• Lahir Taun: 1978

  • Nagri Asal: El Salvador

  • Kasang Tukang: Anggota Géng nu Kejem

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

”Mun manéh bener-bener hayang diajar ngeunaan Allah, pék terus diajar jeung Saksi-Saksi Yéhuwa.” Abdi reuwas ngadéngéna. Harita, abdi téh keur diajar jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Ku naon abdi bisa reuwas kitu? Kieu pangalaman hirup abdi.

Abdi lahir di Quezaltepeque, hiji kota di El Salvador. Abdi budak ka-6 ti 15 barudak. Kolot ngajarkeun supaya abdi jujur jeung taat hukum. Harita, Leonardo jeung Saksi Yéhuwa séjénna sok datang ka imah pikeun ngajarkeun Alkitab ka kulawarga abdi. Tapi abdi mah teu paduli, abdi malah ngalakukeun hal-hal goréng. Pas umur 14, abdi nyobaan nginum alkohol sarta maké narkoba jeung babaturan sakola. Hiji-hiji, babaturan abdi kaluar sakola terus ngagabung jeung géng. Abdi gé nuturkeun maranéhna. Urang kabéh sering aya di jalanan, urang osok malak jeung maok pikeun meuli alkohol jeung narkoba.

Géng téh jadi kulawarga abdi. Abdi ngarasa wajib satia ka maranéhna. Sakali waktu, hiji babaturan géng nu keur kapangaruhan narkoba neunggeul tatangga abdi. Maranéhna gelut, tapi babaturan abdi éléh. Tatangga abdi langsung nelepon pulisi. Saking ambekna, abdi ngaruksak mobilna ku pepentung supaya babaturan abdi dileupaskeun. Ku abdi, mobilna diruksak parah, jandéla-jandéla mobilna dipeupeuskeun. Ningali kitu, tatangga abdi melas-melis supaya abdi eureun, tapi ku abdi teu didéngékeun.

Waktu abdi umur 18, géng abdi gelut jeung pulisi. Pas abdi rék ngalungkeun bom, bomna kaburu meledug, teuing ku naon. Abdi ngan inget leungeun abdi ancur, tuluy abdi kapaéhan. Hudang-hudang téh abdi geus aya di rumah sakit, leungeun katuhu geus buntung, ceuli katuhu teu bisa ngadéngé, panon nu katuhu gé ampir lolong.

Sanajan geus cilaka, abdi can kapok kénéh. Abdi balik deui ka géng. Tapi teu lila, abdi ditéwak ku pulisi tuluy dijebloskeun ka panjara. Di ditu, abdi kalah ka jadi leuwih raket jeung anggota géng. Rék nanaon gé, urang babarengan terus. Ti isuk mimiti dahar nepi ka saré, urang babarengan. Nyobaan nyeuseup ganja gé babarengan.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

Waktu di panjara, Leonardo ngalongok abdi. Pas keur ngobrol, manéhna ningali tato di leungeun katuhu abdi. Manéhna nanya, ”Nyaho teu naon harti tilu tato éta?” Abdi ngajawab, ”Nyaho atuh. Ieu téh séks, narkoba, jeung rock and roll.” Tapi manéhna ngomong, ”Ceuk abdi mah éta téh hartina rumah sakit, bui, jeung maot. Manéh geus pernah dirawat di rumah sakit, terus ayeuna aya di bui. Nyaho pan engké tungtungna bakal ka mana?”

Omongan Leonardo mani nanceb kana haté abdi. Bener manéhna téh. Mun hirup cara kieu terus, abdi siga keur ngali kuburan sorangan. Leonardo nawarkeun palajaran Alkitab, ku abdi ditarima. Pangajaran Alkitab ngajurung abdi ngarobah kahirupan. Misalna, Alkitab ngajelaskeun, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.” (1 Korinta 15:33) Jadi, nu mimiti kudu dilakukeun nyaéta néangan babaturan anyar. Ku kituna, abdi teu milu ngumpul deui jeung géng. Tapi ayeuna mah milu ka pakumpulan nu diayakeun Saksi-Saksi Yéhuwa di panjara. Di ditu, abdi panggih jeung saurang tahanan nu ngaranna Andrés. Manéhna geus dibaptis jadi Saksi Yéhuwa di panjara. Andrés ngajak abdi dahar bareng pas isuk-isuk. Sanggeus dahar gé, abdi geus teu nyeuseup ganja deui. Sabalikna, abdi jeung Andrés ngabahas ayat-ayat Alkitab unggal isuk.

Para anggota géng engeuh yén abdi téh jadi béda. Jadi salah sahiji kapala géng ngomong yén manéhna rék ngobrol jeung abdi. Abdi téh sieun, bakal kumaha sikepna mun manéhna nyahoeun rencana abdi, sabab katingalina mustahil bisa kaluar ti géng. Ceuk manéhna, ”Mun diperhatikeun, ayeuna manéh tara kumpul-kumpul deui. Ayeuna mah manéh sok kumpul-kumpul jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéh téh rék kumaha?” Abdi ngajelaskeun yén abdi hayang terus diajar Alkitab jeung barobah. Teu disangka, manéhna ngomong yén géng bakal ngahargaan putusan abdi lamun abdi mémang bener-bener hayang jadi Saksi Yéhuwa. Manéhna gé ngomong, ”Mun manéh bener-bener hayang diajar ngeunaan Allah, pék terus diajar jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéh kudu eureun ngalakukeun nu goréng. Alus lah, ayeuna manéh geus aya di jalan nu bener. Saksi-Saksi Yéhuwa bener-bener bisa ngabantu manéh. Baheula gé pas di Amerika abdi diajar jeung Saksi, sababaraha baraya abdi gé Saksi-Saksi Yéhuwa. Ulah sieun, sok teruskeun wéh.” Abdi masih sieun, tapi abdi bungah pisan. Di jero haté, abdi nganuhunkeun pisan ka Allah Yéhuwa. Asana téh siga manuk nu dileupaskeun tina kurungna. Abdi ngarti kekecapan Yésus, ”Aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.”—Yohanes 8:32, Sunda Formal.

Tapi, sababaraha babaturan nguji abdi ku cara nawarkeun narkoba. Jujur wéh, sakapeung abdi kagoda. Tapi lila-lila, sanggeus teterusan ngadoa enya-enya, ahirna abdi ninggalkeun kabiasaan goréng éta.—Jabur 51:12, 13.

Sanggeus kaluar ti panjara, loba nu mikir abdi bakal hirup siga baheula deui. Tapi, éta téh salah. Malah abdi osok bulak-balik ka panjara pikeun ngajarkeun Alkitab ka para tahanan. Ahirna, babaturan géng percaya yén abdi geus barobah. Hanjakalna, musuh-musuh géng teu nyahoeun yén abdi geus barobah.

Sakali waktu, pas abdi jeung saurang sadérék keur ngawawar, ujug-ujug gorombolan jalma nu mawa senjata ngepung abdi duaan. Maranéhna téh musuh ti géng abdi nu baheula, nu hayang maéhan abdi. Sadérék di gigireun abdi ngajelaskeun sacara sopan tapi wani, yén abdi téh geus lain anggota géng deui. Abdi gé upaya supaya tetep tenang. Tapi abdi tetep digebugan jeung diancam teu meunang liwat ka daérah ditu deui. Sanggeusna, maranéhna nurunkeun senjata jeung ngidinan abdi duaan indit. Alkitab geus bener-bener ngarobah kahirupan abdi. Baheula mah mun dikitukeun, abdi pasti ngabales. Tapi ayeuna mah abdi nuturkeun naséhat Alkitab di 1 Tesalonika 5:15, ”Ulah aya anu ngabales goreng ku goreng, anggur usahakeun sina raresep silih hadean jeung batur jeung ka unggal jelema.”

Saprak jadi Saksi Yéhuwa, abdi ngupayakeun pikeun jadi jalma nu jujur. Nya mémang éta téh teu gampang. Tapi ku bantuan Allah Yéhuwa, naséhat Alkitab, jeung dukungan babaturan nu anyar, ahirna abdi bisa. Abdi embung pisan balik deui siga baheula.—2 Petrus 2:22.

MANGPAATNA KEUR ABDI

Baheula mah, abdi kejem jeung gedé ambek. Mun teu barobah, pasti ayeuna abdi geus paéh. Nu diajarkeun ku Alkitab téh geus ngarobah abdi. Abdi geus ninggalkeun kabiasaan goréng. Abdi geus diajar pikeun ngupayakeun karukunan jeung musuh-musuh. (Lukas 6:27) Babaturan abdi nu ayeuna gé ngabantu abdi mekarkeun sipat-sipat nu alus. (Siloka 13:20) Ayeuna abdi bagja jeung boga tujuan hirup, nyaéta ngawula Allah nu siap ngahampura sagala kasalahan abdi.—Yesaya 1:18.

Dina taun 2006, abdi miluan sakola nu diayakeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa pikeun jajaka-jajaka léngoh. Sababaraha taun sanggeusna, abdi nikah jeung wanoja nu dipikacinta ku abdi, terus boga budak awéwé. Ayeuna abdi sibuk ngajarkeun batur ngeunaan prinsip-prinsip Alkitab nu geus ngabantu abdi. Abdi gé ngalalayanan sabagé kokolot di sidang abdi sarta ngabantu barudak ngora supaya teu nyieun kasalahan siga abdi baheula. Ayeuna abdi geus teu ngali kuburan sorangan deui, tapi abdi ngawangun kahirupan nu éndah di mangsa kahareup sakumaha jangji Allah dina Alkitab.