Kisah Para Rasul 24:1-27

  • Dakwaan ka Paulus (1-9)

  • Paulus ngabéla diri di hareupeun Féliks (10-21)

  • Kasus Paulus diantep nepi ka dua taun (22-27)

24  Lima poé ti harita, Imam Agung Ananias datang bareng jeung sababaraha pamingpin, sarta saurang pangacara nu ngaranna Tértulus. Maranéhna datang ka gubernur rék ngadakwa Paulus.  Waktu digeroan, Tértulus mulai ngadakwa kieu ngeunaan Paulus, ”Ku lantaran Bapa, abdi sadaya hirup tengtrem, jeung ku lantaran kabijaksanaan Bapa, ayeuna bangsa ieu aya kamajuan.  Anu Mulya Féliks, iraha waé jeung di mana waé, éta sadaya katampi pisan. Abdi sadaya kacida nganuhunkeunana.  Tapi supaya waktu Bapa teu seueur kaganggu, mugia Bapa kersa ngadangukeun abdi sakedap.  Geus jelas jalma ieu téh tukang nyieun masalah.* Manéhna ngahasud urang Yahudi saalam dunya sina barontak, jeung jadi gegedugna aliran urang Nazarét.  Manéhna gé rék nganajiskeun bait, jadi ku abdi sadaya ditéwak.  *——  Lamun manéhna dipariksa ku Bapa, Bapa bakal terang sadaya dakwaan ieu téh bener.”  Ngadéngé kitu, urang Yahudi milu ngadakwa jeung ngaenyakeun yén éta kabéh téh bener. 10  Waktu gubernur ngunggeuk ka Paulus sina ngomong, Paulus ngajawab, ”Lantaran apal Bapa téh geus mangtaun-taun jadi hakim bangsa ieu, abdi moal asa-asa ngabéla diri. 11  Ku Bapa tangtu bisa dipastikeun, kira-kira 12 poé ka tukang, abdi indit ka Yérusalém rék ibadah. 12  Maranéhna teu pernah ningali abdi paséa jeung sasaha di bait. Abdi gé teu nyieun karusuhan boh di tempat ibadah boh di tempat séjén di kota. 13  Maranéhna gé moal bisa ngabuktikeun naon nu ayeuna didakwakeun ka abdi. 14  Tapi abdi teu mungkir, abdi mémang ngajalankeun palayanan suci ka Allah karuhun abdi, sajalan jeung naon nu disebut ’aliran’ ku maranéhna, lantaran abdi percaya kana sagala nu ditulis dina Torét jeung Kitab Para Nabi. 15  Abdi gé boga harepan ka Allah, harepan nu diarep-arep ogé ku jalma-jalma ieu yén nu maot bakal dihirupkeun deui, boh jalma bener boh jalma teu bener. 16  Ku kituna, abdi sakuat tanaga ngajaga haté sanubari abdi tetep bersih* di hareupeun Allah jeung manusa. 17  Sanggeus mangtaun-taun, abdi balik deui ka Yérusalém rék méré sidekah ka bangsa abdi jeung rék méré kurban. 18  Basa keur nguruskeun hal-hal ieu, maranéhna ningali abdi ngajalankeun upacara nyucikeun diri di bait, tapi da lobaan henteu, nyieun kaributan gé henteu. Harita, di ditu gé aya urang Yahudi ti Propinsi Asia. 19  Kedahna mah maranéhna aya di dieu pikeun ngadakwa abdi, mun mémang maranéhna boga masalah jeung abdi. 20  Atawa nu araya di dieu sina ngajelaskeun naon kasalahan abdi basa abdi dipariksa di hareupeun Sanhédrin, 21  paling gé sual ieu, basa abdi ngomong kieu di hareupeun maranéhna, ’Kuring ayeuna dihakiman di hareupeun aranjeun téh pédah percaya nu maot bakal dihirupkeun deui!’” 22  Tapi lantaran apal loba hal ngeunaan Jalan Juragan, Féliks mungkas sidang éta. Ceuk manéhna, ”Engké mun Komandan Lisias datang, perkara maranéh ku urang diputuskeun.” 23  Terus manéhna nitah perwira supaya Paulus tetep ditahan tapi dibéré kalonggaran, jeung babaturan Paulus diidinan ngurus kaperluanana. 24  Sababaraha poé ti harita, Féliks datang bareng jeung Drusila, pamajikanana, urang Yahudi. Manéhna nitah Paulus ngadep sina nyarita sual kapercayaan ka Isa Al-Masih.* 25  Tapi basa Paulus nyarita sual laku lampah nu bener, sual nahan napsu, jeung sual pangadilan dina mangsa ka hareup, Féliks sieuneun terus némbalan, ”Geus balik heula ayeuna mah. Engké mun aya waktu, ku urang digeroan deui.” 26  Tapi sabenerna, manéhna gé ngarep-ngarep dibéré duit ku Paulus, anu matak Paulus sering digeroan jeung diajak ngobrol ku manéhna. 27  Dua taun ti harita, Féliks diganti ku Porkius Féstus. Tapi lantaran Féliks hayang dipikaresep ku urang Yahudi, Paulus diantep dina tahanan.

Catetan Tambihan

As. ”wabah”.
Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.
Atawa ”taya cacadna”.
As. ”Al-Masih Isa”.