Nu Ditulis ku Lukas 14:1-35

  • Lalaki nu bareuh dicageurkeun dina poé Sabat (1-6)

  • Kudu jadi tamu nu rendah haté (7-11)

  • Ngondang jalma nu teu bisa mulang tarima (12-14)

  • Ibarat ngeunaan para tamu nu laloba alesan (15-24)

  • Ngitung biaya jadi murid (25-33)

  • Uyah nu teu asin deui (34, 35)

14  Dina hiji poé Sabat, Isa datang ka imahna pamingpin urang Farisi jeung dahar di dinya. Jalma-jalma di dinya pada ngawaskeun Isa.  Di hareupeun Isa aya lalaki nu suku jeung leungeunna barareuh.*  Jadi, Isa nanya ka urang Farisi jeung guru-guru Torét, ”Meunang teu nyageurkeun jalma dina poé Sabat?”  Maranéhna teu ngajawab. Terus, lalaki éta ku Isa dicabak, dicageurkeun, jeung dititah indit.  Isa gé ngomong ka maranéhna, ”Mun budak atawa sapi maranéh tigebrus kana sumur dina poé Sabat, ku maranéh moal langsung dikaluarkeun, kitu?”  Maranéhna teu bisaeun ngajawab.  Waktu ningali tamu-tamu milih diukna téh di tempat keur jalma-jalma penting, Isa nyaritakeun hiji ibarat ka maranéhna,  ”Lamun manéh diondang ka hajat kawinan, ulah diuk di tempat keur jalma-jalma penting, bisi aya jalma nu leuwih penting ti manéh nu diondang ogé.  Engké nu boga hajat nyampeurkeun jeung ngomong, ’Tempat ieu keur anjeunna.’ Bari éra, manéh kudu pindah ka tempat nu pangtukangna. 10  Jadi lamun manéh diondang, pilih tempat nu pangtukangna jeung diuk di dinya. Engké lamun nu boga hajat nyampeurkeun, manéhna bakal ngomong, ’Lur, pindah ka hareup.’ Ku kituna, manéh bakal dihormat di hareupeun kabéh tamu. 11  Sabab saha waé nu munjulkeun diri bakal direndahkeun, jeung saha waé nu ngahandapkeun diri bakal dipunjulkeun.” 12  Geus kitu, Isa ngomong ka nu ngondang manéhna, ”Lamun manéh ngondang dahar, beurang atawa peuting, ulah ngondang babaturan, dulur, baraya, atawa tatangga nu beunghar, sabab maranéhna bisa ngondang deui manéh lantaran hayang mulang tarima. 13  Tapi lamun rék hajatan, ondang nu miskin, nu cacad, nu pincang, jeung nu lolong. 14  Jadi, manéh bakal bagja, sabab maranéhna teu boga nanaon keur mulang tarima. Babalesna bakal katarima ku manéh waktu jalma-jalma bener dihirupkeun deui.” 15  Ngadéngé kitu, salah saurang tamu ngomong kieu ka manéhna, ”Bagja jalma nu dahar* dina Pamaréntahan Allah.” 16  Isa ngomong ka manéhna, ”Aya lalaki nu nyieun hajat gedé, jeung nu diondangna téh loba. 17  Waktu hajatna rék dimimitian, manéhna nitah palayanna ngomong ka para ondangan, ’Hayu datang, sagalana geus siap.’ 18  Tapi, kabéhanana laloba alesan, nu hiji ngomong, ’Urang kakara meuli lahan, kudu ditempoan. Punten nya, moal bisa datang.’ 19  Nu séjénna deui ngomong, ’Urang kakara meuli lima pasang sapi, rék dipariksa heula. Punten nya, moal bisa datang.’ 20  Aya ogé nu ngomong, ’Urang kakara kawin, jadi moal bisa datang.’ 21  Ku kituna, palayanna balik jeung ngalapor ka dununganana. Dununganana ambek jeung nitah palayanna, ’Gancang indit ka jalan-jalan jeung gang-gang di kota. Bawaan ka dieu nu miskin, nu cacad, nu lolong, jeung nu pincang.’ 22  Ka dieunakeun, palayan éta ngomong, ’Dunungan, paréntah téh geus dilaksanakeun, tapi aya kénéh tempat nu kosong.’ 23  Jadi, dununganana ngomong ka manéhna, ’Geus indit wéh ka jalan-jalan jeung gang-gang di luar kota. Desek maranéhna sina datang ngarah imah urang pinuh. 24  Urang ngabéjaan, para tamu nu diondang saacanna, moal aya nu ngasaan dahareun dina hajat urang.’” 25  Waktu loba pisan jalma naluturkeun, Isa malik jeung ngomong ka maranéhna, 26  ”Jalma nu datang ka urang tapi leuwih nyaah* ka bapana, indungna, pamajikanana, budakna, adi lanceukna, malahan hirupna sorangan, moal bisa jadi murid urang. 27  Saha waé nu teu manggul tihang siksaanana* jeung teu nuturkeun urang, moal bisa jadi murid urang. 28  Misalna, lamun ti antara maranéh aya nu rék ngabangun munara, tangtu bakal diuk jeung ngitung-ngitung heula biayana, mahi teu nepi ka bérés. 29  Lamun henteu, manéhna ngan bisa nyieun pondasi hungkul, moal nepi ka anggeus. Engké nu narempokeun téh bakal moyokan manéhna, 30  cenah, ’Ieu jelema ngabangun téh ngan bisa ngamimitian, teu bisa nganggeuskeun.’ 31  Atawa, lamun saurang raja rék merangan raja séjén, tangtu manéhna diuk heula jeung ménta naséhat, ngarah nyaho sanggup henteuna ku 10.000 prajurit manéhna ngalawan raja nu boga 20.000 prajurit. 32  Lamun kataksir teu sanggupeun, manéhna tangtu ngirim sakelompok utusan ka raja lawan ngajak badami sangkan ulah jadi perang, meungpeung lawanna jauh kénéh. 33  Ku kituna inget, maranéh moal bisa jadi murid urang lamun teu iklas ninggalkeun kabéh harta banda maranéh. 34  ”Uyah téh mémang alus, tapi lamun uyahna geus teu asin deui, kumaha diasinkeunana? 35  Keur taneuh moal alus, keur pupuk nya kitu kénéh, paling gé dipiceun. Nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener.”

Catetan Tambihan

Atawa ”édéma”, panyakit lantaran kaleuwihan cairan dina awak.
As. ”dahar roti”.
As. ”teu ngéwa”. Kecap ”ngéwa” maksudna ”teu pati nyaah”.