Kisah Para Rasul 15:1-41

  • Débat ngeunaan sunat di Antiokhia (1, 2)

  • Masalah ieu dibawa ka Yérusalém (3-5)

  • Para rasul jeung kokolot karumpul (6-21)

  • Surat ti badan pingpinan (22-29)

  • Surat éta negerkeun sidang-sidang (30-35)

  • Paulus jeung Barnabas papisah (36-41)

15  Sababaraha urang ti Yudéa datang jeung ngajar kieu ka dulur-dulur, ”Lamun maranéh teu disunat sakumaha nu ditulis dina Hukum Musa, maranéh moal salamet.”  Tapi, hal éta dibantah pisan ku Paulus jeung Barnabas nepi ka maranéhna débat. Jadi diatur sangkan Paulus, Barnabas, jeung sababaraha sadérék indit ka Yérusalém pikeun nanyakeun masalah* ieu ka para rasul jeung para kokolot.  Maranéhna dianteur ku sidang jamaah nepi ka sabagian perjalanan. Tuluy maranéhna neruskeun perjalanan liwat Fénisia jeung Samaria. Di dinya, maranéhna nyaritakeun rincianana kumaha jalma-jalma ti bangsa séjén jadi nyarembah ka Allah. Ngadéngé kitu, kabéh dulur kacida bungahna.  Pas nepi di Yérusalém, maranéhna disambut ku sidang jamaah, para rasul, jeung para kokolot. Geus kitu, maranéhna nyaritakeun kumaha Allah ngagunakeun maranéhna pikeun ngalakukeun loba hal.  Tapi sababaraha murid Isa nu baheulana ti golongan Farisi cengkat tuluy ngomong, ”Maranéhna kudu disunatan jeung dititah sina taat kana Hukum Musa.”  Jadi, para rasul jeung para kokolot kumpul pikeun ngabahas masalah éta.  Sanggeus lila ngabahas jeung euweuh tungtungna, Pétrus cengkat jeung ngomong, ”Dulur-dulur, aranjeun apal urang téh geus dipilih ku Allah ti antara aranjeun pikeun nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma ti bangsa séjén supaya maranéhna gé percaya.  Allah, nu apal kana eusi haté, nunjukkeun yén Anjeunna narima maranéhna ku cara masihan kawasa suci ka maranéhna sakumaha ka urang saréréa.  Anjeunna sama sakali teu ngabéda-bédakeun urang-urang jeung maranéhna. Maranéhna gé ku Anjeunna dimurnikeun haténa lantaran boga iman. 10  Jadi, ku naon aranjeun ayeuna bet ngadoja Allah ku cara méré beban nu beurat ka murid-murid éta, padahal urang kabéh jeung karuhun urang gé teu sanggup nanggungna? 11  Urang kabéh boga iman yén urang bisa disalametkeun téh lantaran welas asih Juragan Isa nu taya bandingna.* Maranéhna gé disalametkeunana téh siga kitu.” 12  Jep kabéhanana jempé. Maranéhna tuluy ngadéngékeun carita Barnabas jeung Paulus ngeunaan Allah nu ngagunakeun maranéhna pikeun nyieun loba tanda jeung mujijat di antara bangsa-bangsa. 13  Sanggeus maranéhna bérés nyarita, Yakobus némbalan, ”Dulur-dulur, déngékeun urang. 14  Siméon* geus ngajéntrékeun kumaha Allah mimitina merhatikeun bangsa-bangsa supaya bisa milih sababaraha ti antara maranéhna pikeun jadi umat nu nyandang ngaran-Na. 15  Ieu cocog jeung nu ditulis dina Kitab Para Nabi, nyaéta, 16  ’Geus kitu, Kuring bakal balik deui jeung ngadegkeun deui kémah* Daud nu geus runtuh. Ruruntuhanana ku Kuring rék dioméan jeung dibangun deui, 17  supaya jalma-jalma nu nyésa ti umat ieu bisa bener-bener néangan Yéhuwa, bareng jeung jalma-jalma ti sagala bangsa nu nyandang ngaran Kuring, ceuk Yéhuwa, nu ngawujudkeun hal-hal ieu, 18  nu geus ditangtukeun ti baheula.’ 19  Ku kituna, urang mutuskeun* ulah nyusahkeun jalma-jalma ti bangsa séjén nu hayang nyembah ka Allah, 20  mending urang suratan maranéhna supaya ngajauhan sagala rupa nu aya pakaitna jeung berhala, lampah cabul,* sato nu paéhna dicekék,* jeung getih. 21  Ti jaman baheula, aya jalma-jalma nu ngawawar ngeunaan Musa di saban kota, sabab tulisan manéhna dibacakeun di tempat-tempat ibadah unggal poé Sabat.” 22  Geus kitu, para rasul, para kokolot, jeung sakabéh sidang jamaah, mutuskeun rék ngirim utusan nu dipilih ti antara maranéhna pikeun indit ka Antiokhia bareng jeung Paulus sarta Barnabas. Nu dipilih téh nyaéta Yudas nu disebut Barsabas jeung Silas, priya-priya nu mingpin dulur-dulur. 23  Maranéhna mawa surat nu eusina: ”Ti dulur-dulur aranjeun, para rasul jeung para kokolot. Kahatur dulur-dulur nu aya di Antiokhia, Siria, jeung Kilikia nu asalna ti bangsa-bangsa séjén: Salam! 24  Urang-urang ngadéngé aya sababaraha jalma ti dieu nu ngadatangan aranjeun jeung nyusahkeun haté aranjeun ku omonganana, niatna téh supaya aranjeun bingung. Tapi éta mah lain pituduh ti urang-urang. 25  Jadi, urang kabéh geus mupakat pikeun milih sababaraha jalma nu diutus ka aranjeun bareng jeung Barnabas sarta Paulus nu dipikanyaah. 26  Duanana réla masrahkeun hirupna demi ngaran Juragan urang Isa Al-Masih. 27  Ku kituna, urang-urang gé ngutus Yudas jeung Silas, supaya bisa nyaritakeun hal-hal nu ditulis dina surat ieu. 28  Ku bantuan kawasa suci, urang-urang nyimpulkeun moal nambahan beban aranjeun, salian ti hal-hal nu penting ieu: 29  Kudu terus ngajauhan sagala rupa nu dikorbankeun ka berhala, getih, sato nu paéhna dicekék,* jeung lampah cabul.* Lamun aranjeun bener-bener ngajauhan hal-hal éta, kaayaan aranjeun bakal hadé. Mugia saréhat sadayana!”* 30  Geus kitu, para utusan indit ka Antiokhia jeung ngumpulkeun sakabéh murid tuluy mikeun suratna. 31  Sanggeus suratna dibaca, maranéhna bungah jeung ngarasa ditegerkeun. 32  Yudas jeung Silas, lantaran duanana ogé nabi, sering hutbah pikeun negerkeun jeung nguatkeun dulur-dulur. 33  Maranéhna cicing di dinya sababaraha lila. Waktu maranéhna rék balik, dulur-dulur miharep maranéhna salamet mulang deui ka nu ngutusna. 34  *—— 35  Ari Paulus jeung Barnabas mah cicing di Antiokhia. Bareng jeung loba dulur séjén, maranéhna ngajarkeun jeung ngawawarkeun warta hadé ngeunaan firman Yéhuwa. 36  Sanggeus sababaraha poé, Paulus ngomong ka Barnabas, ”Hayu urang datangan deui dulur-dulur di unggal kota nu geus diwawaran firman Yéhuwa ku urang. Urang tingali kaayaan maranéhna.” 37  Barnabas keukeuh hayang mawa Yahya, nu disebut Markus. 38  Tapi, Paulus teu resepeun lamun Markus diajak, sabab manéhna pernah ninggalkeun maranéhna di Pamfilia jeung teu milu digawé babarengan. 39  Ku kituna, maranéhna ribut gedé, tungtungna jadi papisah. Barnabas ngajak Markus balayar ka Siprus. 40  Ari Paulus milih Silas, tuluy indit sanggeus didoakeun ku dulur-dulur supaya Yéhuwa némbongkeun welas asih nu taya bandingna* ka Paulus. 41  Manéhna indit ka Siria jeung Kilikia pikeun nguatkeun sidang-sidang jamaah di dinya.

Catetan Tambihan

Atawa ”hal nu didébatkeun”.
Ngaran séjénna Pétrus.
Atawa ”saung; imah”.
Atawa ”ceuk urang mah”.
Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”sato nu dipaéhan tapi getihna teu dikucurkeun”.
Atawa ”sato nu dipaéhan tapi getihna teu dikucurkeun”.
Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Wilujeng patepang deui”.
Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.