Pindah kana eusi

Saksi-Saksi Yéhuwa

Pilih basa Sunda

Naon Tujuan tina Maotna Nabi Isa?

Naon Tujuan tina Maotna Nabi Isa?

Jawaban Alkitab

Ku lantaran Nabi Isa maot, manusa bisa dihampura tina dosana jeung bakal boga kahirupan nu langgeng. (Rum 6:23; Epesus 1:7) Maotna Nabi Isa gé ngabuktikeun yén saurang manusa bisa satia ka Gusti sanajan ngalaman loba cocoba nu beurat.—Ibrani 4:15.

Perhatikeun kumaha maotna saurang jalma bisa méré loba mangpaat.

  1. Nabi Isa maot pikeun ”ngahampura dosa-dosa urang”.​—Kolosa 1:14.

    Adam, manusa mimiti nu diciptakeun téh sampurna jeung teu boga dosa. Tapi, manéhna malah teu taat ka Gusti. Lantaran teu taat, Adam jadi dosa. Dosana ieu mangaruhan kabéh turunanana. ”Kabeh jelema keuna ku dosa ku lantaran henteu ta’atna jelema anu saurang.”—Rum 5:19.

    Nabi Isa gé sampurna, tapi anjeunna mah teu pernah ngalakukeun dosa. Ku kituna, anjeunna bisa jadi kurban nu ngalantarankeun dosa-dosa urang dihampura. (1 Yohanes 2:2) Lantaran Adam teu taat, kabéh manusa jadi boga dosa. Kitu ogé, lantaran Nabi Isa maot, dosa kabéh jalma nu boga iman ka anjeunna bisa dihampura.

    Istilahna, Adam téh geus ngajual umat manusa kana dosa. Tapi, urang dibeuli deui ku Nabi Isa nu réla maot demi urang. Jadi, saha waé ”mun nepi ka milampah dosa, bakal dibela ku Yesus Kristus anu berbudi ka payuneun anu jumeneng Rama”.—1 Yohanes 2:1.

  2. Nabi Isa maot ”supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng”.—Yohanes 3:16.

    Adam téh diciptakeun pikeun hirup salilana, tapi dosana éta nu ngabalukarkeun manéhna maot. ”Dosa asup ka dunya ku lantaran [Adam]. Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa.”—Rum 5:12.

    Sabalikna, maotna Nabi Isa téh teu ngan saukur ngaleungitkeun dosa jalma-jalma nu boga iman ka anjeunna, tapi ogé ngaleungitkeun balukar tina dosana, nyaéta maot. Kitab Suci ngajelaskeun hal ieu, ”Sakumaha urang kapurba ku maot ku lantaran dosa, nya kitu keneh urang bakal kapurba ku sih kurnia Allah, diangken bener deui, urang teh dituyun kana hirup anu langgeng ku jalan Yesus Kristus, Gusti urang.”—Rum 5:21.

    Mémang, ayeuna mah kabéh manusa bakal maot, teu aya nu bisa hirup salilana. Tapi, Gusti jangji yén Mantenna bakal masihan hirup langgeng ka jalma-jalma nu taat. Gusti gé jangji bakal ngahirupkeun deui nu geus maraot supaya maranéhna ogé bisa ngarasakeun mangpaat tina pangorbanan Nabi Isa.—Jabur 37:29; 1 Korinta 15:22.

  3. Nabi Isa ”tumut ka Allah nepi ka pupus”. Ieu bukti yén saurang manusa bisa satia ka Gusti sanajan nyanghareupan cocoba nu beurat.—Pilipi 2:8.

    Sanajan boga awak jeung pikiran nu sampurna, Adam teu taat ka Gusti lantaran manéhna mentingkeun diri. Adam mikahayang hal nu lain milikna. (Kajadian 2:16, 17; 3:6) Sanggeus kitu, musuh Gusti, nyaéta Sétan, nuduh yén moal aya manusa nu bener-bener réla taat ka Gusti, lamun teu dibéré berkah. (Ayub 2:4) Tapi Nabi Isa, saurang manusa nu sampurna, tetep taat jeung satia ka Gusti sanajan dihina sarta disiksa nepi ka maot. (Ibrani 7:26) Anjeunna ngajawab tuduhan Sétan: Saurang manusa bisa tetep satia ka Gusti, teu sual cocoba atawa gogoda naon waé nu keur disanghareupan.

Pananya ngeunaan maotna Nabi Isa

  • Ku naon Nabi Isa nepi ka kudu sangsara jeung maot demi nebus umat manusa? Ku naon Gusti teu ngabatalkeun hukuman maot?

    Hukum ti Gusti nyebutkeun yén ”upahna dosa teh maot”. (Rum 6:23) Gusti geus ngajelaskeun hukum ieu ka Adam. Mantenna geus méré nyaho Adam yén lamun teu taat, Adam bakal maot. (Kajadian 3:3) Jadi waktu Adam ngalakukeun dosa, Gusti nu ”tara jalir tina jangji”, nyepeng kekecapana-Na. (Titus 1:2) Ahirna, Adam ngawariskeun dosa jeung upahna, nyaéta maot, ka kabéh turunanana.

    Sanajan manusa nu dosa pantes narima hukuman pati, ”kajembaranana sih kurnia” Gusti téh luar biasa. (Epesus 1:7, SF) Demi nebus umat manusa, Gusti ngutus Nabi Isa pikeun jadi kurban anu sampurna. Ieu némbongkeun yén Gusti téh kacida adilna jeung welas asih.

  • Iraha Nabi Isa maot?

    Nabi Isa maot ”dina pukul tilu” soré dina poé Paska urang Yahudi. (Markus 15:33-37) Dina kalénder modéren, éta téh poé Jumaah tanggal 1 April 33 M.

  • Di mana Nabi Isa maot?

    Nabi Isa dihukum pati di ”’Tempat Tangkorek’. (Dina basa Ibrani disebutna ”Golgota”.)” (Yohanes 19:17, 18) Harita, tempat ieu téh aya di luareun kota Yérusalém. (Ibrani 13:12) Bisa jadi ieu téh di luhureun bukit sabab Kitab Suci nyebutkeun yén sababaraha jalma nu ”rada anggang ti dinya” ningali Nabi Isa dihukum pati. (Markus 15:40) Tapi ayeuna, teu aya nu bisa nangtukeun di mana pastina Golgota téh.

  • Kumaha Nabi Isa maot?

    Loba nu percaya yén anjeunna téh maot ku cara dipakukeun dina salib, tapi Kitab Suci nyebutkeun, ”Anjeunna anu nandangan panyapana, jadi gaganti urang. . . . Anu dihukum gantung dina tihang kai.” (Galata 3:13) Jalma-jalma nu nulis Kitab Suci ngagunakeun dua kecap Yunani pikeun ngamaksudkeun alat nu dipaké, nyaéta stauros jeung xylon. Loba ahli nyimpulkeun yén kecap-kecap ieu ngamaksudkeun balok atawa hiji tihang nu nangtung ajeg nu dijieun tina sapotong kai.

  • Kumaha cara nu bener pikeun miéling maotna Nabi Isa?

    Dina peuting Paska taunan Yahudi, Nabi Isa ngayakeun acara saderhana jeung para rasulna. Nabi Isa nitah maranéhna, ”Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami.” (1 Korinta 11:24) Sababaraha jam ti harita, Nabi Isa dihukum pati.

    Jalma-jalma nu nulis Kitab Suci nyaruakeun Nabi Isa jeung domba nu dikurbankeun dina Poé Paska. (1 Korinta 5:7) Poé Paska ngingetan urang Israil yén maranéhna geus dibébaskeun tina pangbudakan. Kitu ogé, Pangéling-ngéling pupusna Nabi Isa ngingetkeun urang Kristen yén maranéhna geus dibébaskeun tina dosa jeung maot. Poé Paska téh dirayakeun sataun sakali dina tanggal 14 Nisan numutkeun kalénder kamariah. Jadi, katingalina urang Kristen abad kahiji gé miéling pupusna Nabi Isa sataun sakali.

    Unggal taun, dina tanggal nu sarua jeung 14 Nisan jaman baheula, jutaan jalma di sakuliah dunya miéling pupusna Nabi Isa.