Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Putus Ulah, Nya? (Bagian 1)

Putus Ulah, Nya? (Bagian 1)

Dina sababaraha kaayaan, putus téh aya mangpaatna. Perhatikeun conto Jill. Manéhna ngomong, ”Mimitina mah abdi téh resep mun si Akang sok hariwang, abdi keur di mana, keur naon, keur jeung saha. Tapi lila-lila, abdi asa jadi teu meunang ulin jeung sasaha salian ti manéhna. Malah manéhna timburu waktu abdi keur jeung kulawarga, komo mun keur jeung si Bapa. Waktu ahirna putus, haté téh mani asa plong pisan!”

Pangalaman Sarah gé sarua. Lila-lila manéhna sadar yén John, kabogohna téh sok ngomong kasar, sinis, jeung teu sopan. Ceuk Sarah, ”Sakali waktu, manéhna telat nepi ka tilu jam! Waktu si Mamah mukakeun panto, kalah ka teu diwaro. Terus manéhna ngomong, ’Buru ah, urang geus telat.’ Lainna ngomong ’Abdi geus telat’, tapi ’Urang geus telat.’ Sakuduna manéhna ménta maap atawa ngajelaskeun naha bet telat. Pangpangna mah, manéhna sakuduna ngahargaan si Mamah!”

Mémang, urang teu kudu langsung putus waktu ningali hiji tindakan atawa sipat nu goréng. (Jabur 130:3) Tapi waktu Sarah sadar yén sikep kasarna John téh geus jadi kabiasaan, lainna ngan sakali-kali wungkul, Sarah ahirna mutuskeun hubunganana.

Kumaha mun kaayaan anjeun sarua jeung Jill atawa Sarah? Anjeun sadar yén kabogoh anjeun téh lain calon batur hirup nu cocog. Mun kitu, ulah pura-pura euweuh nanaon! Sanajan hésé, bisa jadi putus téh pilihan nu pangalusna. Siloka 22:3 nyebutkeun, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan.”

Mémang putus téh lain hal nu gampang. Tapi, nikah téh keur saumur hirup. Leuwih mending ayeuna nyeri haté sakeudeung, ti batan kaduhung saumur hirup lantaran salah milih batur hirup!