku naon? Manéhna salah naon?” Jalma réa kalah ka gogorowokan beuki tarik, ”Paéhan dina tihang!” 24  Ngarasa upayana euweuh hasil jeung ningali kaayaan beuki panas, Pilatus nyokot cai jeung ngumbah leungeun di hareupeun jalma réa, tuluy ngomong, ”Urang teu tanggung jawab kana getih ieu jalma, maranéh nu kudu nanggung.” 25  Ngadéngé kitu, kabéh jalma ngajawab, ”Keun getih manéhna jadi tanggungan urang jeung anak-anak urang.” 26  Tuluy Barabas dibébaskeun, tapi manéhna nitah supaya Isa dipecutan jeung dihukum pati dina tihang. 27  Tuluy para prajurit gubernur mawa Isa ka imahna gubernur jeung kabéh prajurit dikumpulkeun sina ngurubungan Isa. 28  Baju Isa dilaanan, diganti ku jubah beureum, 29  tuluy maranéhna nyieun mamakutaan nu dianyam tina cucuk jeung diterapkeun kana sirahna. Ari leungeun katuhuna disina nyepeng kai sapotong. Maranéhna sideku di hareupeun Isa bari ngaléléwé, ”Salam, Raja Urang Yahudi!” 30  Manéhna diciduhan, kaina direbut tuluy dibabukkeun kana sirahna. 31  Tungtungna sanggeus diléléwé, jubahna dilaan, diganti deui ku baju luarna. Geus kitu, manéhna dibawa rék dipakukeun dina tihang. 32  Basa keur di jalan kaluar kota, maranéhna panggih jeung urang Kiréné nu ngaranna Simon. Manéhna dipaksa sina manggul tihang siksaan* Isa. 33  Pas maranéhna nepi ka tempat nu disebut Golgota, nu hartina Tempat Tangkorak, 34  Isa dibéré nginum cianggur nu dicampur hamperu, tapi pas diasaan, ku manéhna ditolak. 35  Sanggeus manéhna dipakukeun dina tihang, para prajurit ngabagi-bagikeun baju luarna ku cara diundi. 36  Maranéhna terus dariuk ngajaga. 37  Maranéhna ogé masang tulisan di luhureun sirahna nu eusina téh tuduhan, nyaéta, ”Ieu Isa, Raja Urang Yahudi”. 38  Salian ti éta, aya dua rampog nu dipakukeun di gigireunana, hiji di kénca hiji di katuhu. 39  Nu laliwat gogodeg jeung ngahina, 40  ”Manéh nu cenah bisa ngaruntuhkeun bait jeung ngabangunna deui dina tilu poé, sok salametkeun diri sorangan! Lamun manéh bener Putra Allah, turun tina éta tihang siksaan!”* 41  Kitu ogé, para imam kapala, ahli Torét, jeung pamingpin milu ngahina manéhna, 42  ”Batur disalametkeun, ari dirina sorangan teu bisa! Pan manéhna téh Raja Israél, mun bisaeun turun tina tihang siksaan,* kakara urang percaya. 43  Manéhna pan percaya ka Allah, lamun Allah resep ka manéhna, sugan wéh disalametkeun da manéhna ngaku, ’Urang téh Putra Allah.’” 44  Malah rampog nu dipakukeun di gigireun Isa ogé pipilueun ngahina. 45  Kira-kira jam 12 beurang* nepi ka jam 3 soré,* reup baé daérah éta jadi poék. 46  Kira-kira jam tilu soré, Isa ngagero tarik, ”Éli, Éli, lama sabakhtani?” nu hartina, ”Allah abdi, Allah abdi, ku naon abdi bet ditinggalkeun?” 47  Ngadéngé kitu, sababaraha jalma nu narangtung di dinya ngomong, ”Manéhna ngageroan Élia.” 48  Geuwat salah saurang ti maranéhna nyokot sepon* jeung dianclomkeun kana cianggur haseum, tuluy digagangan jeung disodorkeun ka Isa sina diseuseup. 49  Tapi nu séjénna ngomong, ”Keun urang dagoan, Élia datang nyalametkeun manéhna teu.” 50  Isa ngagorowok deui ku sora nu tarik, geus kitu les maot.* 51  Tuluy, hordén bait soék jadi dua, ti luhur nepi ka handap, bumi oyag ku lini, jeung batu-batu karang bareulah. 52  Makam-makam mararuka, jeung jasad jalma-jalma suci nu geus maot* kalaluar 53  sarta katingali ku loba jalma. (Sanggeus Isa dihirupkeun deui, jalma-jalma ti daérah makam indit ka kota suci.) 54  Tapi, basa perwira jeung jalma-jalma nu ngajaga Isa nyaksian lini jeung kabéh kajadian ieu, maranéhna jadi kacida sarieuneunana jeung ngomong kieu, ”Bener, jelema ieu téh Putra Allah.” 55  Di dinya ogé aya loba awéwé nu ningali ti kajauhan, nu milu jeung ngaladénan Isa ti Galiléa kénéh. 56  Di antarana aya Maryam Magdaléna, Maryam indungna Yakobus jeung Yosés, sarta indung ti anak-anakna Zébédéus. 57  Pas geus soré, datang saurang jalma beunghar ti Arimatéa, ngaranna Yusuf, nu geus jadi muridna Isa. 58  Manéhna ngadep ka Pilatus ménta jasadna Isa. Tuluy Pilatus maréntahkeun supaya éta dibikeun ka manéhna. 59  Yusuf nyokot jasadna, dibulen ku linén alus nu bersih, 60  tuluy digolérkeun dina makam anyar milik manéhna nu dibobok dina gunung cadas. Sanggeus ngagulingkeun batu gedé pikeun nutupan lawang makam, manéhna indit. 61  Tapi, Maryam Magdaléna jeung Maryam nu hiji deui caricing di dinya, diuk di hareupeun makam. 62  Ieu kabéh kajadianana dina poé Persiapan Sabat. Isukanana, imam-imam kapala jeung urang Farisi babarengan ngadatangan Pilatus. 63  Maranéhna ngomong, ”Pa, urang inget, basa hirup kénéh tukang tipu éta pernah ngomong, ’Sanggeus tilu poé, urang bakal hirup deui.’ 64  Jadi, paréntahkeun supaya makamna dijaga nepi ka poé nu katilu, bisi murid-muridna datang jeung nyokot jasadna tuluy ngomong ka jalma-jalma, ’Manéhna geus hirup deui!’ Mun kitu, kabohongan nu ieu bakal leuwih parah tibatan nu saacanna.” 65  Pilatus ngomong, ”Pék bawa sababaraha prajurit sina ngajagaan makamna sing aman.” 66  Maranéhna indit, tuluy makam Isa téh diamankeun, batu tutup lawangna diségel, jeung di dinya ditempatkeun nu jaga.

Catetan Tambihan

As. ”getih”.
As. ”jam nu kagenep [sanggeus meleték panonpoé]”.
As. ”jam nu kasalapan [sanggeus meleték panonpoé]”.
Sajinis kembang karang laut.
As. ”masrahkeun rohna”.
As. ”saré”.