Jawaban Alkitab

Imamat 19:28, ”Teu meunang ngukir awak, dicocogan.” Ieu téh hiji-hijina ayat nu nyebutkeun ngeunaan ngukir awak atawa nyieun tato. Allah masihan paréntah ieu ka bangsa Israil supaya maranéhna béda ti jalma-jalma di sabudeureunana nu nyieun tanda dina kulit maké ngaran atawa lambang déwana. (Pamindo 14:2) Sanajan Hukum Torét téh keur bangsa Israil lain keur urang Kristen, prinsip-prinsip tina hukum ieu kudu dipikirkeun bener-bener.

Naha urang Kristen meunang ditato?

Pék pikirkeun ayat-ayat Alkitab ieu:

  • ”Mun awewe, kudu hade pake, . . . ulah kaleuleuwihi.” (1 Timoteus 2:9) Prinsip ieu téh keur awéwé jeung lalaki. Urang kudu mikirkeun parasaan batur jeung ulah nepi ka jadi pusat perhatian.

  • Aya nu ditato pikeun némbongkeun jati diri atawa kabébasan. Aya ogé nu hayang nunjukkeun yén awakna bébas dikumaha-kumahakeun. Tapi, Alkitab ngajurung urang Kristen, ”Sanggakeun awak jeung hirup maranéh sabagé kurban nu suci, nu kamanah ku Allah. Gunakeun pikiran maranéh dina ngalampahkeun dines suci.” (Rum 12:1, Terjemahan Dunia Baru) Gunakeun ”pikiran” Sadérék pikeun mariksa ku naon Sadérék hayang ditato. Naha éta téh lantaran keur usum atawa rék némbongkeun yén Sadérék téh anggota hiji kelompok? Mun kitu, inget yén kahayang éta téh gancang leungit, tapi tato mah hésé dipupusna. Ku cara mariksa alesan Sadérék hayang ditato, Sadérék bisa nyieun putusan nu bijaksana.—Siloka 4:7.

  • ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.” (Siloka 21:5) Nyieun putusan rék ditato téh biasana sok gurunggusuh. Tapi, pangaruhna kana hubungan urang jeung batur atawa pagawéan bisa lila. Salian ti éta, mupus tato téh nyeri jeung mahal. Hasil risét jeung lobana bisnis mupus tato némbongkeun yén loba jalma nu ditato téh tungtungna mah kaduhung.