1 Yahya 5:1-21

  • Iman ka Isa nalukkeun dunya (1-12)

    • Hartina nyaah ka Allah (3)

  • Yakin doa bakal didéngékeun (13-17)

  • Waspada di dunya nu jahat (18-21)

    • Sakuliah dunya dikawasaan ku si jahat (19)

5  Unggal jalma nu percaya Isa téh Al-Masih, jalma éta anak Allah, jeung unggal jalma nu nyaah ka Bapa, nyaah ogé ka anak-Na.  Urang nyaho urang téh nyaah ka anak-anak Allah lamun urang nyaah ka Allah jeung nurut kana paréntah-paréntah-Na.  Nyaah ka Allah téh hartina ngajalankeun paréntah-paréntah-Na. Sanajan kitu, paréntah-paréntah-Na henteu beurat,  sabab kabéh anak Allah nalukkeun dunya. Urang bisa nalukkeun dunya téh ku lantaran iman urang.  Saha nu bisa nalukkeun dunya, lainna jalma nu boga iman yén Isa téh Putra Allah?  Isa Al-Masih datang téh ku cai jeung getih, lain ku cai hungkul, tapi ku cai jeung getih. Kawasa suci gé méré kasaksian ngeunaan hal ieu, sabab kawasa suci téh nyingkabkeun bebeneran.*  Aya tilu nu méré kasaksian ngeunaan hal ieu:  kawasa suci, cai, jeung getih. Tiluanana méré kasaksian nu sarua.  Lamun kasaksian ti jelema waé urang percaya, komo deui kasaksian ti Allah nu leuwih unggul, sabab Allah sorangan méré kasaksian ngeunaan Putra-Na. 10  Jalma nu boga iman ka Putra Allah geus narima kasaksian Allah dina haténa. Jalma nu teu boga iman kana kasaksian Allah ngeunaan Putra-Na, sarua wéh jeung teu boga iman ka Allah sarta nganggap Anjeunna téh tukang bohong. 11  Ieu kasaksianana téh: Allah méré kahirupan langgeng ka urang. Urang bisa meunangkeunana ku jalan Putra-Na. 12  Jalma nu narima Putra meunangkeun kahirupan éta, tapi jalma nu teu narima Putra Allah moal meunangkeun kahirupan éta. 13  Kuring nulis hal-hal ieu ka aranjeun nu boga iman ka ngaran Putra Allah téh supaya aranjeun apal aranjeun boga harepan hirup langgeng. 14  Urang gé yakin kana hal ieu:* Sagala hal nu dipénta ku urang nu sajalan jeung kahayang Allah bakal didéngékeun ku Anjeunna. 15  Lamun urang apal Anjeunna ngadéngékeun paménta urang, urang apal urang bakal narima naon nu dipénta ku urang lantaran urang geus ménta ka Anjeunna. 16  Lamun aya jalma nu nempo dulurna nyieun dosa tapi lain dosa nu matak paéh, jalma éta kudu ngadoakeun manéhna jeung Allah bakal méré kahirupan ka manéhna. Ieu téh keur jalma-jalma nu dosana teu matak paéh. Tapi, aya dosa nu matak paéh. Tah, kuring henteu ménta sasaha ngadoakeun jalma nu dosana siga kitu. 17  Kabéh laku lampah nu salah téh dosa, tapi aya dosa nu teu matak paéh. 18  Urang apal yén kabéh anak Allah henteu teterusan nyieun dosa. Lantaran maranéhna dijaga ku Putra Allah, si jahat* moal bisa nanaon ka* maranéhna. 19  Urang apal urang téh asalna ti Allah, tapi sakuliah dunya dikawasaan ku si jahat.* 20  Sanajan kitu, urang apal yén Putra Allah geus datang, jeung manéhna geus méré pamahaman supaya urang nyaho ka Allah nu bener. Urang gé ngahiji jeung Allah nu bener ku jalan Isa Al-Masih, Putra-Na. Tah, éta Allah nu bener jeung sumberna hirup langgeng. 21  Anaking, jauhan berhala.

Catetan Tambihan

As. ”kawasa suci téh bebeneran”.
Atawa ”Urang gé teu asa-asa ngomong ka Anjeunna”.
Maksudna, Sétan.
Atawa ”ngagenggem”.
Maksudna, Sétan.