Pindah kana eusi

Naha Iblis nu Nyababkeun Sakabéh Kasangsaraan?

Naha Iblis nu Nyababkeun Sakabéh Kasangsaraan?

Jawaban Alkitab

 Alkitab nyingkabkeun yén Sétan si Iblis téh pribadi nu nyata. Siga gegedug penjahat, manéhna ngagunakeun ”rupa-rupa kaahengan” jeung ”tipu daya” pikeun nyumponan sagala kahayangna. Malah ceuk Alkitab, manéhna teterusan ”nyamur jadi malaikatna caang”. (2 Tesalonika 2:9, 10; 2 Korinta 11:14) Urang bisa ningali bukti yén si Iblis téh aya tina karuksakan nu dijieun ku manéhna.

 Tapi, lain Iblis nu nyababkeun sagala kasangsaraan. Naon maksudna? Ku Allah, manusa téh dibéré kabébasan pikeun milih rék ngalakukeun nu bener atawa nu salah. (Yosua 24:15) Lamun urang nyieun pilihan nu goréng, urang bakal ngarasakeun sorangan balukarna.—Galata 6:7, 8.