1 Yahya 3:1-24

  • Urang téh anak-anak Allah (1-3)

  • Bédana anak Allah jeung anak Iblis (4-12)

    • Isa ngancurkeun pagawéan Iblis (8)

  • Silih pikanyaah (13-18)

  • Allah leuwih punjul tibatan haté urang (19-24)

3  Pék pikirkeun sakumaha nyaahna Bapa ka urang, nepi ka urang disebut anak-anak Allah! Da mémang urang téh anak-anak-Na. Tapi dunya teu kenal ka urang lantaran dunya teu kenal ka Anjeunna.  Dulur-dulur nu dipikanyaah, sanajan urang ayeuna geus jadi anak-anak Allah, urang teu nyaho kumaha kaayaan urang engkéna. Nu dipikanyaho ku urang mah urang bakal siga Anjeunna waktu Anjeunna némbongkeun diri, sabab urang bakal bener-bener ningali Anjeunna.  Saha waé nu ngarep-ngarep hal éta ti Anjeunna kudu nyucikeun diri, sabab Anjeunna téh suci.  Anu terus ngalampahkeun dosa téh ngalanggar hukum Allah, sabab dosa téh hartina ngalanggar hukum Allah.  Aranjeun gé apal Isa Al-Masih téh datang* pikeun mupus dosa urang, jeung teu aya dosa dina dirina.  Anu tetep ngahiji jeung manéhna moal terus ngalampahkeun dosa. Anu terus ngalampahkeun dosa mah henteu ningali manéhna atawa kenal ka manéhna.  Anaking, ulah beunang kasasabkeun ku sasaha. Jalma nu terus ngalampahkeun nu bener téh jalma bener, sakumaha Isa Al-Masih gé bener.  Jalma nu terus ngalampahkeun dosa téh anak Iblis, lantaran ti mimiti kénéh Iblis geus ngalampahkeun dosa. Putra Allah datang téh pikeun ngancurkeun pagawéan-pagawéan Iblis.  Kabéh anak Allah moal terus ngalampahkeun dosa sabab kawasa suci* Allah aya dina diri maranéhna. Maranéhna moal bisa terus ngalampahkeun dosa lantaran maranéhna téh anak-anak Allah. 10  Jadi, ieu bédana anak Allah jeung anak Iblis: Saha waé anu henteu terus ngalampahkeun nu bener jeung henteu nyaah ka dulurna, lain anak Allah. 11  Sing inget kana paréntah nu didéngé ku aranjeun ti mimiti, nyaéta aranjeun kudu silih pikanyaah, 12  tong siga Kain, anakna si jahat* nu maéhan adina. Ku naon manéhna bet maéhan adina? Lantaran kalakuan manéhna téh jahat, ari kalakuan adina mah bener. 13  Dulur-dulur, ulah héran lamun dunya ngéwa ka aranjeun. 14  Urang apal baheula téh urang saolah-olah maot, tapi ayeuna mah urang téh hirup lantaran mikanyaah dulur-dulur. Jalma nu teu mikanyaah dulurna saolah-olah masih kénéh maot. 15  Anu ngéwa ka dulurna sarua jeung maéhan. Aranjeun gé apal tukang maéhan mah moal meunangkeun hirup langgeng. 16  Urang ngarti naon kanyaah téh lantaran Isa Al-Masih geus masrahkeun nyawana keur urang, nya urang gé wajib masrahkeun nyawa keur dulur-dulur urang. 17  Lamun jalma nu keur aya dina kacukupan ningali dulurna nu keur butuh tapi teu daék némbongkeun welas asih, bisa kitu manéhna disebut nyaah ka Allah? 18  Anaking, nyaah téh ulah ngan semet biwir jeung ucap hungkul, tapi kudu nyata dina prakna jeung kudu iklas. 19  Ku cara kitu, urang bakal nyaho urang téh aya di pihak nu bener, jeung urang bakal ngayakinkeun* haté urang yén Allah nyaah ka urang 20  sanajan haté urang osok nyalahkeun urang, lantaran Allah mah leuwih punjul tibatan haté urang* jeung nyaho sagalana. 21  Dulur-dulur nu dipikanyaah, lamun haté urang teu nyalahkeun urang, urang moal asa-asa nyarita ka Allah. 22  Salian ti éta, Allah bakal méré naon waé nu dipénta ku urang lantaran urang ngajalankeun paréntah-paréntah-Na jeung ngalampahkeun naon nu dipikaresep ku Anjeunna. 23  Paréntah-Na téh nyaéta: Urang kudu boga iman ka ngaran Isa Al-Masih Putra-Na jeung kudu silih pikanyaah, sakumaha nu geus diparéntahkeun ka urang. 24  Jalma nu ngajalankeun paréntah-paréntah-Na tetep ngahiji jeung Anjeunna, sarta Anjeunna ngahiji jeung jalma éta. Ku lantaran kawasa suci Allah nu dibikeun ka urang, urang jadi nyaho yén Anjeunna tetep ngahiji jeung urang.

Catetan Tambihan

As. ”némbongkeun diri”.
As. ”binih”.
Maksudna, Iblis.
Atawa ”ngolo”.
Atawa ”Allah leuwih kenal ka urang tibatan urang sorangan”.